wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal soal kelas 9

Total questions: 65

Worksheet time: 37mins

Name
Class
Date
1.

Sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan

a)

sajak

b)

puisi

c)

sisindiran

d)

dongeng

e)

mantra

2.

naon ari fugsi sajak teh?

a)

pikeun "ngirim hiji pesen" ka anu maca atawa ngaregepkeun sajak

b)

pikeun gagayaan meh kaciri gaul

c)

pikeun nalungtik kabudayaan nu aya

d)

pikeun nurunkeun pejabat

e)

pikeun ningalikeun kamampu urang

3.

SAREBU BULAN


Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan

katilu bulan

Dina hiji peuting urang jalan-jalan duaan

sarebu bulan

Dina hiji peuting urang jalan-jalan nyorangan

kadua bulan

Dina hiji peuting taya saurang nu jalan-jalan

Ngan kari bulan


saha pangarang sajak di luhur?

a)

Yus Rusyana

b)

Mahdar

c)

Aam Amilia

d)

Dian Hendrayana

e)

Ajip Rosidi

4.

Keuyeup


Beungeut nyanghareup

Leumpang nyangigir

Beungeut nyanghareup

Ati mungkir


ku: Ganjar Kurnia


Ngagambarkeun naon sajak diluhur?

a)

Keyeup

b)

jalma soleh

c)

jalma munafik

d)

gajah

e)

jalma bangor

5.

Sajak asup kana karangan dina wangun......

a)

Ugeran

b)

pupuh

c)

pupujian

d)

mantra

6.

Sajak "Aki jeung Balon" karya ti.......

a)

Karna Yudibrata

b)

Ami Raksanagara

c)

Godi Suwarna

d)

Soni Fari

7.

Iklan nu pungsina ngadagangkeun produk barang atawa jasa disebut naon....

a)

Iklan bisnis

b)

Iklan layanan masarakat

c)

Iklan baris

d)

Iklan non komersial

8.

Majalah, koran, brosur, reklame teh kaasup iklan nu ditepikeun dina....

a)

Audio

b)

Visual

c)

Audio-Visual

9.

Tatarucingan: Awakna jangkung gedé, cicingna di tengah jalan, nepikeun béja??

a)

Majalah

b)

Spanduk

c)

Brosur

10.

Iklan layanan masarakat jeung iklan bisnis kaasup jenis-jenis iklan dumasar kana....

a)

Wangun

b)

Tujuan

c)

Bentuk

11.

Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara ... .

a)

nalungtik, dokumentasi jeung wawancara

b)

observasi, wawancara, jeung riset media

c)

riset media, dokumentasi, jeung pemotretan

d)

rekaman, pemotretan, jeung obserasi

12.

Iber atawa beja ngeunaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut ... .

a)

wawaran

b)

wawartos

c)

majalah

d)

warta

13.

struktur warta teh dibagi tilu bagian ...

a)

tema, headline, lead

b)

judul, tema jeung bubuka

c)

judul, lead, jeung warta tubuh

d)

bubuka, isi, panutup jeung riset dokumentasi

14.

jalma nu nyieun warta, sok disebutna

a)

wartawan

b)

artis

c)

guru

d)

ibu

15.

Musikalisasi Lutung Kasarung

REK MAGELARKEUN DI MANCANAGARA


Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rek dipegelarkeun dina wanda drama musical ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Eta pintonan anu disutradaraan ku Didi Petet, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar teh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaen, jeung 50 urang pamusik. Panata gerak/koreografer Ayo “Sakola” Sunaryo, ari panata music mah Ismet Ruchimat (Samba Sunda).

Wakil Gubernur H. Dede Yusuf minangka nu boga gagasan, nandeuskeun, pintonan “Musikal Lutung Kasarung” teh salasahiji pilot projek di Jawa Barat pikeun mateakeun anlehna para mojang jeung jajaka (Moka) Jabar dina widang drama, utamana drama musical. Salila ieu, ceuk Dede Yusuf, para Moka teh ngan saukur diaubkeun dina kagiatan-kagiatan formal jeung seremonial wungkul, henteu tapi ka langsung ancrub dina widang industry pariwisata.

Lian ti ngarojong ku pamaen-pamaen Moka Jabar, ieu pintonan musical ge dirojong ku para seniman jeung generasi ngora ti sawatara sanggar, pelajar SMA, jeung mahasiswa di Bandung. Eta teh kaasup anu lolos seleksi audisi dina widang pemeranan (acting), ngahaleuang (musikalisasi), jeung gerak (Seni Tari), anu diayakeun 30-31 Mei jeung 7 Juni 2011 kaliwat.

Event Direktor Musikal Lutung Kasarung, Satria Yanuar Akbar nandeuskeun, pintonan musical Lutung Kasarung the baris dipintonkeun 17 kali dina saminggu, ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2011. “Tempatna mah teu acan ditangtoskeun, margi teu acan aya kasapukan kontrak sareng nu kagungan tempat. Tapi nu pasti mah di Bandung,” ceuk Satria.

Dede Yusup boga harepan, lian ti Bandung, Musikal Lutung Kasarung teh rarancangna mah erek dipagelarkeun oge di E-Planet Singapura. Leuwih legana deui, di nagara-nagara liana, kayaning Mlaysia jeung Thailand.

“Simkuring optimis, carita-carita rayat Jawa Barata bakal tampil tur diapresiasi di luar negeri. Kukituna, pintonan Lutung Kasarung teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif, “ ceuk Dede Yusuf.*** Rosyid E. Abby.

Dicutat tina Galura Edisi IV, Juni 2011 Kaca 09.


Titanggal sabaraha pintonan Musikal Lutung Kasarung teh baris dipintonkeunnana ….

a)

ti mimiti 8 Oktober nepi 28 November 2011

b)

ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2011

c)

ti mimiti 8 Oktober nepi 28 November 2012

d)

ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2012

16.

Kawih dibagi menjadi dua yaitu ...

a)

Pop dan Dangdut

b)

Cianjuran dan tembangan

c)

Klasik dan modern

d)

Baheula jeung ayeuna

e)

Melayu dan Sunda

17.

Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....

a)

lemah cai

b)

kabogoh

c)

indung bapa

d)

kaendahan alam

18.

Rumpaka lagu sunda tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka lagu sunda buhun (heubeul) jeung kiwari (kaayeunakeun). Dina wangun naon umumna rumpaka kawih Sunda buhun tèh?

a)

Seni Musik

b)

Puisi

c)

Sisindiran (diwangun ku cangkang jeung eusi)

d)

Paparikan

19.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

20.

Naon ngaran kaulinan anu aya dina gambar

a)

Congklak

b)

Sondah

c)

beklen

d)

Gatrik

21.

Naon ngaran kaulinan nu aya dina gambar?

a)

Beklen

b)

Congklak

c)

Luncat tali

d)

Sondah

22.

Ngaran kaulinan dina gambar ka-9 di luhur nyaeta . . .

a)

Gatrik

b)

Ucing sumput

c)

Boy-boyan

d)

Galah asin

23.

Pelaku dalam cerita disebut . . . .

a)

alur

b)

latar

c)

tokoh

d)

watak

24.

Hiji wangun prosa nu dipedar dina basa lisan, kabagi dua aya nu sipatna klasik/buhun aya nu sipatna modern/anyar. Di handap ieu mangrupa wangenan dongéng, nya éta …

a)

Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok

b)

Carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang

c)

Carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paripolah jeung paguneman

d)

Caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol

e)

Karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi

25.

Dina hiji carita prosa tangtu ngabogaan hiji ciri has nu béda, tiabatan nu liana. Ku kituna unsur naon anu jadi hal utama yén hiji karya sastra disebut dongéng …

a)

Dina hiji carita prosa tangtu ngabogaan hiji ciri has nu béda, tiabatan nu liana. Ku kituna unsur naon anu jadi hal utama yén hiji karya sastra disebut dongéng …

b)

Unsur kanyataan

c)

Unsur kaagamaan

d)

Unsur sosial

e)

Unsur mistis

26.

Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Pamuk

27.

Aya rupa dongéng nu méh sakapeung saperti carita prosa wangun lancaran modern, kudu tenget tur inget yén dongéng ngabogaan ciri has madeg mandiri.Samisal Si Kabayan, Irtasan, Abu Nawas mangrupa tokoh-tokoh anu biasana sok aya dina …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Pamuk

28.

Dina hiji carita dongéng réa nu medar kabaheulaan, kabukti yén sakapeung mah sok ditandaan ku kecap baheula. Salasahiji dongéng anu nyaritakeun lalampahan jalma anu dianggap karuhun atawa pahlawan saperti dongéng Kéan Santang, nya éta …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Pamuk

29.

Eusi dina carita dongéng béda pisan wincikanna unggal jenis/papasinganna, kabukti ku guluyurna carita.Gagasan poko atawa jejer dina carita anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan hiji carita, mangrupa wangenan tina …

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Alur

d)

Latar

e)

Amanat

30.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

31.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup

32.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

33.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

34.

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap iwal….

a)

nutup materi nu ditepikeun

b)

nghaturkeun nuhun ka na perhatian nu hadir

c)

medar topik/tema biantara

d)

mere salam panutup

35.

Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...

a)

Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun

b)

Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun

c)

Tagog/penampilan kudu gaya

d)

Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara

36.

Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma réa disebut ….

a)

ceramah

b)

kuliah

c)

biantara

d)

nyarita

37.

Bismillahirohmanirrohim

Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh

Langkung tipayun manga urang nyanggakeun syukur ka Gusti Anu Maha Suci, anu parantos ngersakeun urang sadaya dina dinten ieu, tiasa ruing mungpulung miéling Poé Kaséhatan sadunya.


Cutatan éta biantara mangrupa bagian ….

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

panambah

38.

Anu disebut nyarita dina wangun hutbah téh, nyaéta ….

a)

biantara di hareupeun masarakat umum

b)

nepikeun matéri pangajaran di hareupeun murid

c)

biantara pikeun ngajak masarakat milih calon pamingpin

d)

nepikeun matéri kaagamaan di hareupeun jamaah

39.

Mindeng gering, ririwt, atawa tiktikbrek disebutna ….

a)

ngararey

b)

gudawang

c)

harééng

d)

geringan

40.

Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...

a)

Cerpen

b)

Guguritan

c)

Dongéng

d)

Novel

41.

Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Nyi Halimah

c)

Patepung di Bandung

d)

Paturay Tineung

42.

Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...

a)

1914

b)

1924

c)

1945

d)

1918

43.

Asupna novel kana sastra Sunda teh mangrupa pangaruh Barat ngaliwatan basa ...

a)

Walanda

b)

Inggris

c)

Indonesia

d)

Arab

44.

Unsur intrinsik carita novel ...

a)

tema, prolog, monolog

b)

tema, gaya, pencitraan

c)

tema, palaku, galur, latar, amanat

d)

galur, palaku, monolog, dialog, prolog

45.

Nu dimaksud latar dina hiji carita nyaeta ...

a)

poko pikiran anu ngajiwaan sakabeh eusi paragraf

b)

runtuyan jalan carita ti mimiti nepi ka ahir

c)

pasipatan nu dipibanda ku masing-masing tokoh/palaku

d)

tempat jeung waktu lumangsungna carita

46.

Novel munggaran dina basa Sunda teh Baruang ka nu ngarora karangan ....

a)

D.K. Ardiwinata

b)

Ahmad Bakri

c)

Taufiq Faturohman

d)

Tatang Sumarsono

47.

Novel Misteri Haur Geulis jeung Rusiah kode biner kaasup novel ...

a)

Novel kulawarga

b)

Novel sosial

c)

Novel misteri

d)

Novel Siliasih

48.

Nulis artikel seni budaya Sunda dina seuhseuhanana mah méh taya bédana jeung nulis artikel lianna, ngan eusina atawa anu dibahasna ngeunaan seni budaya Sunda.

a)

Bener

b)

Salah

49.

karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...

a)

pedaran

b)

éséy

c)

makalah

d)

artikel

e)

skripsi

50.

ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...

a)

alinéa bubuka

b)

alinéa panandes

c)

judul

d)

alinéa panambah

e)

alinéa pamungkas

51.

Titénan ieu cutatan artikel di handap!


(1) Dina naskah kuna téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita.

(2) Aksarana ngagunakeun aksara Sunda buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita, taun 1985.

(3) Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484- 1521 M.

(4) Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kandang Karesian.

(5) Ieu naskah Kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M.

(6) Sanajan kitu, éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing.


Runtuyan kalimah nu bener sangkan jadi hiji téks artikel nu merenah nyaéta ....

a)

1 - 2 - 3 - 4 - 5 - 6

b)

2 - 3 - 4 - 5 - 6 - 1

c)

3 - 4 - 5 - 6 - 1 - 2

d)

4 - 5 - 2 - 3 - 1 - 6

e)

4 - 5 - 2 - 1 - 3 – 6

52.

Karangan anu eusina ngebrehkeun pamanggih pribadi saurang pangarang atawa panulis anu dirojong jeung didadasaran ku rupa-rupa rujukan, boh hasil panalungtikan boh pamanggih ahli disebut...

a)

Esey

b)

Artikel

c)

Pedaran

d)

Makalah

e)

skripsi

53.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaeta...

a)

Judul

b)

Alinea bubuka

c)

Alinea panandes

d)

Alinea pamungkas

e)

Alinea panambah

54.

Guguritan make sabaraha pupuh dina hiji carita ?

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

55.

Nu dimaksud sapada nya éta ...

a)

sabait

b)

Dua bait

c)

baris

d)

duabaris

56.

Nu dimaksud padalisan nya éta ...

a)

sabait

b)

duabait

c)

baris

d)

dua baris

57.

Guru wilangan nya éta ...

a)

engang/ suku kata

b)

hurup vokal ditungtung kalimah

c)

baris

d)

bait

58.

Pupuh mijil miboga watek ...

a)

Sedih

b)

Gumbira

c)

Ambek

d)

Bungah

59.

Pupuh durma miboga watek ...

a)

Panceg

b)

Sedih

c)

Prihatin

d)

Gumbira

60.

Nu kaasup kana pakeman Basa Sunda nya eta....

a)

Sisindiran

b)

Babasan

c)

Rarakitan

d)

Paparikan

61.

Anu di maksud bahasan nyeta ..

a)

Tulisan anu goreng

b)

Tulisan anu panjang

c)

Tulisan anu bagus

d)

Tulisan anu medar hiji perkara

62.

Idiom dina bahasa sunda mah disebutna ....

a)

Paribasa

b)

Pakeman basa

c)

Babasan

d)

Caturangga

63.

Anu teu kaasup caturangga nyaèta ..

a)

Satria kinayungan

b)

Sumur bandung

c)

Sekar panggung

d)

Satria pinilih

64.

Disebut pakeman basa lantaran ....

a)

Susunan kecapna diluyungkeun jeung maksudna

b)

Susunan kecapna bisa di robah-robah

c)

Susunan kecapna teu bisa di tangtukeun

d)

Susunan kecapna geus pugu entep seureuhna

65.

Jalma anu kandel kulit beungeut nyaéta jalma anu ...

a)

Gèdè kawani

b)

kuat beungeutna

c)

Èraan

d)

Teu boga kaèra