WorksheetsUlangan wangunan kota Bandung
Total questions: 25
Worksheet time: 19mins
Wangunan nu aya di kota Bandung nu gunana pikeun kantor pamarentahan Jawa Barat nyaeta ....
gedong Merdeka
gedong Pakuan
gedong Sate
gedong Indonesia menggugat
Barudak rek diajar sajarah, matakna diajak ka ... nu aya di sabeulahna gedong Merdeka
museum Sri Baduga
museum KAA
museum Geologi
museum kantor pos
Gedong sate miboga ornamen tusuk sate di menara sentralna. Jumlah buleudan sate aya genep eta ngalambangkeun jumlah ....
biaya ngawangun gedongna
jalma nu garawe basa nyieun gedong
jalma nu mingpin di gedong eta engkena
lilana gedong eta diwangun
Gedong Sate perenahna/ ayana di Jalan ....
Dipati Ukur
Asia Afrika
Tamblong
Diponegoro
Gedong nu dipake tempat cicingna gubernur Jawa Barat nyaeta ....
gedong sate
gedong Pakuan
gedong Merdeka
gedong Indonesia menggugat
Villa Isola ayeuna dipake ku pamarentah pikeun kampus mahasiswa ....
Unpad
Unpas
UPI
Unjani
Museum nu dijieun pikeun mieling jasa para pahlawan nu bajuang dina peristiwa Bandung Lautan Api nyaeta museum ....
Sri Baduga
Mandala wangsit Siliwangi
Geologi Bandung
Konfrensi Asia Afrika
Villa Isola diwangun dina taun .... ku hartawan Walanda nu namina Dominique Willem Berretty.
1933
1943
1950
1955
Monju atawa disebut oge Monumen perjuangan Rakyat Jawa barat nu diresmikeun ku gubernur Jawa Barat nu namina ....
Nana Nuriana
Aang Kunaefi
Yogi S. Memet
Ridwal Kawil
Monumen Bandung Lautan Api ayana di ....
Gasibu
Tegalega
gedebage
Soreang
Gedong Merdeka dina taun 1921 direnovasi gede - gedean make arsitektur Van Gallen Las jeung C.P Wolf Schomaker ngagunakeun gaya ....
modern
Bali - Jepara
art deco
Eropa
Dina kaping 24 April 1980 Museum Konfrensi Asia Afrika (KAA) diresmikeun ku ....
Gubernur Jawa Barat
Prof . Dr .Mochtar Kusumaatmaja
Presiden Soeharto
Joop Ave
Kajadian Bandung Lautan Api teh, proses ngaduruk imahna bari pertempuran, utamana di daerah ....
Banjaran
Soreang
Ciparay
Dayeuh kolot
Kajadian Bandung Lautan Api teh dina tanggal ....
2 Desember 1945
23 Maret 1946
17 Februari 1949
23 Mei 1966
Gambar nu aya di gigir mangrupa wangunan nu aya di jalan Asia Afrika, boga sajarah, nepi ka ayeuna kokoh keneh nyaeta .......
gedong Pakuan
museum Mandala wangsit Siliwangi
museum Sribaduga
gedong Merdeka
Abdi neda bandros,ibu .... bandros
emam
tuang
dahar
mamam
Beni sare dina korsi panjang, bapa .... dina kasur .
mondok
peureum
kulem
bobo
Kuring indit ka sakola , abdi .... ka sakola.
miang
mulih
angkat
mios
abdi ngabantun buku, ibu guru .... buku.
mawa
nyokot
nyandak
nyuhunkeun
Kuring gering panas , nini .... panas.
teu damang
udur
hareeng
rieut
Abdi meser sayuran ,ibu .... sayuran.
meuli
ngagaleuh
nyokot
nukeuran
kuring mandi , Bapa ....di kamar mandi
ibak
babanjur
siram
mandi
Kuring balik, Bapa ....... ti Jakarta
datang
mios
mulih
wangsul
Bapa sumping, abdi .... ka bumi nini.
dongkap
datang
wangsul
mulih
kuring daek, abdi .... ti sakola.
hayang
kersa
purun
hoyong
