wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Artikel

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu disebut . . .

a)

éséy

b)

artikel

c)

warta

d)

makalah

e)

skripsi

2.

Aya hal anu ngabédakeun antara pedaran jeung artikel, nyaéta . . . .

a)

panjang pondokna karangan

b)

alus goréngna basa nu digunakeun

c)

eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah

d)

aya henteuna daptar rujukan

e)

wangun huruf atawa font anu digunakeun

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel, nyaéta . . . .

a)

baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat

b)

dicatet sakabéh eusina kana buku catetan

c)

catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel

d)

mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel

e)

jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

4.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta . . . .

a)

judul

b)

alinéa bubuka

c)

alinéa panandes

d)

alinéa pamungkas

e)

alinéa panambah

5.

Situs Mégalitik Gunung Padang disebut-sebut ku para ahli Arkéologi mangrupa situs mégalitik pangrohakana di . . . .

a)

Asia Tenggara

b)

Jawa Barat

c)

Indonésia

d)

dunya

e)

Asia Selatan

6.

Dina taun 1980 diayakeun survéy ilmiah, anu nyindekkeun yén batu di Gunung Padang kaasup kana batu . . . .

a)

koral

b)

gamping

c)

permata

d)

andesit

e)

parekesit

7.

Alinéa anu eusina ngébréhkeun lumangsungna peristiwa atawa kajadian, boh nu sipatna nyata atawa rékaan, disebutna alinéa . . . .

a)

arguméntasi

b)

déskripsi

c)

éksposisi

d)

pérsuasi

e)

narasi

8.

Dina carita pantun, anu mindeng disebut-sebut salaku nu ngawasa Gunung Padang téh nyaéta . . . .

a)

Nyi Pohaci Déwi Sri

b)

Déwi Durga

c)

Guiang Tunggal

d)

Guriang Tujuh

e)

Sunan Ambu

9.

Dina taun 1982, pemugaran Gunung Padang dieureunkeun lantaran . . . .

a)

gawir di Gunung Padang urug

b)

masarakat sabudeureun Gunung Padang démo teu panuju

c)

Arkénas kakurangan waragad keur pamugaran

d)

lebu Gunung Galunggung ngubur situs Gunung Padang

e)

batu-batuna parageuh teu bisa dionggét-onggét

10.

Dicaritakeun yén Prabu Siliwangi kungsi tatapa di Gunung Padang. Ngaran sohor séjénna ti Prabu Siliwangi nyaéta . . . .

a)

Raja Sunda

b)

Ratu Haji

c)

Jagat Déwata

d)

Permana Dikusumah

e)

Sri Baduga Maharaja