NEW
Font size
WorksheetsPAS GANJL KLS X - 2122
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Perhatikeun pernyataan di handap !
Wawancara nyaeta kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih saceara langsung antara nu ngawawancara jeung anu diwawancara. Wawancara anu ngalibatkeun sawatara nara sumber,nyaeta ...
Wawancara Mandiri
Wawancara Kelompok
Wawancara Bebas
Wawancara Kauger
Wawancara Konferensi
Nalika pangajaran Basa Sunda, pa Agus keur medar materi ngeunaan wawancara, sanggeus ngajelaskeun Pa Agus méré pancén ka siswana pikeun ngawawancara salah saurang tukang dagang anu aya di sabudeureun sakola. Sarta laporan wawancarana harita kénéh kudu dikumpulkeun sabada jam pelajaran basa Sunda, atuh kabéh murid riweuh da waktuna samporét. Tuluy barudak guragiru kaluar kelas keur ngawawancara.
Wawancara kelompok
Wawancara mandiri
Wawancara bébas
Wawancara kauger
Wawancara bébas kauger
Baca masing gemet sempalan wawancara di handap! CM: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib? YM: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan ....
Kontribusi bobotoh nalika pamaén tanding
Pamaén senior ageung pangaruhna
Viking sok ngabring ngadukung Persib
Bobotoh jeung pamaén senior
Pamaén senior nu wawuh ka bobotoh
Baca téks wawancara di handap! Siswa :………………. Patugas : Anu naratas ngadegna Museum KAA téh nya éta Mentri Luar Negri RI manten (1978-1988), nu jenengan Prof. Dr. Muchtar Kusumatmadja, S.H., LL.,M. turta alpukahna Joop Ave, minangka Ketua Panitia 25 Tahun Konferensi Asia Afrika jeung nu ngajabat Diréktur Jéndral Potokol dan Konsuler Departemén Luar Negri, rukun gawé jeung Departemen Penerangan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Pemerintah Daérah Tingkat I Propinsi Jabar, sarta Universitas Pajajaran, diistrénan tanggal 24 April 1980 ku Présidén Suharto.
Patalékan nu saluyu pikeun ngalengkepan sempalan wawancara di luhur nya éta…
Saha nu ngadegkeun museum KAA?
Naon waé kalungguhan Prof. Muchtar téh?
Iraha museum KAA diadegkeun?
Saha nu ngaistrénan museum KAA téh?
Di mana pernahna museum KAA téh?
Perhatikeun pernyataan di handap !
Sagala kagiatan anu dilaksanakeun ku urang tangtu kudu aya rangkayna sangkan hasilna leuwih alus, kitu duei dina wawancara kudu puguh rangkaina. Salam wawanoh antara nu ngawawancara jeung
nu di wawancara, sarta jejer nu diwawancarakeun , kaasup kana bagian ...
Amanat
Bubuka
Pamungkas
Dadaran
Eusi
Perhatikeun tabel !
Adegan wawancara teh kudu nyoko kana bubuka, eusi,jeungpamungkas. Tabel di luhur mangrupakeun ....wawancara.
Pamungkas
Adegan wawancara teh kudu nyoko kana bubuka, eusi,jeung pamungkas. Tabel di luhur mangrupakeun ....wawancara.
Intrinsik
Unsur
Ciri
Struktur
Ekstrens
Tengetkeun sempalan wawancara ! CM : Hatur nuhun kana waktosna, sareng hapunteu tos ngarewong., DKS : Sami-sami ulah kapok,nya. Mangga.Sempalan wawancara diluhur mangrupakeun bagean wawancara, Nyaeta bagean ...
Amanat
Bubuka
Pamungkas
Jejer
Eusi
Baca sing gemet pernyataan di handap!Tatakrama dina wawancara teh sarua bae jeung tatakrama kahirupan dina umumna,nyaeta sopan santun dina gaul jeung papada jalma. Aturan sopan satun dina gaul disebutna ...
Etika
Etiket
Estetika
Etimologi
Ekologi
Baca sing gemet pernyataan di handap! Wawancara mibanda 6 pungsi , nyaeta : 1) Pungsi Kultural 2) Pungsi Personal 3) Pungsi Edukasional 4) Pungsi Integratif 5) Pungsi Instrumental 6) Pungsi Sosial Ka genep pungsi wawancara diluhur kaasup kana ...
Tata Laksana
Tata krama
Tata Usaha
Tata Boga
Tata Kelola
Baca sing gemet pernyataan di handap! Genep pungsi wawancara, nyaeta : 1) Pungsi Kultural 2) Pungsi Personal 3) Pungsi Edukasional 4) Pungsi Integratif 5) Pungsi Instrumental 6) Pungsi Sosial Pungsi pikeun nuduhkeun luhurna budi jeung adab budaya masyarakat , nyaeta arti tina ...
Pungsi Kultural
Pungsi Personal
PungsiEdukasional
Pungsi Integratif
Pungsi Instrumental
Umpama urang rek narjemahkeun kudu boga kamampuh dina basa nu rek ditarjemahkeunnana.Kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rek nerjemahkeun.
“ Pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahirupan sapopoe di masarakat pamakena “.
Pernyataan diluhur mangrupakeun harti, tina kamampuh ...
Gramatikal
Sematik
Fonologis
Pragmatik
Sosiolinguistik
Umpama urang rek narjemahkeun kudu boga kamampuh dina basa nu rek ditarjemahkeunnana.Kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rek nerjemahkeun.
“ Pangaweruh ngenaanke kecapan ,nyusun kalimah ,nyusun alenia jeung ngalarapkeun ejaan.“.
Pernyataan diluhur mangrupakeun harti, tina kamampuh ...
Gramatikal
Sematik
Fonologis
Pragmatik
Sosiolinguistik
Terjemahan tina kalimah “ Aya anu jajaluk nundutan gigireun tetecean Gedung Merdeka “. Anu merenah, nyaeta ...
Pengemis ngantuk di pinggir tangga Gedung Merdeka.
Ada Pengemis ngantuk di tangga pinggir Gedung Merdeka.
Ada Pengemis yang mengantuk di samping tangga Gedung Merdeka.
Pengemis mengantuk di tangga samping Gedung Merdeka.
Ada Pengemis mengantuk di tangga pinggir Gedung Merdeka.
Terjemahan tina kalimah “ Saya merasa bangga menjadi orang sunda “. Anu merenah, nyaeta ...
Kuring ngarasa reueus jadi urang sunda.
Kuring ngarasa bangga jadi urang sunda
Kuring ngarasa bungah jadi urang sunda.
Kuring ngarasa bagja jadi urang sunda.
Kuring ngarasa bangga jadi urang sunda.
Paribasa nu kiwari dipake ku urang Sunda teh aya nu jieunan dina basa Sunda, aya oge nu menang nerjemahkeun tina basa deungeun.
Paribasa nu mangrupa terjemahan bahasa Inggris “ Where there is a will, there is a way “, anu merenah nyaeta ...
Lamun keyeung tangtu pareng
Lamun aya kahayang tangtu aya jalanna
Sapanjang jalan nu dituju lenglang
Jalan bebas hambatan
Jalan kahayang normal
Rumpaka dina kawih, kakawihan,jeung tembang teh mibanda ajen sastra.
Umumna ditulis dina wangun puisi sisindiran atawa puisi bebas.
Rumpaka kawih teh saenyana sarua jeung sajak,pedah sok dihaleuangkeun.
Ieu di handap anu heunteu kaasup kana unsur- unsur rumpaka kawih,nyaeta ...
Gaya basa
Imajinasi
Purwakanti
Tifografi
Tema
Kawih, kakawihan jeung tembang.tiluanana sarua sok di haleuangkeun atawa di lagukeun.
Dina elmu musik sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun.
Dina kawih mah aya birama ( wileutan ) jeung ketukan ( tempo ).
Waktu dihaleuangkeun anu kauger kuaturan, nyaeta...
Kawih
Kakawihan
Tembang
Dangdut
Pop
. Baca masing gemet sempalan lagu di handap
Es Lilin
Eslilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan sok bararingung
Sok inggis mah aduh heunteu ngajadi
Es lilin mah ... didorong dorong
Di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh heunteu ngajadi
Dina sempalan kawih di luhur kagambarkeun jalma anu ...
Cintana teu ngajadi
Nandakeun ka era
Eraan
Terus teurang
Kasieunan teu laksana
Baca masing gemet, pernyataan di handap !
Nu dimaksud adegan lahir teh nyaeta unsur rumpaka kawih disawang tina wanguna, nu kaasup kana adegan lahir rumpaka kawih, diantarana :
Pangaruh kecap kanu maca atawa ngaregepkeun kawih , biasana aya patalina jeung naon anu karasa, katempo jeung kadenge ku nu maca, nyaeta harti , tina nomer ...
No 1
No 2
No 3
No 4
No 5
. Baca masing gemet, pernyataan di handap !
Adegan bathin rumpaka kawih mah teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirarasakeun,tapi carana bisa dibaca atawa disungsi kumaha eusina, diantarana :
Gagasan pokonu rek ditepikeun kupangarang kanu maca,, nyaeta harti tina nomer ...
No 1
No 2
No 3
No 4
No 5
