wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi Basa Sunda kls 3 (Pangajaran 3)

Total questions: 20

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Basa indonesiana kecap dunya nyaéta. . . .

a)

laut

b)

bumi alam

c)

gunung

2.

Usum anu ngajadikeun pa tani jeung tukang kebon atoheun nyaéta . . . .

a)

usum katiga

b)

usum halodo

c)

usum hujan

3.

Mangpaat usum halodo nyaéta. . . .

a)

bulan rejeki pikeun nelayan

b)

pa tani atoheun

c)

jadi loba cai

4.

Usum nyambut biasana disebut ogé . . .

a)

usum halodo

b)

usum ngagarap sawah

c)

usum katiga

5.

Usum paceklik biasana di sebut ogé . . . .

a)

usum kurang dahareun

b)

usum kurang cai

c)

usum halodo

6.

Harti sinonim nyaéta . . . .

a)

kecap beda harti

b)

kecap sa harti

c)

kecap ajakan

7.

"Barudak getol diajar"

Kecap getol sinonimna nyaéta . . . .

a)

wanian

b)

nyalsé

c)

rajin

8.

Sinonimna kasohor nyaéta . . . .

a)

kakoncara

b)

kareungeu

c)

kahareup

9.

"Imahna Ujang mah nyanghareup ka wétan"

Kecap nyanghareup sinonimna nyaéta. . . .

a)

kakoncara

b)

kadangu

c)

malik

10.

Lamun maca puisi di hareupeun babaturan, urang kudu. . . .

a)

wanian

b)

isinan

c)

nyumput

11.

Ria : " . . . . . . . . . . . . . . . . . . . "

Dewi : Beberesih naon heula?

a)

"Wi ameng ka kantin, yu!"

b)

"Dewi pikét beberesih kelas".

c)

"Moal tiasa énjing mah".

12.

Yura : " . . . . . . . . . . . . . . "

Dian : " Iraha angkatana? "

a)

"Dian nuju naon?"

b)

"Dian énjing bade kamana?"

c)

"Dian abdi badé ka Jakarta"

13.

Tanda titik anu bener di handap ieu nyaéta . . . .

a)

. M. Sulaiman.

b)

A. Rahmat

c)

Radika.

14.

Salian di tungtung kalimah, tanda titik ogé biasana di simpen di . . . .

a)

awal kalimah

b)

tengah kalimah

c)

tungtung singkatan ngaran

15.

Di handap ieu mangrupa kecap pananya, iwal . . .

a)

sabaraha

b)

jenengan

c)

kumaha

16.

Kalimah anu gunana pikeun nitah ka batur nyaéta . . .

a)

kalimah pangajak

b)

kalimah pananya

c)

kalimah paréntah

17.

Anu kaasup kalimah paréntah nyaéta . . . .

a)

mangga baca ku hidep!

b)

ulah loba teuing ulin !

c)

Fani nuju solat.

18.

Hidep maréntah ka Susi supaya beberesih kamar.

Mun dijieun kalimah paréntahna nyaéta…..

a)

Susi atos beberesih kamar?

b)

Susi geura beberesih kamar!

c)

Susi nuju beberesih kamar.

19.

Kalimah di handap ieu nu mangrupakeun kalimah pangajak nyaéta . . . .

a)

urang maén sépak bola yu?

b)

ulah jajan waé !

c)

Anis nuju ngapalkeun.

20.

Tempat pariwisata Taman Cibodas ayana di . . . .

a)

Cianjur

b)

Bandung

c)

Cirebon