NEW
Font size
WorksheetsKuis Warta
Total questions: 10
Worksheet time: 2mins
Baca cutatan téks ieu di handap!
Himpunan Mahasiswa Pendidikan Geografi ngayakeun acara Geografi Punya Seni. Éta acara nu dieuyeuban ku konsér musik, bazar, national geography ambassador, téh nyangga téma Konser Limbah. Acara nu diayakeun dina tanggal 24 Desember 2016 di Gedung Amphitéater UPI téh diluuhan ku mangpirang unsur civitas akademik katut para ondangan.
Numutkeun struktur warta, téks di luhur kaasup struktur warta dina bagéan ….
Judul warta
Téras warta
Waruga warta
Eusi warta
Pamungkas warta
Demi nu ngalantarankeun ayana robah alam téh dipangaruhan ku kagiatan manusa nu geus henteu jadi Khalifah fil Ardhi, nyaéta ngokolakeun, ngatur, jeung ngajaga alam. Manusa kiwari bet ngaruksak alam.
Cutatan warta di luhur ngandung unsur warta ….
Naon
Kumaha
Naha
Iraha
Dimana
Pamiarsa, Tanggara Pasundan dinten ieu, urang cekapkeun dugi ka dieu. Aya saut ti sepuh urang, “Di nu kiwari ngancik nu bihari. Seja ayeuna sampeureun jaga”. Mugia janten lenyepaneun kanggo urang sadaya. Ngawakilan nu ngokolakeun Tanggara Pasundan, sim kuring pun Dena Mustika Gumilang, seja amit mungkur amit mundur. Wassalamualaikum Wr. Wb. Hurip Sunda!
Omongan di luhur mangrupa omongan nu mawakeun warta dina bagian ….
Téras warta
Bubuka warta
Waruga warta
Eusi warta
Pamungkas warta
Arusahana tukang déldom ti isuk, kira-kira jam 06.00, nepi ka kira-kira jam 17.00. unggal poé gé teu weléh ramé ku barudak anu ngahaja arulin bari hayang tarumpak déldom. Komo nincak bulan puasa mah, tumpak déldom téh kacida dipikaresepna ku barudak nu keur ngabuburit. Ongkoh deui ongkosna teu pati mahal, Rp 3.000,- keur sakali ngurilingan alun-alun Garut kota.
Unsur utamana anu aya dina sempalan warta di luhur nyaéta ….
Iraha
Saha
Dimana
Kumaha
Naha
Ajén warta mangrupa niléy-niléy anu kudu kacumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa jadi warta. Salasahijina nyaéta ajén waktu (timeliness), hartina warta kudu anu karék atawa keur lumangsung. Ieu di handap mangrupa warta anu nyumponan ajén waktu ….
Himpunan Mahasiswa Pendidikan Geografi ngayakeun acara Geografi Punya Seni. Acara nu diayakeun dina tanggal 24 Desember 2016 di Gedung Amphitéater UPI téh diluuhan ku mangpirang unsur civitas akademik katut para ondangan.
Arusahana tukang déldom ti isuk, kira-kira jam 06.00, nepi ka kira-kira jam 17.00. unggal poé gé teu weléh ramé ku barudak anu ngahaja arulin bari hayang tarumpak déldom.
Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparat pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu resmi.
“Vaksinasi dua dosis anu geus aya ayeuna geus efektif kana Omicron. Booster diperlukeun pikeun anu geus ngaliwatan lima bulan vaksinasi nu kadua”, ceuk Dicky Budiman, saptu (5/2/2022).
Éta kajadian téh teu wudu matak ngagareuwahkeun warga di dinya. Pangna kitu téh duméh éta angkot ujug-ujug nabraak témbok jambatan nu kawilang anggang ti sisi jalan.
Waruga mangrupa eusi atawa inti warta. Dina waruga didadarkeun kajadian, karakteristik kajadian, waktu jeung tempat kajadian, ogé saha anu kalibet dina kajadian anu dilaporkeun. Ku kituna pikeun ngagambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya ….
Naon, ku naon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha
Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana
Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana
Unsur warta diwengku ku kecap pananya anu dipaké pikeun ngagambarkeun warta kalawan gembleng. Kecap pananya pikeun nanyakeun kaayaan di tempat lokasi kajadian, nyaéta ….
Naon
Mana
Kumaha
Naon sababna
Naha
Acara milangkala majalah Manglé kaitung ramé. Tamu ondangan nu daratang loba pisan, malah aya nu nepi ka teu kabagéan korsi. Ieu jadi bukti yén Manglé tetep jadi pameungkeut urang Sunda jeung jadi tempat anjang sono sarta lawungan urang Sunda. Ieu acara ogé disumpingan ku Gupernur Jawa Barat jeung staf pamaréntahan, para inohong Sunda, budayawan, sarta para réktor jeung civitas akademika ti paguron luhur saperti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.
Ide poko warta di luhur nyaéta ngawartakeun ngeunaan ….
Anu daratang ka acara milangkala majalah Manglé
Acara milangkala Manglé ramé pisan
Milangkala Manglé jadi ajang sono urang Sunda
Gupernur Jawa Barat sumping ka acara milangkala manglé
Civitas akademika nu sumping kayaning ti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.
“Misi anu langkung mulya mah teu aya sanés kanggo miara sareng najeurkeun perdamaian di papada nagara-nagara nu kalebet janten anggota Osaka in The World,” ceuk Drs. Ahmad Dahidi, MA.
Kalimah pananya anu merenah pikeun meunangkeun jawaban wawancara warta di luhur nyaéta ….
Kumaha misi dina kagiatan Osaka in The World téh?
Naha misi dina kagiatan Osaka in The World téh?
Ku naon misi Osaka in The World bisa kalaksana?
Naon misi dina kagiatan Osaka in The World téh?
Kumaha anggota misi Osaka in The World téh?
Salasahiji hal anu didadarkeun dina waruga nyaéta saha waé anu kalibet dina kajadian. Ieu di handap mangrupa warta anu ngajelaskeun hal éta ….
Milangkala majalah Manglé anu ka-58 geus lekasan. Ieu acara digelar di Aula Barat Gedong Saté, Jl. Diponegoro Bandung, Saptu, 21 Nopember 2015.
Nepi ka ayeuna, ieu majalah terus medal kalawan midangkeun tulisan-tulisan nu ngandung ajén inajén kasundaan.
Sanajan aya dina jaman globalisasi, majalah mingguan basa Sunda Manglé teu pareumeun langganan.
Eusi majalah Manglé téh nepika ayeuna tetep pada mikareueus. Sabab, pedaranna lain saukur méré wawasan ngeunaan kasundaan, tapi ogé medar perkara pangajaean basa Sunda keur barudak sakola.
Ieu acara ogé disumpingan ku Gupernur Jawa Barat jeung staf pamaréntahan, para inohong Sunda, budayawan, sarta para réktor jeung civitas akademika ti paguron lihur saperti ITB, Unpad, UPI, jeung Unpas.
