NEW
Font size
WorksheetsUH 2 Kelas X (Kawih)
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Sedengkeun lalaguan Sunda anu kauger ku patokan atawa aturan nu tangtu disebut …
Tembang
Pupuh
Kakawihan
Kawih
pantun
Cingciripit atawa Cingcangkeling téh kaasup kana lalaguan Sunda anu sok dihaleuangkeun ku barudak basa ulin nu disebut ...
pantun
Kawih
Kakawihan
Pupuh
Tembang
Lalaguan dina seni Sunda dipikawanoh ku istilah kawih, kakawihan jeung tembang. Nu teu kaasup kana kawih nya éta ...
Hayang kawin
Pupuh sinom
Bangbung hideung
Panon hideung
Kalangkang
Kawih bisa dibédakeun jadi kawih klasik jeung kawih pop. Kawih Klasik téh nya éta kawih anu aya di jaman baheula, sedengkeun kawih pop nya éta kawih nu aya di jaman kiwari. Nu kaasup kana conto kawih buhun nya éta …
Kalangkang
Pangandaran
Bulan Batu Hiu
Karatagan Pahlawan
Mobil Butut
Kakawihan téh nya éta lalaguan Sunda nu dihaleuangkeun ku barudak lamun keur arulin. Nu kaasup kana conto kakawihan nya éta …
Pupuh Ladrang
Manuk Dadali
Pérépét Jéngkol
Kalangkang
Cinta
Tembang téh lalaguan Sunda nu kauger ku aturan atawa patokan. Nu teu kaasup kana patokan dina tembang téh salasahijina nya éta …
Jumlah guru wilangan
sora guru lagu
Ekspresi ngahaleuangna
Jejerna
Jumlah engang
Lalaguan Sunda loba wanda (jenis)na. salasahijina nya éta kawih. Kawih nu jejerna ngeunaan paturay tineung nya éta …
Cingciripit
Kalangkang
Pangandaran
Pileuleuyan
Mobil Butut
Kakawihan nu biasana dipaké keur nangtukeun nu jadi ucing dina ulinan ucing sumput nya éta …
Kalangkang
Jaleuleu Ja
Oray-orayan
Pérépét jengkol
Cingciripit
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Hoream teu sudi teuing
Neangan pipanyakiteun 2x
Ungkara dina lagu di luhur ngébréhkeun rasa …."
kasieun
sumanget
hanjelu
sedih
gumbira
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panonpoé, panon poé disasaté
Unggal bulan-unggal bulan abdi teang
Unggal poé, unggal poé ogé hade
Lamun ningali tina jumlah engang jeung purwakantina, kawih “Bubuy Bulan” téh diwangun ku ....
sisindiran
mantra
pupuh
puisi bebas
sajak
Rumpaka kawih téh saenyana mah sarua jeung sajak atawa puisi pédah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur kawih, nya éta…
nada
purwakanti
galur
amanat
Jejer
Dina rumpaka kawih aya nu disebut adegan lahir jeung adegan bathin. Adegan lahir nya eta unsur fisik rumpaka kawih nu disawang tina wangunna. Anu teu kaasup kana adegan lahir nya eta …
amanat
purwakanti
imaji
diksi
tipografi
Mana tokoh ieu di handap anu mopulérkeun kawih "Kabogoh Jauh"?
Itu saha dunungan, ngabantun munding
digantélan geuning ku sapu tangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
singhoréng mah aduh, geuning jungjunan
Ditilik eusi rumpakana, jejer kawih És Lilin téh nyaéta ....
religiusitas
gotongroyong
sosial
kaadilan
cinta
és lilin mah, aduh kalapa muda
dibantun mah geuning ka Sukajadi
abdi isin, geuning, samar kaduga
sok sieun mah, aduh, henteu .......
Kecap nu cocog pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...
ngajadi
dikalapaan
kamalinaan
paduduan
dunungan
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé
Judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur nyaéta . . . .
Situ Ciburuy
Bubuy Bulan
Borondong kolot
Unggal bulan
kabogoh jauh
Ucang-ucang anggé
mulung muncang ka paranggé
Diudag ku anjing gedé
Anjing gedé nu Ki Lebé
Ari gog, gog cungungung.
Rumpaka kakawihan di luhur judulna . . . .
Cingciripit
Ucang-ucang anggé
Oray-orayan
Blum-blom
Cacaburangé
Baca rumpaka ieu kawih
Es lilin mah, aduh,kalapa muda,
Dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,
Abdi isin, geuning, samar kaduga,
Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaeta...
e-d-a-s
da-di-ga-di
muda-sukajadi-
kaduga-ngajadi
a-i-a-i
m-s-k-ng
Baca sempalan ieu rumpaka kawih!
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah ka nu Kawasa
Prak reureuh tina kariweuh
Prak pasrah tina Kawasa
Ceuk sempalan rumpaka kawih di luhur, urang teh...
salawasna hirup riweuh
ku pagawean mah moal aya beakna
kudu aya istirahatna tina pagawean
henteu tuluy-tuluy gawe, aya waktuna keur ibadah
kudu pasrah ka pangeran
Manuk Dadali téh nya éta salasahiji anu kaasup kana conto kawih. Aya bédana antara kawih, kakawihan jeung tembang. Lalaguan Sunda nu teu kauger ku patokan disebut …
Tembang
Pupuh
Kakawihan
Kawih
pantun
