NEW
Font size
WorksheetsPAS Basa Sunda Kelas 9
Total questions: 30
Worksheet time: 8hrs 30mins
1. “Langkung tipayun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun kana waktos anu disayogikeun…”
Sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian …
A. bubuka biantara
B. panutup biantara
C. eusi biantara
D. salam pamuka biantara
2. Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa nataan hiji hal nepika bubuk leutikna sangkan nu maca meunang gambaran anu lengkep
ngeunaan kaayaan éta hal disebut…
A. karangan éksposisi
B. karangan arguméntasi
C. karangan déskripsi
D. karangan narasi
3. Wangun imah has Sunda nu suhunanna disebut julang ngapak nyaéta nomer …
A. (1)
B. (2)
C. (3)
D. (4)
4. Nu dimaksud kampung adat nya éta kampung anu …
A. boga adat
B. nyekel adat karuhun
C. buhun
D. goréng adat
5. Kampung Naga ayana di wewengkon …
A. Cimahi
B. Bandung
C. Garut
D. Tasikmalaya
6. Di handap ieu kampung adat nu aya di Banten nyaéta…
A. Kampung Cireundeu
B. Kampung Kanékés
C. Kampung Naga
D. Kampung Dukuh
7. Biasana bubuka biantara eusina mangrupa …
A. salam jeung muji sukur ka Gusti nu Maha Suci
B. ménta pangampura tina sagala rupa hal nu geus ditepikeun dina waktu biantara
C. salam, muji sukur, jeung ménta pangampura bisi dina cumarita loba kasalahan
D. medar perkara kumaha sakuduna miara jeung ngamumulé basa Sunda
8. Nu disebut biantara impromptu nyaeta…
A. biantara ku cara maca naskah
B. biantara ku cara ngapalkeun
C. biantara ku cara dadakan
D. biantara ku cara tanpa naskah
9. Anu penting tina naskah biantara nyaéta…
A. eusi
B. basa
C. konsép
D. eusi jeung basa
10. Tempat nyimpen pancarakén atawa tempat popolah nyadiakeun kadaharan nu ayana di pawon disebut…
A. goah
B. golodog
C. tepas
D. pawon
11. Di handap ieu kaasup suhunan imah has Sunda, iwal…
A. badak heuay
B. julang ngapak
C. capit gunting
D. parahu nangkarak
12. Kampung adat Mahmud perenahna aya di…
A. Cimahi
B. Bandung
C. Tasik
D. Garut
13. Pungsina karangan ditulis sacara déskripsi sangkan nu maca meunang…. ngeunaan hal-hal anu dicaritakeun.
A. katerangan
B. kajelasan
C. mangpaat
D. gambaran
14. Numutkeun eusina, novél téh kaasup kana…
A. karangan ilmiah
B. carita rekaan
C. carita nonfiksi
D. carita nu kauger
15. Patali jeung eusina, novél Si Paser kaasup kana novél…
A. rumaja
B. barudak
C. déwasa
D. populér
16. Si Demung keur néang sayang bincarung di pasir. Bincarung téh nyaéta…
A. sabangsa manuk
B. ngaran buah
C. bincurang
D. ngaran jalma
17. Di handap ieu, novél nu pangheulana medal nyaéta…
A. Azab dan Sengsara
B. Baruang Ka Nu Ngarora
C. Si Paser
D. Perang Bubat
18. Novel Baruang Ka Nu Ngarora dikarang ku…
A. Yus Rusamsi
B. Mérari Sirégar
C. D.K. Ardiwinata
D. Adang S.
19. Sanajan kaasup kana carita rékaan, novél biasana méré kesan…
A. hayalan
B. gambaran
C. pamohalan
D. lir enya-enya kajadian
20. Anu kaasup pakeman basa Babasan di handap ieu nya éta …
A. satria pinayungan
B. kokolot begog
C. siga cai dina daun taleus
D. Bandung heurin ku tangtung
21. Paribasa anu hartina: sifat nu jadi anak tara jauh beda jeung sifat kolotna, nya éta…
A. buruk-buruk papan jati
B. uyah mah tara téés ka luhur
C. unggah baléwatangan
D. cul dog-dog tinggal igel
22. Nyi Rapiah, Aom Usman, jeung Nyi Dampi nyaéta tilu palaku nu aya dina novél…
A. Si Paser
B. Pangéran Kornél
C. Mariposa
D. Baruang Ka Nu Ngarora
23. Naon hartina kecap pasanggiri…
A. lomba
B. paduan suara
C. pasangrok
D. gunung luhur
24. Baheula mah paré téh sok disimpen di hiji wangunan anu disebut…
A. Bédéng
B. Kobong
C. Lio
D. Leuit
25. Carita dimimitian ku mangsa kiwari terus nyaritakeun mangsa saacana, disebut galur…
A. maju
B. mundur
C. campuran
D. kompléks
26. Garihal hartina…
A. omonganna kasar matak nyentug kana ati
B. gédé omong jeung gédé bohong
C. omonganna lemes tapi ngahina
D. omonganna teu paruguh
27. Kampung adat Sunda anu ngagem agama Sunda Wiwitan jeung ngonsumsi sampeu, nya éta…
A. Kampung Mahmud
B. Kampung Cireundeu
C. Kampung Urug
D. Kampung Naga
28. Paribasa anu bener nya éta…
A. Siga monyét ngagugulung nu gering
B. Siga monyét ngagugulung angkot
C. Siga monyét ngagugulung kalapa
D. Siga monyét dahar dadar gulung
29. Kawas kuda leupas ti gedogan, kecap gedogan sarua jeung kecap…
A. istal
B. imah
C. tegalan
D. bédéng
30. Tuluykeun paribasa ieu: Caringcing pageuh kancing, …
A. saringset pageuh iket
B. saringset pageuh iteuk
C. carindul siga ucing
D. carulang meni héjo
