wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS Bahasa Sunda Semester Ganjil 2021/2022

Total questions: 20

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....

a)

lemah cai

b)

kabogoh

c)

indung bapa

d)

kaendahan alam

2.

Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?

a)

Rumpaka Kawih

b)

Rumpaka Puisi

c)

Rumpaka Sisindiran

d)

Rumpaka Sajak

3.

Rumpaka Kawih tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka jeung kawih. Ari Rumpaka raket patalina jeung naon?

a)

Sisindiran

b)

Puisi

c)

Seni Musik

d)

Rarakitan

4.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

5.

Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan

a)

4

b)

6

c)

8

d)

10

6.

Robah kecap "bagi" jadi kecap rajekan dwimurni nyaeta....

a)

Bagi-bagi

b)

Bagi-bagikan

c)

Bagi-bagian

d)

Babagian

7.

Perhatikeun kecap rajekan di handap ieu!

"Kuda-kuda"

Jieun kecap rajekan anu aya di luhur kana kalimah cing merenah nyaeta....

a)

Mang Yaya keur nyieun kuda-kuda

b)

Mang Yaya keur nyieun kuda-kudaan

c)

Mang Yaya keur nyieun kuda-kudakan

d)

Mang Yaya keur kukudakan

8.

Kecap anu wangun dasarna disebutkeun dua kalu sarta teu robah sorana nyaeta....

a)

Kecap rajekan dwimurni

b)

Kecap rajekan dwipura

c)

Kecap rajekan dwilingga

d)

Kecap rajekan trilingga

9.

Daséntra Gawé Bareng Pemda Dina Pasanggiri Kawih Murangkalih

Bandung, Sora Jabar (13/12/2020)


Bulan Désémber anu anyar ka liwat, Daséntra gawé bareng jeung pémda Kabupatén Bandung, ngagelar pasanggiri kawih murangkalih anu tempatna di aula pémda Kabupatén Bandung. Ieu pasanggiri dilaksanakeun dina raraga ngareuah-reuah acara milangkala Kabupatén Bandung anu ka- 105.


Lantaran lobana pamilon, ieu pasanggiri dilaksanakeun salila dua poé, ti tanggal 12 nepi ka tanggal 13 Désémber. Pasanggiri dipidangkeun dina wanda rampak sekar atawa sok disebut ogé layeutan swara, anu jumlah anggotana minimal 10 urang.


Acara dibuka langsung ku Bupati Bandung. Dina pamapagna, Bupati Bandung nétélakeun kareueusna ka barudak SMP anu geus mahér ngahaleuangkeun kawih-kawih Sunda. anjeunna ogé nétélakeun kabingahna, lantaran ampir sakabéh SMP anu aya di Kabupatén Bandung ngirimkeun wawakilna. Gedé harepan cenah, mun kagiatan samodél kieu tuluy tumuluy diayakeun, minat barudak kana kasenian Sunda bakal beuki ngaronjat.


Téma téks warta di luhur téh nya éta …

a)

Pasanggiri kawih murangkalih

b)

Daséntra

c)

Pemda Kabupatén Bandung

d)

Milangkala Kabupatén Bandung anu ka – 105

10.

(1) Nyieun rangka warta

(2) Nulis bagian eusi warta

(3) Nulis bagian puhu warta

(4) Néangan sumber warta

(5) Nuliskeun rumusan pertanyaan


Dumasar kana katerangan di luhur, runtuyan dina padika nulis warta nya éta …

a)

(1), (2), (3), (4), (5)

b)

(4), (5), (1), (3), (2)

c)

(4), (5), (1), (2), (3)

d)

(5), (4), (1), (3), (2)

11.

(1) Basana kudu baku

(2) Ngandung makna pangajak

(3) Komunkatif

(4) Kudu Panjang sangkan jelas

(5) Kudu singket tapi jéntré tur padet


Dumasar kana katerangan di luhur, kaidah basa anu kudu diperhatikeun dina penulisan warta nya éta …

a)

(1), (4), (5)

b)

(1), (2), (3)

c)

(1), (3), (4)

d)

(1), (3), (5)

12.

Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda, anu dimaksud warta teh nyaeta.....

a)

carita

b)

beja

c)

inpormasi

d)

kajadian

13.

Sisindiran diwangun ku basa ugeran anu disebut.....

a)

puisi

b)

prosa

c)

drama

d)

paguneman

14.

Jumlah padalisan dina sisindiran, saperti ieu di handap, iwal.....

a)

opat

b)

dua

c)

genep

d)

hiji

15.

Jumlah engang dina sisindiran aya .....

a)

dalapan

b)

tujuh

c)

genep

d)

sapuluh

16.

Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali

Wangsalna nyaeta ....

a)

ali

b)

aki

c)

tali

d)

cingcin

17.

Karya sastra anu diwangun ku cangkang eusi disebutna ...

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

wawangsalan

18.

Dumasar kana wangunna, sisindiran teh dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta ....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwururuk, sesebred, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

waawangsalan, tatarucingan, paparikan

19.

mawa peti dina sundung,

dibawa kanu sajawa

pangarti teu beurat nanggung

kabisa teu beurat mawa

Sisindiran diluhur kaasup kana wanda .....

a)

wawangsalan

b)

tatarucingan

c)

teteguhan

d)

paparikan

20.

Wangsalna "Simeut" ari cangkangna nyaeta ....

a)

teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipameumeut

b)

kembang bodas buah bunder, Neng Rina dipikameumeut

c)

teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang

d)

maung tutul saba kasur, diri teungareunah cicing