wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

pts genap 2122 kls 10

Total questions: 83

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?

a)

Rumpaka Kawih

b)

Rumpaka Puisi

c)

Rumpaka Sisindiran

d)

Rumpaka Sajak

2.

Kumpulan sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu teh disebutna naon?

a)

Musikalisasi Puisi

b)

Drama

c)

Musikalisask Drama

d)

Puisi

3.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

4.

judul kawih di luhur nya eta

a)

Bogor Lumigar Mekar

b)

Karatagan Pahlawan

c)

Tanah Sunda

d)

Teu honcewang

5.

Kecap "ceuceu" dina kawih és lilin hartina

a)

adi awéwé

b)

lanceuk lalaki

c)

lanceuk awéwé

d)

adi lalaki

e)

ua lalaki

6.

Kawih asal kecapna tina kecap ... anu hartina sa'ir.

a)

Kavy

b)

Syair

c)

Kakawihan

d)

Kalih

7.

Sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan

a)

sajak

b)

puisi

c)

sisindiran

d)

dongeng

e)

mantra

8.

naon ari fugsi sajak teh?

a)

pikeun "ngirim hiji pesen" ka anu maca atawa ngaregepkeun sajak

b)

pikeun gagayaan meh kaciri gaul

c)

pikeun nalungtik kabudayaan nu aya

d)

pikeun nurunkeun pejabat

e)

pikeun ningalikeun kamampu urang

9.

Mana panyajak nu namina Ajip Rosidi?

a)
b)
c)
d)
e)
10.

Keuyeup


Beungeut nyanghareup

Leumpang nyangigir

Beungeut nyanghareup

Ati mungkir


ku: Ganjar Kurnia


Ngagambarkeun naon sajak diluhur?

a)

Keyeup

b)

jalma soleh

c)

jalma munafik

d)

gajah

e)

jalma bangor

11.

Sajak mangrupakeun...

a)

karya seni

b)

karya lukis

c)

karya sastra

d)

karya idola

e)

lokakarya

12.

Sajak henteu kaiket ku aturan anu aya dina

a)

pupuh

b)

lagu

c)

guguritan

d)

carpon

e)

wawacan

13.

nu teu kaasup kana unsur sajak nyaeta

a)

tema

b)

imaji

c)

amanat

d)

palaku

e)

suasana

14.

Sajak teh nyaeta karangan wangun...

a)

lancaran

b)

ugeran

c)

prosa

d)

eksposisi

e)

narasi

15.

Ayana sajak sunda nyaeta pangaruh tina sastra

a)

Eropa

b)

Arab

c)

Indonesia

d)

Inggris

e)

Jepang

16.

sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina réa sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, iwal...

a)

Majalah mangle

b)

Majalah bobo

c)

Cupumanik

d)

Galura

e)

Koran Sunda

17.

Sajak Lalaki di Tegal Pati nyaeta karya...

a)

Ajip Rosidi

b)

Rahmat M.Sas. Karana

c)

Juniarso Ridwan

d)

Sayudi

e)

Godi Suwarna

18.

Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara ...

a)

konotatif

b)

denotatif

c)

lugas

d)

populer

e)

analisis

19.

kaagamaan, kamanusiaan, cinta ka lemah cai nyaeta nu sok disematkeun dina unsur sajak nyaeta

a)

galur

b)

suasana

c)

amanat

d)

rasa

e)

tema

20.

Naha maca sajak téh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero haté. hal eta pangaruh dina unsur sajak nyaeta

a)

tema

b)

suasana

c)

amanat

d)

rasa

e)

galur

21.

Dihandap nyaeta cara-cara dina medalkeun sajak, iwal..

a)

deklamasi

b)

musikalisasi

c)

dramatisasi

d)

harewos

e)

parafrase

22.

Sajak biasana diwangun dina basa kiasan atawa konotatif, naon nu disebut konotatif……….

a)

Harti anu langsung nuduhkeun baranganu dimaksudna, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.

b)

Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna

c)

Harti anu teu langsung nuduhkeun baranga nu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.

d)

Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna

e)

Harti anu langsung teu langsung nuduhkeun barang sejenna.

23.

Nu teu kaasup kana pangwangun sajak adegan lahir nyaeta ……….

a)

Wangun sajak (Tifografi)

b)

Pilihan kecap (Diksi)

c)

Citraan (Imaji)

d)

Gaya Basa (Figuratif)

e)

Jejer (Sense)

24.

Nu teu kaasup kana unsur pangwangun sajak adegan batin nyaeta ………

a)

Gaya Basa (Figuratif)

b)

Jejer (Sense)

c)

Rasa (Feeling)

d)

Wirahma (Tone)

e)

Amanat (Intention)

25.

Nu dimaksud Sajak Epik nyaeta …………

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

26.

Nu dimaksud Amanat (Intention) dina adegan batin sajak nyaeta ………..

a)

Poko pikiran anu aya dina sajak

b)

Ngajiwaan eusi sajak ku cara di baca

c)

Sikep panyajak ka nu maca dina ngabalukarkeun suasana nu ka rasa ku nu maca

d)

Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak

e)

Adegan nu teu katembong langsung nu bias diteuleuman atawa dirarasa ku nu maca sajak

27.

Nu disebut Sajak Lirik nyaeta………….

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun,

28.

Nu dimaksud Deklamasi sajak nyaeta ………..

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

29.

Nu dimaksud Antologi sajak nyaeta……..

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

30.

Nu dimaksud Paraphrase nyaeta ……..

a)

Ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun sejen

b)

Kumpulan sajak anu dibukukeun

c)

Cara midangkeun sajak ditalar tanpa make teks nu ilaharna dibarengan ku pasang peta, gerak, jst

d)

Sajak nu eusina sipatna lain ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

e)

Sajak nu eusina sipatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun atawa nyaritakeun

31.

Salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (Puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna ………

a)

Pupuh

b)

Sajak

c)

Guguritan

d)

Sisindiran

e)

Wawangsalan

32.

Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna …

a)

Gaya basa

b)

Kecap nyata

c)

Purwakanti

d)

Wirahma

e)

Wirasa

33.

Ngarubah sajak kana basa lancaran ku cara nambahkeun atawa nyelapkeun kekecapan nepi ka sajak teh kaharti eusi atawa maksudna disebut …..

a)

Dramatisasi

b)

Parafrase kauger

c)

Deklamasi

d)

Musikalisasi

e)

Parafrase bebas

34.

Kalimah di handap ieu anu ngandung harti konotatif nyaeta ………

a)

Adang sok maju ka hareup!

b)

Sok geura maju, ulah cicing wae di tukang.

c)

Mobil anyar teh maju meni gancang.

d)

Wa Haji teh ayeuna mah geus maju dagangna.

e)

Ari geus maju mah, manehna mundur deui.

35.

Salahsahiji karya sastra ieu dihandap anu kaasup kana wanda puisi nyaeta.............

a)

Carpon

b)

Esey

c)

Dongeng

d)

Novel

e)

Sajak

36.

Puisi heubeul disebut oge............

a)

Sajak

b)

Buhun/ tradisional

c)

Narasi

d)

Puisi

e)

Prosa

37.

Nu kaasup puisi mantra nyaeta, iwal.....................

a)

Jangjangwokan

b)

Singlar

c)

Asihan

d)

Sawer

e)

Jampe

38.

Nu disebut Pada nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Jumlah suku kata

d)

Tungtungsora

e)

Engang

39.

Nu disebut Padalisan nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Jumlah suku kata

d)

Tungtungsora

e)

Engang

40.

Nu disebut Purwakanti nyaeta………………

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Jumlah suku kata

d)

Tungtung sora

e)

Engang

41.

Sajak kaasup kana wangun puisi…………….

a)

Buhun

b)

Anyar

c)

klasik

d)

Heubeul

e)

Tradisional

42.

Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...

a)

Cerpen

b)

Guguritan

c)

Dongéng

d)

Novel

43.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

44.

Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Nyi Halimah

c)

Patepung di Bandung

d)

Paturay Tineung

45.

Nu lain ciri tina novel nya éta

a)

caritana panjang

b)

palaku rada loba

c)

teu aya pangarangna

d)

luyu jeung kahirupan sapopoé

46.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
47.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
48.

Galur teh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur aya tilu nya eta merele, mundur jeung bobok tengah. Galur bobok tengah sarua hartinna jeung....

a)

Campuran

b)

Maju

c)

Mundur

d)

Flashback

e)

Merele

49.

Prasasti nu Ngancik dina Ati

(Popon Saadah)

Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.

"Yup!”

"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"

"Pamasihan."

"Parnasihan saha?"

Teu dijawab.

"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"

Manéhna ku kuring ukur dirérét.

"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"

Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.

"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.

"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.

Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...

a)

Prasasti

b)

Kuring

c)

Prasasti, Kuring

d)

Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan

e)

Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta

50.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

51.

Novel teh mangrupa carita ...

a)

nyata

b)

rekaan

c)

hayalan

d)

mitos

52.

Nu kaasup unsur-unsur intrinsik novel nya eta..

a)

Tema, nada, rasa, amanat

b)

Tema, dialog, prolog, latar

c)

Tema, latar, tokoh, galur, sudut pandang

d)

Tema, latar, sudut pandang, pangarang

53.

Galur dibagi jadi 3, iwal....

a)

Maju

b)

Mundur

c)

Campuran

d)

Mandeg

54.

Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta....

a)

Sipat

b)

Suasana

c)

Tempat

d)

Waktu

55.

Biasana jejer/tema dina novel Sunda dicokot tina....

a)

Kahirupan di alam aherat

b)

Kahirupan sapopoe

c)

Kahirupan sasatoan

d)

Kahirupan samemeh aya di alam dunya

56.

Novel nu nyaritakeun ngeunaan muja muji ka setan kusabab hayang beunghar judulna....

a)

Burak Siluman

b)

Munjung

c)

Lebe kabayan

d)

Dukun lepus

57.

Di handap ieu mangrupakeun ciri mandiri novel anu ngabedakeun jeung karya sastra sejenna nyaeta ...

a)

Carita rekaan anu ngandung unsur pamohalan

b)

Carita rekaan anu latar jeung kajadianana samporet

c)

Carita rekaan anu ngasongkeun hiji kajadian / peristiwa

d)

Carita rekaan anu mere kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranna paranjang

e)

Carita rekaan anu panjang caritana bisa dibaca kurang ti sajam

58.

Tokoh utama dina novel Baruang ka nu Ngarora nyaeta ...

a)

Nyi Rapiah

b)

Aom Usman

c)

Agan Sariningrat

d)

Abdul Raup

e)

Nyi Dampi

59.

Novel jeung dongeng bisa dibedakeun ditinggali tina ...

a)

Make basa lancaran

b)

Mangrupa carita

c)

Lalakonna asup akal

d)

Jumlah kecapna teu ditangtukeun

e)

Cara sumebarna beda

60.

Dumasar tema jeung masalah anu dicaritakeunana, novel Sunda bisa dipasing-pasing jadi 6, iwal ...

a)

Novel cinta

b)

Novel kulawarga

c)

Novel misteri

d)

Novel sajarah

e)

Novel politik

61.

Novel nu judulna Cinta Pabaliut kaasup kana novel ...

a)

Barudak

b)

Rumaja

c)

Dewasa

d)

Misteri

e)

Psikologi

62.

mantra anu dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu sejen mikaasih ka diri nu mapatkeunana disebut ....

a)

Jangjawokan

b)

Ajian

c)

Singlar

d)

Asihan

63.

Mantra anu dipapatkeun atawa dipake pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri, kasakit, atawa kabiasaan anu teu hade supaya jadi hade, cageur disebut ....

a)

Jampe

b)

Asihan

c)

Jangjawokan

d)

Ajian

64.

mantra anu dipapatkeun pikeun menta kasalametan upama arek ngamimitian hiji pagawean disebut ....

a)

jampe

b)

jangjawokan

c)

ajian

d)

asihan

65.

Bagean carita abu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita nyaeta ....

a)

Rajah

b)

Narasi

c)

Dialog

d)

Monolog

66.

Kawih es lilin karangan ....

a)

Mursih

b)

Mang Koko

c)

Dian

d)

Godi Suwarna

e)

Hendarso

67.

Kecap "antay-antayan" dina lagu Jalan Layang hatina ....

a)

cepat

b)

lambat

c)

beriringan

d)

kejar-kejaran

e)

ugal-ugalan

68.

Kecap kawih téh hartina .... dina bahasa kawi

a)

kidung

b)

nyanyian

c)

lirik

d)

puisi

e)

sa'ir

69.

Rumpaka kawih eusina pinuh ku ajén ....

a)

moral

b)

atikan

c)

budaya

d)

asmara

e)

karuhun

70.

Di handap ieu unsur-unsur nu aya dina kawih, kajaba ...

a)

téma

b)

rasa

c)

nada

d)

amanat

e)

penokohan

71.

Watesana kawih buhun nyata nepi ka jaman ...

a)

Jepang

b)

Walanda

c)

Portugis

d)

Kamerdekaan

e)

Réformasi

72.

Di handap ieu anu kaasup kawih wanda anyar atawa ayeuna, kajaba ....

a)

és lilin

b)

anggrek japati

c)

cinta nusa

d)

baju héjo

e)

angin priangan

73.

Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....

a)

ubrug

b)

banjet

c)

sandiwara

d)

tunil

e)

longsér

74.

Kagiatan nyarita di hareupeun balarea disebut....

a)

biantara

b)

dongen

c)

nyajak

d)

ngawih

e)

nembang

75.

tehnik nepikeun biantara nyaeta...

a)

importmu, ekstemporan, naskah jeung ngapalkeun

b)

importmu, ekstemporan, guluyur, nyarita

c)

importmu, ekstemporan, ngawih, ngahaleuang

d)

importmu, ekstemporan, nyarita, ngalagena

e)

ngawih, nembang, nyarita,

76.

tujuan biantara pikeun ngajak balarea kana hiji perkara disebut....

a)

persuasif

b)

subjektif

c)

informatif

d)

komunikatif

e)

komunikata

77.

maksud tina paribasa "lain mamatahan ngojay ka meri" nyaeta...

a)

lain maksud mamatahan kanu leuwih ngarti

b)

mamatahan kanu jadi kolot

c)

mamatahan sorangan

d)

mamatahan matah

e)

mamatahan matuh

78.

struktur biantara kalayan runtuy nyaeta...

a)

salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup

b)

bubuka, eusi, salam bubuk, panutup

c)

eusi, salam bubuka, panutup

d)

panutup, salam panutup, salam bubuka, bubuka

e)

bubuka, panutup, salam panutup

79.

karya sastra sunda dina wangun puisi, di jerona ngawengku cangkang jeung eusi....

a)

sisindiran

b)

pantin

c)

pantun

d)

sindir sampir

e)

panutan

80.

dumasar kana wangun/bentukna sisndiran kabagi jadi tiu rupa, nyaeta...

a)

Rarakitan, paparikan, wawangsalan

b)

rarakitan, parik, wangasal

c)

wangasal, rakit, paprikan

d)

jajangwokan, jajangsika, jangsuk

e)

pop, jazz, classic

81.

Saupama ditilik tina wangunna, ieu sisindiran di handap kaasup kana wanda/jenis …

Sawah ngemplang ditanduran

Ka human gala jarami

Ulah pegat duduluran

Dasarna silaturahmi

a)

Rarakitan

b)

rakit

c)

Paparikan

d)

wawangsalan

e)

wangsal

82.

Sisindiran anu diwangun ku opat padalisan/ baris, anu puhu/ awal kecap na sarua disebut...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Parikan

d)

Wawangsalan

e)

Wangsalan

83.

Perhatikeun ieu sisindiran, eusian babagian nu kosong ku kecap nu bener …

Kiripik siki kanari

Ngala saga arék nyeupah

Sing apik naliti ……

Ngajaga ucap jeung ……

a)

diri, lampah

b)

diri, lumpuh

c)

dari, lamapah

d)

duri, lumpuh

e)

duri, limapah