wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS 'Bahasa & Sastra Sunda' Kelas 6 Semester 1

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Srog deui di Tegalkalong. Ma Indeung katempo ngadadak eureun, dongko, tuluy nagog. "Ngiiik..." kareungeu aya sora. "Pa, nu ngik-ngikan!" Aka ngagebigkeun leungeun bapana. Duanana lumpat muru Ma Indeung. "Aya naon, Ma?" Bapa nyorotkeun sénter. "Tatu, Ujang, watir." Ma Indeung ngasongkeun anak  peucang, pulasna coklat semu beureum, sagedé ucing, tapi siga euweuh buntutan.

Dina paragraf di luhur Ma Indeung manggih anak peucang di ....

a)

Tegalkalong

b)

Pasirkalong

c)

Leuweung

d)

Jalan

2.

Anak peucang basa mimiti kapanggih ku Ma Indeung, dina kaayaan ....

a)

tunggara

b)

tatu

c)

bungah

d)

sedih

3.

Andra jadi pinunjul maca carpon di kacamatan. Kecap pinunjul ngagunakeun rarangkén  tengah ... .

a)

-ar-

b)

-pi-

c)

-um-

d)

-in-

4.

Keur - téh - gumading - meujeuhna – gedang

Susunan kalimah di luhur nu merenah nyaéta ... .

a)

gumading téh keur gedang meujeuhna

b)

gedang keur gumading téh meujeuhna

c)

gedang téh keur meujeuhna gumading

d)

gedang meujeuhna téh keur gumading

5.

Cing pangmeundeutkeun panto ( ... )                                                   

Tanda baca nu cocok pikeun ngeusian nu di kurungan nyaéta tanda baca ....

a)

tanda pananya

b)

tanda panyeluk

c)

tanda titik dua

d)

tanda gurat condong

6.

Barudak keur maraca carpon di kelas.

     Kecap barudak ngagunakeun rarangkén tengah nu asal kecapna ... .

a)

rudak + -ba-

b)

budak + -ar-

c)

baru + -dak-

d)

ba + -rudak-

7.

Teks di luhur nu maké aturan éjahan nyaéta ....

a)

Teks 1

b)

Teks 2

c)

Teks 1 jeung Teks 2

d)

Teks carita

8.

Mun diibaratkeun NKRI téh hiji tangkal. Tangkal NKRI kudu weweg, ngémploh héjo daunna, marakbak kembangna, tur meuhpeuy buahna. Sangkan tujuan Indonesia kahontal, sakabéh akar kudu gawé bareng nyiar saripati pikeun hirupna tangkal NKRI. Nurutkeun bacaan, Negara Kesatuan Republik Indonesia diibaratkeun ....

a)

Tangkal

b)

Akar

c)

Buah

d)

Daun

9.

Urang kudu daék ngaku kana kaunggulan sélér bangsa séjén. Sabalikna sélér bangsa séjén kudu bisa ngaku kana kaunggulan urang. Seler bangsa hartina ....

a)

tujuan bangsa

b)

prinsip bangsa

c)

suku bangsa

d)

ajén bangsa

10.

Kecap nu ngagunakeun rarangkén tukang -ning contona ....

a)

bakating

b)

tariking

c)

lebeting

d)

eusining

11.

Sava keur nyieun klipinng.

Kalimah di luhur di sebut ....

a)

Kalimah pasif

b)

kalimah aktif

c)

kalimah paréntah

d)

kalimah sipat

12.

Kalimah pasif nyaéta kalimah pagawéan anu jejerna nuduhkeun nu ngarandapan atawa nu kakeunaan pagawéan. Kalimah pasif contona ....

a)

Fitri moé raginang.

b)

Iksan nabeuh kendang

c)

Hanif keur ngapungkeun langlayangan.

d)

Baju dipoé ku Melati.

13.

Siti nuliskeun harga palawija. Kalimah nu kitu disebutna kalimah aktif.

      Siti dina kalimah aktif téh mangrupakeun ....

a)

jejer/ Subjek

b)

caritaan

c)

udagan

d)

katerangan

14.

Nurutkeun bacaan, préstasi Pa Ajip Rosidi lian ti pangarang ogé anjeunna ....

a)

ngadosénan

b)

ngadegkeun organisasi

c)

ngayakeun rupi-rupi panalungtikan

d)

kabeh jawaban bener

15.

Pa Ajip Rosidi pinunjul dina widang basa sareung budaya, anjeunna kénging gelar ...

a)

doktor

b)

dokter

c)

doktor honoris causa

d)

doktorandus

16.

Éta budak téh buntut kasiran. Buntut kasiran hartina ....

a)

bageur

b)

pelit

c)

pinter

d)

soméah

17.

Ku ayana teknologi, kahirupan manusa di dunya jadi leuwih gampang jeung genah. Contona, kapungkur mah Pa Ajip Rosidi ngarangna dina mesin ketik. Ayeuna mah pangarang ngetikna maké komputer. Komputer mangrupakeun istilah ... .

a)

ekonomi

b)

sosial budaya

c)

digital

d)

teknologi

18.

Pun bibi ... Ka Ciwalén tadi sonten. Kecap nu luyu keur ngeusian titik-titik nyaéta ... .

a)

mios

b)

angkat

c)

miang

d)

ingkig

19.

Jejer pokok dina paragraf kahiji nyaéta ....

a)

Pa Mochtar sering ngadugikeun gagasanana dina karangan.

b)

Buku karangan anjeunna di antawisna Pangantar Hukum Internasional, Hukum Laut Internasional, Bunga Rampai Hukum Laut, sareung nu sanésna.

c)

Pa Mochtar téh seneng kana musik klasik.

d)

Upami nyaba ka mancanagara, anjeunna sok sumping kana pintonan musik klasik.

20.

Globalisasi bisa dihartikeun prosés ngaronjatna hubungan internasional antarnagara di sakuliah dunya. Ciri globalisasi nu bener nyaéta ....

a)

sumebarna barang jeung gagasan beuki gampang

b)

hiji nagara teu gumantung ka nagara séjén

c)

hubungan dagang antarnagara ngurangan

d)

teu aya pangaruh globalisasi

21.

Perhatikeun gambar!

Alat komunikasi dina gambar ngaranna ....

a)

hapé

b)

telepon

c)

telegram

d)

telegraf

22.

Aya mangsana Doni meunang panglandi si Raja Donlod. Babaturanana nu ngalélér éta gelar téh. Bisa jadi mimitina heureuy. Doni nu narimana éra aya, hémeng aya. Ngan sanggeus sababaraha balikan uleng dipikiran, karasa bet sindiran lemes nu karampa tina éta landian téh. Pédah Doni kabarandungan kokomoan kana internét.

Doni disebut si Raja Donlod, sababna nyaéta ....

a)

uleng dina internét

b)

landian dina internét

c)

kabarandungan dina internét

d)

kokomoan dina internét

23.

Doni meunang panglandi si Raja Donlod. Kecap panglandi diwangun ku rarangkén      -pang jeung asal kecap landi. Harti kecap landi nyaéta pikeun ngaganti ....

a)

tempat

b)

waktu

c)

ngaran

d)

alamat

24.

ngalantarankeun - kamajuan - téknologi informasi - globalisasi.

Kalimah nu merenahpikeun ngabenerkeun kalimah di luhur nyaéta ... .

a)

globalisasi ngalantarankeun kamajuan téknologi informasi. 

b)

kamajuan téknologi informasi ngalantarankeun globalisasi.

c)

téknologi informasi ngalantarankeun kamajuan globalisasi.

d)

kamajuan globalisasi ngalantarankeun téknologi informasi.

25.

Globalisasi asalna tina globalization, populér asalna tina popular, bisnis asalna tina business. Kecap-kecap di luhur mangrupakeun kecap nu asalna tina basa ... .

a)

Inggris

b)

Walanda

c)

Perancis

d)

Jerman

26.

Agus, Aep, Ujang jeung Komar keur "arulin" di taman kota. Kecap "arulin" asalna tina kecap ulin anu make rarangken "ar". Rarangken ar ngandung makna ... .

4 lines
27.

Pek ku hidep robah kecap di handap make rarangken "ar" !

- Indit

- Asup

- Usik

- Asak

- Isuk

(a)  

28.

Ku Ayana Teknologi jeung globalisasi kahirupan manusa di dunya jadi leuwih gampang. Pek ku hidep jelaskeun naon wae manfaat tina teknologi anu aya dina kahirupan sapopoe … .

4 lines
29.

Dina paribasa sunda aya istilah “Cikaracak Ningang batu, laun-laun jadi legok”. Makna tina paribasa diluhur teh nyaeta … .

4 lines
30.

rayan jadi pinunjul ka 3 dina lomba ngabodor sorangan (borangan) festival tunas bahasa ibu provinsi jawa barat. rayan teh ngawakilan kota cimahi pikeun tampil di tingkat provinsi. rayan teu gawe sorangan, aya guru-guru anu ngabimbing ti awal eta festival dimimitian, salah sawiosna pak anwar. pak anwar the anu mang nyieunkeun materi bobodoran pikeun rayan tampil.

Pek ku hidep salit paragraph diluhur, tuluy benerkeun ejaan jeung panulisan anu can merenah!

4 lines