Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Tes Formatif Bahasa Sunda 2

Total questions: 15

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Nami lain ti usum hujan nyaeta, . . . .

a)

usum ngijih

b)

usum katiga

c)

usum halodo

2.

Dihandap ieu ciri-ciri ti usum hujan, nyaeta . . . .

a)

panon poe mentrang

b)

teu aya hujan

c)

hujan ngecrek sapopoe

3.

Dua usum nu aya di Indonesia nyaeta usum ngijih jeung usum …

a)

hujan

b)

katiga

c)

salju

4.

Berkah tina usum hujan nyaeta ….

a)

walungan ngoletrak saat

b)

taneuh subur

c)

tatangkalan kabeh gararing

5.

Mangpaat tina usum halodo, nyaeta . . . .

a)

barudak bisa arulin diburuan

b)

taneuh jeung tatangkalan gararing

c)

sumur saat

6.

Balukar tina usum hujan nyaeta …

a)

mawa berkah keur para patani

b)

bisa ngagarap sawah

c)

cai diwalungan ngagulidag

7.

Dihandap ieu balukar tina usum halodo, nyaeta . . .

a)

walungan ngoletrak saat

b)

sumur pinuh ku cai

c)

taneuh subur

8.

Regepkeun paguneman dihandap

ieu!

Danu : Perhatian! perhatian! Batur-batur hayu urang kerja bakti meresihan kelas

tea.Salman,cobi parios pakakasna tos sadia sadayana?

Salman : Siap!Sadayana tos sadia Dan!


Dina paguneman di luhur anu kaasup kecap rajekan dwi murni nyaeta …

a)

kerja bakti

b)

pakakas

c)

batur-batur

9.

Regepkeun paguneman dihandap ieu!

Danu : Ayeuna urang bagi-bagi tugas heula. Saha nu daek kabagean pancen sasapu,ngepel, ngelapan kaca,meresihan lomari buku,ngala cai jeung miceun runtah.

Salma :Kumaha mun barudak awewe bagean ngepel jeung sasapu?


Dina paguneman di luhur anu kaasup kecap rajekan dwi murni nyaeta …

a)

bagi-bagi

b)

sasapu

c)

ngelapan kaca

10.

Dihandap ieu anu teu kaasup kecap rajekan dwi murni nyaeta ….

a)

isuk-isuk

b)

Ibu-Ibu

c)

warna-warni

11.

Dihandap ieu kecap kaca mun dirubah kana kecap rajekan dwi murni nyaeta …

a)

kakacaan

b)

kaca-kacaan

c)

kaca-kaca

12.

Dihandap ieu kecap mobil mun dirubah kana kecap rajekan dwi murni nyaeta …

a)

mobil-mobil

b)

mobil-mobilan

c)

momobilan

13.

Dihandap ieu kecap boneka mun dirubah kana kecap rajekan dwi murni

nyaeta …

a)

bobonekaan

b)

boneka-boneka

c)

boneka-bonekaan

14.

Kecap rajekan dwi murni teh nyaeta …

a)

kecap anu wangun dasarna disebutkeun dua kali, sarta teu robah sorana.

b)

kecap anu wangun dasarna disebutkeun sakali, sarta teu robah sorana

c)

kecap anu wangun dasarna disebutkeun diulang-ulang, sarta robah sorana

15.

Dihandap ieu anu kasup conto kecap rajekan dwimurni nyaeta ….

a)

Lila-lila

b)

sasayuran

c)

tatangkalan