NEW
Font size
WorksheetsUH 2 KELAS XI (SISINDIRAN)
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi 3 rupa, nya éta
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan.
wawangsalan, tatarucingan, paparikan
cangkang, eusi, wangsal
piwuruk, sésébréd, silihasih
paparikan, rarakitan, wawangsalan
Meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun
wawangsalan
tatarucingan
piwuruk
paparikan
rarakitan
Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan disebut
wawacan
guguritan
wawangsalan
paparikan
rarakitan
Tokyo ibu kotana, tos tepang teras paanggang.
Eusi wawangsalan di luhur téh nya éta
Beijing
Cina
India
Jepang
Thailand
Tas Juli méméh Séptémber,
putus gé teu panasaran.
Eusi wawangsalan di luhur téh nya éta"
Oktober
Séptémber
Agustus
Juli
Juni
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nya éta
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi
padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang
unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
sapadana diwangun ku opat padalisan
Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna ...
tatarucingan
wawagsalan
paparikan
rarakitan
sisindiran
Mawa peti dina sundung
Dibawa ka Nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
Kabisa teu beurat mawa
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ...
rarakitan
paparikan
teteguhan
tatarucingan
wawangsalan
Pikasureun dijarumat
Jarumna harga sasénan
Saluhureun kudu hormat
.......................................
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan sisindira di luhur nya éta ...
dulur baraya agéhan
kulawarga kudu ajénan
sahandapan diajénan
hubungan dihargaan
sasama kudu ajénan
Bibika tipung tarigu
Ku engkang henteu kaharti
Wangsal nu bener pikeun wawangsalan di luhur nya éta ...
kuéh ali
tipung
bibika
kungkang
roti
Saé nu jadi kapala
......................................
Diasupkeun ka sakola
Banda nu leuwih ti harta.
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan jajaran ka dua nya éta ...
Selat Sunda Jawa Sumatra
wakilna mah saha waé
Banda Acéh Jawa Sumatra
ménak nu ka Purwakarta
urang nu jadi siswa
Lamun wangsalna "simeut", cangkang nu merenah pikeun wawangsalanna nya éta ...
maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing
kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran
teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang
teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun
teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut
Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya éta padeukeutna sora dina jajaran ...
ka-1 jeung jajaran ka-3
ka-2 jeung jajaran ka-3
ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4
ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi eusi
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang
Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap!
Hayam jago eukeur béla
Dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
……………………….....
Ngarah loba meunang élmu
Sangkan beunghar ku élmu
Sangkan beunghar ku pangarti
Ngarah jadi santri
Sangkan beunghar
Anténeu piring nu badag
Kudu getol ka sakola.
Wangsalna nyaeta
Anténeu
Pemancar
Piring
Parabola
wifi
Sisindiran anu papak/midoan kawit (sarua) sora kecap nu hareupna, salasahiji ciri sisindiran jenis ….
Wawangsalan
Piwuruk
Rarakitan
Silih asih
Paparikan
Haté bungah nempo soto
Tong poho dahar cékérna
Haté kuring rasa sono
Hayang panggih jeung manéhna
Sisindiran di luhur mangrupa sisindiran nu sipatna….
Rarakitan
Paparikan
Silih asih
Sésébréd
Wawangsalan
Rohangan gudangna elmu
Akang mah sok akon-akon
wangsal tina wawangsalan ieu di handap nyaeta....
perpustakaan
sakola
pabukon
kelas
buku
(1)Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun awak.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.
(2) Daun kelor daun ganas,
kuciat jeung pacar keling.
Hutang motor tacan lunas,
sakilat aya nu maling.
(3)Los ka kulah los ka talun,
rek neangan bongborosan.
Insya Allah taun payun,
nepangan bade narosan.
(4) Aya lumat dina batu,
aya kuya di muara.
Sing tumut kana waktu,
di dunya ukur ngumbara.
Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...
(1) jeung (2)
(1) jeung (4)
(2) jeung (4)
(2) jeung (3)
(1) jeung(3)
Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya éta kecap mimiti dina jajaran
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi
ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua
