NEW
Font size
WorksheetsMateri kelas 11 bahasa Sunda semester 1
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna ....
Sisindiran
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Tatarucingan
Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya éta kecap mimiti dina jajaran ....
Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua
Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi
Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua
Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya éta padeukeutna sora dina jajaran ....
Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang
Ka-3 jeung ka-4 eusi
Ka-2 jeung jajaran ka-3
Ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4
Ka-1 jeung jajaran ka-3
Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nya éta ....
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
Piwuruk, sésébréd, silihasih
Cangkang, eusi, wangsal
Wawangsalan, tatarucingan, paparikan
Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
Téks:
Mawa peti dina sundung
Dibawa ka Nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung,
Kabisa teu beurat mawa
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ...
Wawangsalan
Tatarucingan
Teteguhan
Paparikan
Rarakitan
Ieu di handap aya wawangsalan:
Bibika tipung tarigu,
Ku engkang henteu kaharti
Wangsalna, nya éta ...
Kungkang
Bibika
Tipung
Kaharti
Roti
Kagiatan ngadu pamadegan (adu arguméntasi) boh sorangan-sorangan boh kelompok (grup) disebutna ...
Sawala
Biantara
Rapat
Rempugan
Debat
Panumbu catur dina sawala téh jalma anu boga wewenang pikeun ...
Ngatur lumangsungna sawala ti mimiti nepi ka réngsé
Milih alus henteuna kelompok anu sawala
Meunteun kelompok anu alus dina sawala
Nuliskeun kacindekan tina sawala
Mihak ka salasahiji kelompok pangjejer sawala
Ieu di handap sawatara pancén pangjejer dina debat, nya éta ....
Nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan nu disawalakeun
Némpas atawa mairan pamadegan ti pangjejer séjén nu teu sapaham
Ngagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur
Ngatur lancar henteuna debat ti mimiti nepi ka réngsé
Ngajejeléh panumbu catur jeung kelompok pangjejer séjén
Téks:
Pikasureun dijarumat,
Jarumna harga sasénan
Saluhureun kudu hormat,
......
Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nya éta ....
Sasama kudu ajénan
Hubungan dihargaan
Sahandapeun diajénan
Kulawarga kudu ajénan
Dulur baraya agéhan
