Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

QUIS PAKEMAN BASA

Total questions: 30

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Idiom dina basa sunda disebutna ….

a)

Paribasa

b)

Babasan

c)

Caturangga

d)

Pakeman basa

2.

ungkara basa nu dipaké harti injeumanana sarta eusina mangrupa babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan jeung pasipatan jelema disebut…

a)

babasan

b)

rakitan lantip

c)

paribasa

d)

cacandran

3.

usaha ku modal leutik, hasilna ogé moal gedé harti tina paribasa....

a)

buburuh nyatu diupah béas

b)

ayakan mah tara meunang kancra

c)

mapatahan ngojay ka meri

d)

héjo tihang

4.

budak sakola mah tugas pokona diajar lain ulin teu puguh, tapi kalolobaanana ayeuna loba pisan budak sakola anu ngamomorékeun kana pelajaran. ari pelajaran diantep kalah migawé pagawéan anu teu perlu. paribasa anu merenah pikeun kaayaan di luhur téh nya éta.....

a)

adéan ku kuda beureum

b)

lauk buruk milu mijah

c)

adat kakurung ku iga

d)

cul dogdog tinggal igel

5.

uga mangrupa pakeman basa anu eusina ngeunaan …

a)

kaayaan hiji daerah

b)

kaayaan hiji jalma dina kahirupan

c)

kaayaan nagara dina mangsa nu bakal datang

d)

kaayaan nagara dina mangsa nu geus kasorang

6.

caturangga téh pakeman basa anu eusina ngeunaan hadé goréngna pasipatan ….

a)

Ucing

b)

Jelema

c)

Manuk

d)

Kuda

7.

amis budi kaasup kana ….

a)

paribasa

b)

babasan

c)

cacandran

d)

caturangga

8.

babasan panjang leungeun hartina ….

a)

sok cukat cokot barang batur

b)

adigung (sombong)

c)

hésé dititah

d)

watek anu hésé dirobahna

9.

cikaracak ninggang batu

……………………………………..

lengkepan paribasa diluhur ku kalimah anu bener!

a)

ka cai jadi saleuwi

b)

buruk-buruk papan jati

c)

tinggal igel

d)

laun-laun jadi legok

10.

babasan anu hartina teu boga kaéra nyaéta ….

a)

béngkok tikoro

b)

kandel kulit beungeut

c)

asa kabur pangacian

d)

awak sampayan

11.

dina wangunna, paribasa téh mangrupa ….

a)

kecap kantétan

b)

kalimah

c)

paragraf

d)

gabungan dua kecap

12.

anu kaasup kana pakeman basa nyaéta ….

a)

Rakitan lantip

b)

rarakitan

c)

rakitan basa

d)

rakitan matok

13.

anu matak disebut pakeman basa téh lantaran....

a)

susunan kecapna disaluyukeun jeung maksudna

b)

susunan kecapna bisa dirobah-robah

c)

susunan kecapna teu bisa ditangtukeun

d)

susunan kecapna geus matok teu bisa dirobah-robah

14.

sukapura ngadaun ngora." ungkara éta téh kaasup ....

a)

caturangga

b)

paribasa

c)

cacandran

d)

babasan

15.

anu kaasup caturangga, iwal....

a)

satria kinayungan

b)

sumur bandung

c)

sekar panggung

d)

satria pinilih

16.

anu kaasup paribasa wawaran luang, iwal...

a)

buburuh nyatu diupah béas

b)

kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

c)

ayakan mah tara meunang kancr

d)

bébék ngoyor ka sagara, rék nginum néangan cai

17.

anu kaasup paribasa pangjurung laku hadé nyaéta...

a)

kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

b)

ayakan mah tara meunang kancra

c)

ngeupeul ngahuapan maneh

d)

cul dogdog tinggal igel

18.

anu kaasup paribasa panyaram lampah salah nyaéta...

a)

Ulah kuméok saméméh dipacok

b)

kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

c)

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak

d)

ayakan mah tara meunang kancra

19.

kadé ulah nepi ka jati ka silih ku...

a)

kai

b)

jahé

c)

jéngkol

d)

junti

20.

jalma anu soméah hadé ka sémah, ramah tamah disebutna ….

a)

panjang leungeun

b)

amis budi

c)

gedé hulu

d)

amis daging

21.

aya paribasa "ayakan mah tara meunang......"

a)

lauk

b)

guramé

c)

lélé

d)

kancra

22.

babasan kokolot begog hartina...

a)

budak nu ngomongna siga kolot

b)

kolot anu euweuh kanyaho kawas budak

c)

kolot anu kalakuana siga budak

d)

budak anu beungeutna kolot

23.

aya paribasa "moro ...... ngaleupaskeun peusing."

a)

uncal

b)

langlayangan

c)

julang

d)

bagong

24.

Ngajarkeun jalma anu leuwih pinter téh harti tina paribasa ….

a)

buburuh nyatu diupah béas

b)

ayakan mah tara meunang kancra

c)

mapatahan ngojay ka meri

d)

héjo tihang

25.

Lengkepan paribasa ieu di handap!

bandung heurin ku ...

a)

gedung

b)

tangtung

c)

jelema

d)

gunung

26.

sukapura ngadaun ngora mangrupa cacandran pikeun kota...

a)

bandung

b)

sumedang

c)

tasikmalaya

d)

bogor

27.

...... ngagugulung kalapa

a)

bagong

b)

monyét

c)

gajah

d)

lutung

28.

paribasa nu pas pikeun ngagambarkeun antara persib jeung persija nyaéta...

a)

gedé hulu

b)

panjang leungeun

c)

cul dogdpog tinggal igel

d)

pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian

29.

galunggung ngadeg tumenggung, hartina..

a)

gunung galunggung moal bakal meletus

b)

gunung galunggung bakal meletus

c)

gunung galunggung moal kajadian nanaon

d)

gunung galunggung bakal ngadeg kokoh

30.

sagalak-galakna ......., tara ngahakan anakna.

a)

Maung

b)

anjing

c)

monyét

d)

oray