WorksheetsPH 3 bahasa Sunda kelas 6 Semester 1
Total questions: 20
Worksheet time: 15mins
Mesin kaput téh moal aya, lamun seug jalma nu ngaran Elias Howé teu manggihkeun mesin
paranti ngaput. Elias Howé téh lahir di Spencer Massachusetts, Amérika Serikat, 9 Juli 1819.
Kulawarga Elias, boga lahan pertanian nu dikokolakeun ku kulawarga. Elias téh budak nu ulet diajar,
malah boga karep kana “permesinan”.
Saha nu nyiptakeun mesin kaput?
Elias pical
Thomas Alfa Edison
Elias Howé
James Watt
Dina taun 1840 Elias nikah, sarta diparengkeun boga budak tilu. Elias ngarandapan
gering.Salila gering téh Elias mindeng nyaksian istrina ngaput.Jorojoy hayang nyiptakeun mesin
kaput nu niron gerakan leungeun keur ngaput. Elias terus mikir hayang ngawujudkeun gagasanana.
Terus-terusan nyoba, sanajan can ngarasa sugema. Manéhna nyieun mesin niron gerakan leungeun
nu keur kakaput maké jarum nu liangna dina tungtung luhur. Gagal.Manéhna terus mikir daria naker,
nepi ka kabawa ngimpi.Ngimpi aya saabrulan jalma kanibal anu nubles-nubleskeun tumbak kana
beuteungna sacara ngawirahma. Elias terus nempokeun gerakna tumbak, tétéla di tungtung tumbak
téh aya liangan.Tungtung tumbak ieu nu jadi inspirasina.
Kumaha mimitina pangna manehna hoyong nyiptakeun mesin kaput ?
Lantaran gering lila pisan.
Lantaran sering nyaksian istrina ngaput, jadi hoyong nyiptakeun mesin kaput niron gerakan leungeun nu ngaput.
Lantaran manehna ngimpi jalma kanibal.
Lantaran kaahlianana kana mesin.
Taun 1846, Elias maténkeun hasil ciptaanana. Manéhna ngenalkeun ciptaanana di Inggris,
sarta ngajual hak paténna saharga 250 poundsterling ka William Tomas, dina taun 1847. Sarta terus
digawé di dinya jadi tukang ngoméan mesin kaput nepi ka bisa dipake ngaput karpét, kulit, jeung
sabangsana. Manéhna gering, balik ka Boston Amérika Serikat. Istrina oge gering, tuluy maot.
Ka mana manehna ngawanohkeun mesin kaput ciptaanna?
Ka tukang ngomean mesin kaput.
Ka Boston Amerika Serikat.
Ka Istrina.
Ka Inggris.
Mesin kaput téh moal aya, lamun seug jalma nu ngaran Elias Howé teu manggihkeun mesin
paranti ngaput. Elias Howé téh lahir di Spencer Massachusetts, Amérika Serikat, 9 Juli 1819.
Kulawarga Elias, boga lahan pertanian nu dikokolakeun ku kulawarga. Elias téh budak nu ulet diajar,
malah boga karep kana “permesinan”.
Kumaha watekna Elias teh?
Wanian sarta cerdas.
Pinter jeung getol diajar.
Ulet diajar sarta boga karep kana permesinan.
Sederhana jeung pinter.
Hirup Elias terus-terusan meunang cocoba. Mesin kaput hasil ciptaanana padah maling ku
pengusaha. Sarta terus dijualan. Kitu deui, pengusaha Isaac M. Singer milu maling. Elias Howe
berjuang salila 5 taun di pengadilan. Ahirna Elias bisa ngarebut deui hak paténna. Singer kudu mayar,
mulangkeun royalti ti unggal mesin kaput nu dijual di Amérika Serikat.
Kahirupan Elias terus-terusan meunang cocoba.
Sebutkeun salah sahiji cocoba nu karandapan ku Elias?
di sidang lima taun di pangadilan lantaran maling mesin kaput.
Mesin kaput hasil ciptaanana pada maling ku pengusaha.
Istrina pinter ngaput tapi geringan.
Manehna kudu mayar royalti ka Isaac M. Singer.
Poe Minggu Barudak kelas genep rek cross countri ka Gunung Tangkuban Parahu.
Iraha barudak kelas genep rek cross countri ?
Poe Minggu.
Isukan.
Poe Senen.
Ayeuna.
Langlayangan Asep mani ... ngawang-ngawang.
kekelebetan
luar-leor
mayung
gagaleyongan
Barang-barang dagangan digarantungan di sisi jalan mani ... .
rantuy
pabalatak
paburisat
amburadul
Bapak Jokowi teh jadi ... nagara Indonesia.
payung
papayung
mayungan
dipayungan
Kembang Lili Kangge Ibu kaasup kana Carpon.
Carita pondok (carpon) nu ngagambarkeun kaayaan, disebutna ... .
narasi
deskripsi
imajinasi
ilustrasi
Pramuka di SDK 1 Bina Bakti keur sibuk latihan masang tenda lantaran rek ngiluan Persami.
Persami nyaeta ... .
Perkemahan Sabtu Minggu.
Perkemahan sehari.
Perkemahan sementara Minggu.
Pertemuan bersama Sabtu Minggu
Urang wajib mieling poe kamerdekaan.
Mieling hartina ... .
ngingetan
diingetkeun
nginget-nginget
kaingetan
Sakabeh murid ti kelas hiji ... ka kelas genep miluan kerjabakti meresihan buruan sakola.
oge
sangkan
jigana
nepi
Masarakat Desa Sukaluyu sadar yen kerjabakti loba ngadatangkeun ... .
mangpaat
kabersihan
rejeki
jalma nu berkunjung
Pamarentah Indonesia baris ngabebaskeun biaya pendidikan dasar ti mimiti taun ajaran 2005.
Hal poko tina warta di luhur nyaeta ... .
Pamarentah Indonesia.
Biaya pendidikan
Taun ajaran 2005
Pamarentah bakal ngabebaskeun biaya pendidikan dasar.
nitahan - Tong - batur - cokot - buku - atuh - ku sorangan - teh !
Susunan kalimah di luhur nu bener nyaeta ... .
Tong nitahan batur atuh ku sorangan teh cokot buku !
Nitahan teh tong batur atuh cokot buku teh ku sorangan!
Tong nitahan batur atuh, cokot ku sorangan buku teh!
Cokot ku sorangan buku teh, nitahan batur tong!
lega - mani - Aki - abdi - di Karawang - sawah - gaduh .
Susunan kalimah nu bener kuduna ... .
Aki abdi di Karawang sawah gaduh mani lega.
Abdi gaduh aki di Karawang mani lega sawah.
Sawah Aki abdi di Karawang gaduh mani lega.
Di Karawang aki abdi gaduh sawah mani lega.
kelas-barudak -genep -tari Jaipongan -mintonkeun.
Susunan kalimah nu bener nyaeta ... .
Kelas genep mintonkeun tari barudak jaipongan.
Barudak kelas genep mintonkeun tari Jaipongan.
Mintonkeun tari jaipongan barudak kelas genep.
Tari jaipongan mintonkeun barudak kelas genep.
lalaki-barudak-keur-dilapangan-maen bal.
Susunan kalimah nu bener nyaeta ... .
Barudak lalaki keur maen bal di lapangan.
Di lapangan maen bal keur barudak lalaki.
maen bal keur di lapangan barudak lalaki.
lalaki barudak keur maen bal di lapangan.
kakara - kembang - seungit - ros - nu - mekar - teh - mani.
Susunan kalimah nu bener nyaeta ... .
Ros kembang nu kakara mekar teh mani seungit.
mani seungit kembang ros nu mekar kakara teh.
Kembang ros nu kakara mekar teh mani seungit.
teh kembang ros mani seungit nu kakara mekar.
