Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal US Basa Sunda Kelas 6

Total questions: 30

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Karangan dina wangun prosa anu ukuranana pondok disebutna ....

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

carita wayang

2.

"Wandi teh sakolana geus kelas VI". Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta ....

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Dimana Wandi teh sakolana?

c)

Sok kana naon Wandi teh indit sakolana?

d)

Kelas sabaraha Wandi teh sakolana?

3.

Latar dina carpon kabagi jadi dua nyaeta ....

a)

latar tempat

b)

latar waktu

c)

kajadian

d)

latar tempat jeung latar waktu

4.

Pesen pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca sok disebut ....

a)

A. alur

b)

B. latar

c)

C. palaku

d)

D. amanat

5.

Andi : .....

Éndah : "Di kelas téh aya barudak keur diajar basa Sunda."


kalimah tanya anu saluyu sareng jawaban Éndah téh nya éta...

a)

Naon nu aya di kelas?

b)

Saha nu aya di kelas?

c)

Kumaha nu aya di kelas?

d)

Keur naon nu aya di kelas?

6.

Salasahiji mahluk langka nu kudu dilindungan ku pamarentah nyaéta...

a)

japati

b)

komodo

c)

macan

d)

dinosaurus

7.

Salasahiji unsur carpon nya éta palaku, nu hartina..

a)

gagasan pokok anu diangkat jadi ide carita

b)

tokoh nu aya dina carita

c)

hal-hal nu ngeunaan waktu, kaayaan sarta tempat kajadian

d)

runtuyan kajadian nu ngawangun carita

8.

Bhineka Tunggal Ika mibanda harti...

a)

loba sélérna loba adat jeung basana

b)

sanajan hiji tetep béda-béda

c)

ngahiji dina kaayaan anu béda

d)

béda-béda tapi tetep hiji

9.

Murid-murid SDN Lojikobong I keur kerja bakti meresihan pakarangan sakola. Sakabéh murid ti kelas hiji nepi ka kelas genep milu kerja bakti. Hal poko nu dicaritakeun nyaéta........

a)

Kerja bakti di sakola

b)

Kelas 6 kerja bakti

c)

SDN Lojikobong I

d)

murid-murid

10.

Conto hirup sauyunan teh ...

a)

gelut jeung babaturan

b)

akur jeung babaturan

c)

najong jelema anu keur ngalangkung

d)

jail ka babaturan

11.

Ka saha wae urang kudu hirup sauyunan?

a)

ka dulur hungkul

b)

ka kabeh jalma

c)

ka bapa jeung indung

d)

ka kulawarga hungkul

12.

Gotong royong teh wujud ...

a)

hirup sakumaha hayangna

b)

hirup sauyunan

c)

hirup salawasna

d)

hirup anu bagja

13.

Alat komunikasi anu biasa dibabawa ka mana-mana, nyaeta...

a)

telepon

b)

leptop

c)

hp

d)

komputer

14.

Anu kaasup kana pangaruh negatif tina handphone (HP), nyaeta ...

a)

anu jauh jadi deukeut

b)

poho kana tugasnu kudu dikerjakeun

c)

bisa ngobrol jeung saha wae, dimana wae

d)

babari neangan informasi

15.

Pagawean anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoe disebut …

a)

pakasaban

b)

pamayang

c)

padagang

d)

kamasan

16.

Melak pare, palawija, jeung sayur-sayuran kaasup kana pakasaban pokok di masarakat Sunda dina widang …

a)

ingon-ingon

b)

pakebonan

c)

perikanan

d)

tatanen

17.

Pakasaban nu aya di sabudeureun pasar nya eta …

a)

patani

b)

koki

c)

tukang jait

d)

padagang

18.

Tukang ngala lauk di laut nya eta …

a)

pamayang

b)

jagal

c)

palika

d)

bengkong

19.

Naon hartina globalisasi teh?

a)

proses nyebarna hal-hal anyar di Indonesia

b)

proses nyebarna informasi jeung tehnologi

c)

proses nyebarna hal-hal anyar nu aya patalina jeung informasi di Indonesia

d)

proses nyebarna hal-hal anyar nu aya patalina jeung informasi sacara umum

20.

Hal positif tina globalisasi nyaéta ....

a)

informasi anu teu kasaring

b)

sifat individual beuki tumuwuh

c)

gampang ngalakukeun komunikasi

d)

sifat gotong royong beuki ngurangan

21.

Dina éra globalisasi ieu, generasi ngora babari kapangaruhan ku budaya luar.

Bahasa Indonesia tina kecap "babari" nya éta ....

a)

susah

b)

mudah

c)

cepat

d)

lambat

22.

Pa Dodo mawa oleh-oleh .... Bali

a)

ka

b)

tina

c)

ti

d)

di

23.

Kecap pangantet pikeun nuduhkeun asal nyaeta...

a)

di

b)

keur

c)

ka

d)

tina

24.

Susun kalimah di handap:

minggu - poé - indit - kuring - geréja - ka

a)

minggu poe kuring indit ka gereja

b)

poe minggu kuring indit ka gereja

c)

kuring indit ka gereja minggu poe

d)

ka gereja kuring indit poe minggu

25.

Subang - ganas - oléh-oléh - téh - ti - si madu

a)

si madu teh oleh-oleh ganas ti Subang

b)

Subang teh oleh-oleh ti ganas si madu

c)

ganas si madu teh oleh-oleh ti Subang

d)

si madu Subang teh oleh-oleh ti ganas

26.

Anu kaasup 2 sato asal tatar Jawa Barat nu dilindungan nyaeta...

a)

surili

b)

gajah

c)

dadali

d)

komodo

27.

Anu kaasup kecap pangantet diantarana...

a)

di

b)

dina

c)

dimana

d)

tina

28.

2 hal anu kaasup pangaruh goreng tina globalisasi nyaeta...

a)

babari neangan informasi

b)

ningkatna polusi

c)

informasi teu kasaring

d)

hawa (udara) jadi beresih

29.

Anu kaasup kecap pananya dina basa Sunda nyaeta...

a)

saha

b)

dimana

c)

sabaraha

d)

kunaon

30.

2 Pakasaban umum masarakat Sunda baheula nyaeta...

a)

tatanen

b)

guru

c)

pamayang

d)

padagang