WorksheetsBabad
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Carita anu memper sajarah atawa sajarah anu dibungbuan ku dongeng disebut...
Babad
Fabel
Parabel
Mite
Sasakala
Carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salasahiji daerah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) eta wewengkon disebut
babad
fabel
parabel
mite
sasakala
Dumasar kana bukti-bukti anu kapaluruh, tradisi nulis babad teh atawa sumebarna babad, geus ti baheula mula, ti periodeu naskah keneh, manjang mangsana, nepi ka kurang leuwih awal ...
abad ka-20
abad ka-19
abad ka-18
abad ka-16
abad ka-17
Upama ditilik tina struktur caritana, boh anu ditulis dina wangun prosa boh dina wangun puisi, carita babad ngabogaan pola struktur carita anu meh sarua. Ieu di handap anu teu kaasup kana galur carita babad, nya eta...
Tokoh carita indit lalampahan
Tokoh carita meunang cocoba, halangan, harungan
Tokoh carita meunang pitulung
Tokoh carita hasil ngahontal pamaksudan
Tokoh carita ngarobah wujud diri
Titenan kecap ieu di handap!
"Puguh bae matak samagaha pikir, Paman. Kaula teh bingung kaliwat saking"
Kecap samagaha pikir, ngandung harti...
Poek pikiran alatan ku kabingung atawa kasedih
Bingung jeung susah pikiran
Hudang, cengkat ti enggon atawa tempat pangreureuhan
Ngomong, Nyarita
Mikanyaho
Titenan kecap ieu di handap!
"Sanggeus meunang pituduh kitu mah Sang Prabu lugay ti kamarna"
Kecap samagaha lugay, ngandung harti...
Poek pikiran alatan ku kabingung atawa kasedih
Bingung jeung susah pikiran
Hudang, cengkat ti enggon atawa tempat pangreureuhan
Ngomong, Nyarita
Mikanyaho
Titenan ungkara ieu di handap!
Sang Prabu tanggah ka langit, ngagereyem mapatkeun jampe Ajian Hong, "Hong, nya aing sukma dibya, sukma rasa sukma larang, gumawang tanpa cantelan..." Barang rengse, seak bae awakna melesat ka awang-awang. Sang Prabu hiber ka kulonkeun.
Kocapkeun Prabu siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah.
Dumasar kana sempalan carita diluhur, eta rumpaka teh kaasup kana bagean...
Unsur Dongeng
Unsur Sajarah
Galur
Latar
Tema
Titenan sempalan ieu di handap!
"Kabeneran Prabu Siliwangi patepung jeung Waliyullah. Harita keneh kongkorong bentang teh turun ti langit."
Nitenan sumpaka di luhur, sempalan di luhur kaasup kana bagian...
Unsur Sajarah
Unsur Dongeng
Palaku
Latar
Galur
Titenan sempalan ieu di handap!
"Syeh Kuro teu euereun-eureun muji syukur ka Allah Nu Maha Agung. Manehna kacida ngarasa bagjana lantaran Sang Prabu geus dipaparin hidayah tepi ka ngagem agama Islam"
Dumasar kana sempalan rumpaka diluhur, eta rumpaka teh kaasup kana bagean...
Unsur Sajarah
Unsur Dongeng
Galur
Palaku
Latar
Titenan sempalan carita ieu di handap!
"Aya anu hayang ditepaikeun ka Paman teh. Ceuk selenting beja, di Karawang aya hiji guru anu ngadegkeun pasantren sarta nyebarkeun agama Anyar"
Dumasar kana sempalan teks di luhur, eta rumpaka teh kaasup kana bagean...
Unsur Dongeng
Unsur Sajarah
Galur
Palaku
Latar
