wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

uts bahasa sunda kelas 6 semester 2

Total questions: 35

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Déni nuju nulis teks biantara di pagupon.

Biantara hartina nyaéta ....

a)

Pidato

b)

Wawancara

c)

Seminar

d)

Nyarita

2.

kalimah tanya anu bener nya eta ...

a)

Dinteun ieu abdi milangkala

b)

geura uih !

c)

Adi jeung ujang angkat ka sakola

d)

Dimana imahna kokom?

3.

Dina carpon aya unsur-unsur di handap ieu, iwal ....

a)

palaku

b)

wirahma

c)

latar

d)

galur

4.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar- , nyaeta ....

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

5.

Aya sabaraha rupa wawancara?

a)

opat

b)

genep

c)

dua

d)

tilu

6.

Ngaronjatna silih pakait pangabutuh, sakumaha masyarakat warga dunya dina kahirupan kaayan anu lumangsung dina zaman ....

a)

baheula

b)

kiwari

c)

globalisasi

d)

perang

7.

Ibu-ibu jaman kiwari mah gampil hayang bisa nyieun bolu téh kari lalajo pidio wéh dina ….

a)

email

b)

web

c)

youtube

d)

yahoo

8.

Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .

a)

masak

b)

papan

c)

kai

d)

meja

9.

Alhamdulillah, dina dinten ieu urang sadayana tiasa patepag lawung, paamprok jonghok. Kiwari, cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, urang keda papisah paturay tineung.

Makena basa dina kalimah di luhur teh, kaasup...

a)

Salam bubuka

b)

Bagian bubuka

c)

Bagian eusi

d)

Bagian panutup

10.

Impor nyaeta istilah kanggo...

a)

Ngajual barang ka luar negeri

b)

Ngadatangkeun barang ti luar negeri

c)

Nukerkeun barang kana duit

d)

Tempat jual meuli barang dagangan

11.

Hartina meuli nyaeta...

a)

Ngajual barang ka luar negeri

b)

Ngadatangkeun barang ti luar negeri

c)

Nukerkeun duit kana barang dagangan

d)

Tempat jual meuli barang dagangan

12.

Mana wae anu kaasup hal anu diestokeun dina kagiatan wawancara? (Jawaban leuwih ti hiji)

a)

Muguhkeun informasi naon nu rek dikumpulkeun

b)

Nangtukeun saha nu rek diwawancara

c)

Nyiapkeun baju nu alus ker ngawawancara

d)

Nangtukeun waktu jeung tempat diayakeun wawancara

e)

Nyusun pedoman wawancara

13.

Penghasilan tina ngajual barang disebut oge...

a)

Order

b)

Meuli

c)

Produsen

d)

Omset

14.

Sebutan keur jalma anu ngalakukeun wawancara nyaeta...

a)

Pewawancara

b)

Narasumber

c)

Karyawan

d)

Reporter

15.

Sebutan keur jalma anu diwawancara nyaeta...

a)

Pewawancara

b)

Narasumber

c)

Karyawan

d)

Reporter

16.

Salam panutup anu merenah kanggo kagiatan biantara nyaeta...

a)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

b)

Sampurasun

c)

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

d)

Wilujeung enjing

17.

Esti meni resep pisan nganggo acuk warna kayas. Kayas dina bahasa Indonesia miboga arti...

a)

Merah

b)

Ungu

c)

Biru

d)

Merah muda

18.

Mana nu kurang merenah tina kalimat nu ngandunt istilah rasa di handap ieu?

a)

Gula rasana amis

b)

Uyah rasana asin

c)

Jeruk rasana haseum

d)

Kecap rasana lada

19.

Ngumpulkeun informasi mangrupakeun ... wawancara.

a)

tujuan

b)

jawaban

c)

arti

d)

rupa

20.

kecap pananya "kumaha" digunakeun pikeun nanyakeun ...

a)

ngaran jalma

b)

kaayaan

c)

kalakuan

d)

jumlah

21.

Kecap pananya "saha" biasana bisa diawalan ku sababaraha rarangken, iwal ....

a)

ku

b)

ti

c)

di

d)

ka

22.

Ngajual dagangan henteu meunang bati disebatna ....

a)

untung

b)

riba

c)

rugi

d)

bati

23.

Anu mangrupa conto kalimah pangajak, nyaeta ....

a)

Amir, pangnyokotkeun buku ka kantor, nya!

b)

Ded, coba gedean sorana radio teh!

c)

Mirna geura mandi, ulah ulin war!

d)

Jang, urang ulin ka Cipanas yu!

24.

Kamajuan jaman kudu dibarengan ku ….

a)

waragad

b)

katakwaan

c)

diajar

d)

listrik

25.

Di handap ieu alat-alat anu ngagunakeun listrik, iwal ….

a)

kulkas

b)

jam dinding

c)

komputer

d)

TV

26.

Di handap ieu anu teu kaasup kana téhnologi, nyaéta ….

a)

hateup

b)

kulkas

c)

parabola

d)

satelit

27.

Pikeun nuluykeun paribasa “legok tapak, . . . ,” Nyaéta ….

a)

réa luang

b)

jero kadék

c)

genténg kadék

d)

réa pangabisa

28.

Dodol kawentar ti daerah . . . .

a)

Sumedang

b)

Garut

c)

Bandung

d)

Ciamis

29.

“Sasakala Situ Bagendit” kaasup kana dongeng....

a)

sage

b)

pabel

c)

mite

d)

legenda

30.

Wasta kedah aya dina formulir. Wasta hartina...

a)

jenis kelamin

b)

nama

c)

alamat

d)

hobi

31.

Alamat bahasa Sundana nyaeta...

a)

wanoja

b)

padumukan

c)

wasta

d)

kalangenan

32.

Si Rahma mah lamun dititah ku indungna sok hampang birit. hampang birit hartina...

a)

males digawe

b)

hese dititah

c)

rajin digawe

d)

adigun

33.

Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal!

Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang (kancil) ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun (makanan). Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang (kancil), manéh ulah boga pikiran lumpat (lari). Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.


Cutatan di luhur kaasup kana jenis dongeng....

a)

babad

b)

sasakala

c)

fabel

d)

parabel

34.

"Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah." Paragraf di luhur ka asup kana biantara?

a)

Panutup

b)

Salam panutup

c)

Eusi

d)

Bubuka

35.

Waktos abdi ngasongkeun artos 10 rébu kanggo nyumbang kulawarga Ani nu pupus, Pa Guru teu langsung nampi, malah anjeunna neuteup. Réréncangan sakelas gé arolohok.

Ieu téh enya rék nyumbang 10 rébu,Win ? Pa Guru naros.

Muhun, waler abdi.

Gedé-gedé teuing! Pa Guru sapertos nu teu percanten. Atuda réréncangan mah paling ageung nyumbang sarébu.

Wios, da nuju gaduh!

Nya, ari kitu onaman, saurna, bari nampi artosna.

Hébat euy, Si Wini loba duitna! ceuk Feri.

Bapana ogé tuda kapala bank, ceuk Tini.

Enya,Win? Santi nu diuk gigireun nanya.

Abdi unggeuk. Mani asa rebéh irung.

(Diropéa tina carpon Sumbangan karya Winny Aisyah, Mangle Alit No 881)


Palaku dina cutatan carita pondok di luhur nyaéta....

a)

Wini, Pa Guru, Féri, Santi, Didi, jeung babaturan sakelas Wini.

Wini, Pa Guru, Féri, Abdi, Tini, jeung babaturan sakelas Wini.

b)

Wini, Pa Guru, Féri, Abdi, Tini, jeung babaturan sakelas Wini.

c)

Wini, Pa Guru, Féri, Santi, Tini, jeung babaturan sakelas Wini.

d)

Wini, Pa Guru, Féri, Santi, Ani, jeung babaturan sakelas Wini.