wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

WAWANCARA

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara disebutna wawancara...

a)

Bèbas

b)

Kauger

c)

Madya kauger

d)

Madyabèbas

2.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna...

a)

Paguneman

b)

Sawala

c)

Konfèrènsi

d)

Wawancara

3.

Ieu dihandap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara nyaéta...

a)

Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogè aktualitas fakta

b)

Nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

Ngèra-ngèra jalma anu diwawancara

d)

Konfirmasi keur babandingan data

4.

Ku ayana kamekaran téknologi, wawancara gè bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut...

a)

Mèdia sosial

b)

Video conference

c)

Video converter

d)

Mèdia massa

5.

Wawancara tèh dina basa Inggris disebutna...

a)

Interaksi

b)

Interview

c)

Interval

d)

Intermedia

6.

Struktur wawancara anu bener nyaéta...

a)

Bubuka, eusi, pamungkas

b)

Bubuka, dialog, pamungkas

c)

Salam, eusi, panutup

d)

Salam, pananya, panutup

7.

Daftar pananya tèh hadèna dumasar kana unsur berita nyaéta...

a)

5W+1H

b)

Faktual

c)

Aktual

d)

Tema

8.

Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nyaéta...

a)

Ditungtungan ku tanda pananya

b)

Ngandung kecap pananya

c)

Miharep rèsponsi nu mangrupa jawaban

d)

Miharep résponsi nu mangrupa tindakan

9.

Anu kaasup tatakrama paripolah nyaéta, Iwal...

a)

Cara dahar jeung nginum

b)

Cara diuk

c)

Cara leumpang

d)

Lentongna sora

10.

Wawacara mandiri, wawancara kelompok, jeung wawancara konferénsi. Mangrupa Wanda wawancara dumasar kana...

a)

Sosial

b)

Carana

c)

Pungsina

d)

Tujuana

11.

CM : "Assalamualaikum, nepangkeun abdi Ardiansyah ti Majalah Cupumanik.

DKS : "Deden. Mangga linggih! Aya nu tiasa dibantos?

CM : "Seja wawancara perkawis peranan dalang kana atikan"

Teks di luhur kaasup kana bagian...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Dialog

12.

Jawaban-jawaban ti nu diwawancara gumantung kana pananya anu diasongkeun, tapi umumna mangrupa...

a)

Paragraf eksposisi jeung paragraf arguméntatif

b)

Paragraf arguméntatif jeung paragraf komunikatif

c)

Paragraf déskriptif jeung paragraf komunikatif

d)

Paragraf déskriptif jeung paragraf ékspositoris

13.

Program siaran "Mata Najwa" kaasup kana wawancara...

a)

Wawancara konferénsi

b)

Wawancara mandiri

c)

Wawancara kauger

d)

Wawancara bébas

14.

Ngaliput kajadian kacalakaan lalu lintas di TKP , kaasup kana wawancara...

a)

Wawancara kauger

b)

Wawancara bébas

c)

Wawancara kelompok

d)

Wawancara konferénsi

15.

Sawatara hal anu perlu diéstokeun nalika wawancara, Iwal ti ...

a)

Muguhkeun informasi naon anu rék dikumpulkeun

b)

Nyiapkeun alat rékaman

c)

Nangtukeun saha anu rék diwawancara

d)

Nyusun angkét wawancara