Font size
WorksheetsIklan Layanan Masarakat
Total questions: 12
Worksheet time: 6mins
Salah sahiji cara pikeun ngawanohkeun, nawarkeun atawa mere informasi ngeunaan hiji barang disebut ..............
biantara atawa pidato
iklan atawa sambung layang
warta atawa berita
wawaran atawa pengumuman
Iklan anu aya hubunganana jeung kauntungan, boh kauntungan material boh kauntungan non material disebut ................
iklan layanan
iklan produk
iklan non komersil
iklan komersil
Anu dimaksud iklan layanan masarakat nyaeta ...............
Iklan anu ditujukeun ka masarakat sarta miharep kauntungan
Iklan anu ditujukeun ka balarea tur miharep kauntungan
Iklan anu ditujukeun ka masarakat bari heunteu miharep kauntungan
Iklan anu ditujukeun ka masarakat ngan nu aya di hiji daerah
Iklan layanan masarakat kaasup ………….
iklan komersil
iklan non komersil
iklan layanan
iklan produk
Cara nuliskeunana kalimah parentah biasana ditungtungan ku …………..
Tanda titik
Tanda koma
Tanda seru / panyeluk
Tanda tanya
Kalimah parentah teh bisa dibagi jadi sababaraha golongan, diantarana …………
Kalimah panitah
Kalimah pangjurung
Kalimah pangajak
Jawaban a, b jeung c bener
Kalimah anu eusina nyaram nu lian milampah pagawean, nyaeta ………….
Kalimah panyaram
Kalimah pangharepan
Kalimah panitan
Kalimah pangjurung
- Jung atuh rek sakola mah, bisi kabeurangan !
- Geura sare , Jang , geus peuting !
Kalimah diluhur kaasup kalimah ………….
pangjurung
pangharepan
pangajak
panitah
Anu lain kaasup kana poster iklan nya éta …
Conto iklan layanan masarakat di handap ngandung eusi sangkan....
Masarakat kudu nutup keran mun geus mandi
Masarakat kudu ngahemat pulsa
Masarakat kudu ngahemat cai
Masarakat kudu make keran hejo ngarah hemat cai
Kalimah iklan layanan masarakat anu saluyu jeung gambar nyaéta....
A. "Cai Beresih teh Sumber Kahirupan Urang Sadaya."
B."Roko bisa Maehan Anjeun!"
C."Sing Taat Kana Rambu-rambu Lalu Lintas"
D. "Mayar Pajak Ulah Telat!"
Conto iklan di luhur ka asup kana jenis iklan ...
Komersil
Non Komersil
Produk
Jasa
