wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH B.Sunda Kelas 6 Tema 2

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Teks anu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat disebut teks ... .

a)

deskripsi

b)

argumentasi

c)

eksposisi

d)

narasi

2.

Tujuan teks argumentasi teh nyaeta ... .

a)

anu maca bakal percaya kana eusina jeung kahudang pikeun milampah hal-hal anu saluyu jeung eusi karangan

b)

anu maca bakal ngadeskripsikeun ciri-ciri nu dimaksud dina carita

c)

anu maca bakal ngalalakonan dialog tina eusi carita

d)

anu maca bakal ngurutkeun langkah-langkah saluyu jeung eusi carita

3.

Dina karangan argumentasi, biasana katerangan-katerangan teh dibarengan ku alesan-alesan nu dumasar kana ... .

a)

carita batur

b)

carita rakyat

c)

fakta

d)

karangan

4.

Tariking nasib, kuring jadi pinunjul Pasanggiri Pupuh Tingkat Provinsi taun ieu. Rarangken tukang -ning/-ing tina kalimah eta nyaeta ... .

a)

kuring

b)

pasanggiri

c)

pinunjul

d)

tariking

5.

Kalimah pagawean anu jejerna nuduhkeun panglaku pagawean anu kaungel dina unsur caritaanana disebut ... .

a)

kalimah pananya

b)

kalimah pasif

c)

kalimah aktif

d)

kalimah panitah

6.

Banu keur nulis carita pondok. Anu kaasup jejer nyaeta ... .

a)

carita pondok

b)

keur

c)

nulis

d)

Banu

7.

Tiara keur maraban lauk di balong. Anu kaasup caritaan nyaeta ... .

a)

Tiara

b)

Keur maraban

c)

lauk

d)

di balong

8.

Mia jeung indungna keur nyebor kekembangan. Anu kaasup udagan nyaeta ... .

a)

Mia jeung indungna

b)

keur

c)

nyebor

d)

kekembangan

9.

Kalimah pagawean anu jejerna nuduhkeun nu ngarandapan atawa nu kakeunaan pagawean nyaeta disebut ... .

a)

kalimah aktif

b)

kalimah pasif

c)

kalimah wawaran

d)

kalimah panyeluk

10.

Kalimah pasif oge biasa disebut kalimah ... .

a)

kalimah aktif

b)

kalimah wawaran

c)

kalimah dipigawe

d)

kalimah pananya

11.

Di handap ieu kalimah anu kaasup kalimah aktif nyaeta ... .

a)

Ranginang dipoe ku Bu Jaka.

b)

Lauk diparaban ku Mang Somad.

c)

Kekembangan dicebor ku Pak Tedi.

d)

Bian keur muka lomari.

12.

Anu kaasup kalimah pasif nyaeta ... .

a)

Syifa maca carita pondok.

b)

Kendang ditabeuh ku Jajang

c)

Mang Dadi keur ngahias sapedah

d)

Ibu keur sasapu di buruan

13.

... melak cabe. Kecap nu merenah keur ngeusian kalimahna nyaeta ... .

a)

Bu Maya

b)

di buruan

c)

maraban

d)

tomat

14.

Kang Sule keur niup ... . Kecap nu merenah keur ngeusian kalimahna nyaeta ... .

a)

di lomari

b)

Pak Miharja

c)

suling

d)

nuliskeun

15.

Jamban ... ku Guntur. Kecap nu merenah keur ngeusian kalimahna nyaeta ... .

a)

di sakola

b)

Pak Dadang

c)

nuliskeun

d)

dibersihan