WorksheetsTRY OUT KAHIJI BAHASA SUNDA
Total questions: 40
Worksheet time: 40mins
Upacara nyerahkeun hasil tatanen ka pamingpin daerah salaku bukti rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci tos masihan kamakmuran ka urang sadaya disebutna upacara ....
seren taun
hajat sasih
satu sura
muharam
Pamingpin warga kampung adat Sindang Barang atwa kampung Baduy disebutna ....
eyang
embah
punduh
pu'un
Di kampung adat sakabeh imahna kudu mangrupa imah panggung sabab ....
biaya imah leuwih murah
leuwih kuat tibatan imah tembok
babari dina waktu pindah imah
model imah leuwih alus
Kampung adat di Jawa Barat kaasup loba, di antarana Kampung Naga perenahna di Desa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten ....
Garut
Sukabumi
Tasikmalaya
Bandung
Di Kampung adat Kuta aya leuweung tutupan nu disebut leuweung gede,lamun urang rek asup ka jero leuweung loba pantranganna di antarana teu meunang ....
make baju nu alus
mawa duit
make sapatu/sendal
ngajak ngomong ka batur
Dina poe Salasa,Rebo jeung Saptu urang kampung Naga teu meunang nyaritakeun ....
sajarah lemburna jeung karuhunna
kaayaan lemburna
sajarah karuhun kampung sejen
sajarah kampung sejen
Sakabeh warga kampung adat miboga ciri hirupna ..... jeung motekar .
sangsara
basajan
awuntah
pedit
Di Kampung adat Naga aya wangunan nu disebut bumi ageung nu sok digunakeun pikeun tempat ....
narima tamu ti luar kampung
nyimpen barang pusaka
musawarah mun masarakat aya masalah
ngayakeun upacara adat
Mun urang atawa tamu nu hayang asup ka jero leuweung gede kudu menta idin heula ka .....
kokolot
punduh
kuncen
sesepuh
Mang Jana mah gawena ngurus kuda nu Pa Haji, mun rek panggih mah sok we ka kandang kuda.Kandang kuda disebutna ....
gedogan
karamba
karapyak
karangkeng
Pupuh nu miboga watek kagumbiraan nyaeta ...
dangdanggula
sinom
gurisa
asmarandana
Pupuh Dangdanggula jumlah padalisanna aya .... padalisan.
tujuh
dalapan
salapan
sapuluh
Bagian tina wangun pupuh nu mangrupa sora tungtung dina unggal padalisan disebutna ....
guruwilang
gurualok
gurulagu
gurukawih
Pupuh nu boga watekna kaagungan nyaeta ....
dangdanggula
sinom
kinanti
mijil
Pupuh loba watekna saperti pupuh nu boga watekna ngadago nyaeta pupuh ....
lambang
kinanti
sinom
balakbak
Pupuh Sunda jumlah sakabehna aya .... pupuh.
sapuluh
dua belas
tujuh belas
dua puluh
Novel Patepung di Bandung dikarang ku .....
Aam Amalia
Taufik Faturohman
Ki Umbara
Tatang Sumarsono
Novel nu mimiti /munggaran medal nyaeta novel ....
Si Paser
Baruang ka nu ngarora
Guha legok pari
Patepung di Bandung
Pesen moral nu ditepikeun ku pangarang pikeun nu maca carpon disebutna ....
adegan
alur carita
amanat
watek palaku
Ciri tina novel ,salah sahijina caritana mangrupa ....
carita pangalaman
carita saduran
carita rayat
carita pantun
Dina novel Patepung di Bandung ,Kondi ngarasa sedih sabab indung bapana rek papisah ku lantaran ....
bapana gering parna
faktor ekonomi nu kurang
indungna embung ngurus Kondi
Kang Odong jadi budak baong
Novel nu dikarang ku Mohamad Ambri di antarana ....
Lembur Singkur
Numbuk Di Sue
Baruang Ka Nu Ngarora
Patepung Di Bandung
Dina carpon aya nu ngarupakeun runtuyan carita nu diwangun ku kajadian - kajadian nu aya disebut ...
tema
watek
amanat
alur
Bedana carita pondok jeung novel dina hal kajadian nyaeta ....
kajadian dina carpon loba
kajadianna leuwih rame ti carpon
kajadian dina novel leuwih ruwet ti carpon
kajadian dina carpon pikeun palaku utama wungkul
Dina waktu biantara urang kudu boga sikep nu bener nyaeta ….
leley bisa nurunkeun emosi
teges mawa pangaruh
sumanget pisan
tenang jeung sawajarna
Kahatur ibu sareng bapa guru nu dipihormat ,katut sadayana rerencangan wilujeng siang. Langkung ti payun urang muji sukur ka Gusti nu Maha Suci yen urang tiasa sasarengan kempel di tempat ieu kalawan sarehat.
Ungkara di luhur teh mangrupa bagean tina biantara nu disebut …
eusi
bubuka
panutup
pangbagea
Basa nu digunakeun nalika biantara make basa … sabab pikeun ngahargaan ka parahadirin..
loma
sedeng
lemes
kasar
Sangkan biantara keuna sasaran, sahadena biantara teh dijieun heula …
amanatna
tujuanna
naskahna
bubukana
Naskah drama nu dikarang ku Koko Koswara nyaeta ....
Si Kabayan
Pangeran Samudra
Lutung Kasarung
Panji Wulung
Sakitu nu tiasa kapihatur ti Simkuring mugia dihapunten bilih aya kekecapan nu teu merenah kana manah, hatur nuhun kana perhatosanna.
Kalimah di luhur mangrupa conto …. dina biantara.
panutup
eusi
bubuka
salam pangbagea
Sikep urang dina biantara dina nyaritakeun eusi kudu … jeung ... ngarah parahadirin ngartieun
panjang jeung gancang
pondok jeung lalaunan
singget jeung jelas
panjang jeung lalaunan
Bagian panutup tina hiji pintonan drama nu eusina kasimpulan (makna dan pesan) tina drama nu dimaenkeun sarta katerangan sakabeh tokoh dina hiji pintonan drama disebutna ....
monolog
epilog
dialog
prolog
Drama Sunda nu paguneman palakuna kudu ditembangkeun nyaeta ...
gending karesmen
sandiwara
tunil
pantomin
Naskah drama Sirung Pajajaran dikarang ku ....
R. Hidayat Suryalaga
Wahyu Wibisana
Arthur S Nolan
Yoseph Iskandar
Bedana dongeng jeung carpon di antarana ....
palaku dina carpon sarua barudak wungkul
dina carpon mah ngaran pangarangna ditulis
dongeng jeung carpon mah caritana pamohalan
carita dina carpon pasti rame tibatan dongeng
Runtuyan kajadian dina carita pondok disebutna ....
amanat
latar
palaku
alur
Unsur - unsur tina carita pondok nu ngajelaskeun ngaran - ngaran nu ngalalakon dina carita disebutna .....
palaku
jejer
latar
alur
Naskah drama nu mangrupa gending karesmen dikarang Rd. Kartabrata jeung Sayudi nyaeta ....
Lutung Kasarung
Panji Wulung
Purbasari Ayu Wangi
Prabu Siliwangi
Pupuh nu jumlah padalisanna lima nyaeta ….
Lambang
Kinanti
Magatru
Pangkur
Pupuh nu jumlah padalisanna aya salapan padalisan disebutna ...
gurisa
mijil
dangdanggula
sinom
