wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bahasa Sunda 3.2

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

“Nuhun, Ki Silah,” omong éngang. “Kuring geus ditulungan ku anjeun. Cacak mun bieu teu gancang-gancang disodoran régang mah, meureun kuring téh geus ............. Teuing kudu kumaha kuring males kahadéan Ki Silah.”

a)

Nangkarak

b)

tikerelep. 

c)

titeuleum

2.

“Enya, sakali deui kuring .......... nuhun,” omong éngang.  Geus kitu mah keleper deui wé hiber. Dina hiji poé, tikukur keur eunteup dina dahan bari ngelak  disada,

a)

ngahaturkeun

b)

ngahandapan 

c)

ngahibur

3.

“Tikukur ... guk. Tikukur ... guk, guk.”  Tikukur teu apaleun yén di handapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Bedil mimisna geus dikokang, ngan kari ngabekaskeun.

Malah kucubung bedil téh geus ...... kana dada tikukur.

a)

ditempo

b)

dilelempeng

c)

dipengkolkeun

4.

Sabot kitu, éngang anu kungsi ditulungan ku tikukur hiber ka lebah dinya. Barang nénjo tikukur keur diintip pati, teu antaparah deui éngang ngawahan, terus .... ka paninggaran anu keur ngadodoho tikukur.

a)

maledog

b)

ngegel

c)

nyeureud

5.

Pelatak, tarang paninggaran téh diseureud. Kacida waé reuwaseunana, tepi ka bedilna ragrag. 

Tarangna karasa nyeri mani pohara. Kangaranan diseureud éngang téa, keur panas jeung peurih téh, nyanyautan deuih, sarta ..... saharita.

a)

bareuh

b)

ateul 

c)

nyeri

6.

Barang ngadéngé aya nu ngaguluprak, tikukur asa kagebah, terus .... tina dahan. 

Bréh katénjo aya paninggaran keur ngusapan tarangna  anu bareuh, bari di gigireunana aya bedil ngagolér.

a)

ngojay

b)

 hiber

c)

lumpat

7.

Atuh tég waé tikukur nyangka yén dirina cikénéh tas didodoho rék dibedil. Tapi, ku naon ..... ujug-ujug ragrag, bari tarang paninggaran téh bancunur ?

a)

topina

b)

pesona 

c)

bedilna

8.

Tikukur kakara nyahoeun naon anu jadi sababna sanggeus nempo ..... keur hihiberan. 

Pasti éta paninggaran téh diseureud ku éngang.

a)

éngang

b)

tikukur 

c)

ucing

9.

Tuluy waé tikukur hiber ...... éngang. “Nuhun, anjeun geus nulungan kuring,” ceuk tikukur.

“Ih, apan urang téh wajib silih tulungan,” témbal éngang.

a)

naroskeun

b)

nanyakeun

c)

nyampeurkeun

10.

“Ah, kuring mah teu miharep balesan,” walon tikukur. “Kapan ari silih tulungan téh kawajiban urang. Mun aya batur keur meunang kasusah, ku urang wajib ............ samampuhna.”

a)

bere

b)

teangan 

c)

ditulungan