wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Mengingat materi BSunda kelas 8

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Aturan guru wilangan jeung guru lagu tina pupuh mijil nya éta ...

a)

 10-i, 6-o, 10-é/a, 10-i, 6-i, jeung 6-u

b)

10-o, 6-i, 10-é/a, 10-i, 6-i, jeung 6-u

c)

10-i, 6-o, 10-é/a, 10-i, 6-u, jeung 6-i

d)

10-o, 6-o, 10-é/a, 10-i, 6-i, jeung 6-i

2.

Guguritan lamun disawang tina wangunna kaasup kana wangun ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Dongéng

d)

Carita

3.

Salahsahiji kamampuh saurang MC nya éta kudu pinter dina diksi. Diksi sarua hartina jeung ...

a)

Pilihan kecap

b)

Warna kecap

c)

Pilihan basa

d)

Warna basa

4.

Saurang MC kudu ningalikeun pasemon anu ... di hareupeun balaréa.

a)

 Jamedud

b)

Marahmay

c)

Kuraweud

d)

Béar budi

5.

MC atawa nu mimpin hiji acara dina unggal acara ngabogaan ngaran séwang-séwangan. Lamun dina rapat, MC sok disebut ...

a)

Panumbu catur

b)

Presenter

c)

Protokol

d)

Girang pangajén

6.

Kajelasan ngucapkeun huruf atawa kecap dina nyarita disebut ...

a)

Lentong

b)

Lafal

c)

Diksi

d)

Sora

7.

Panata acara dina hiji kagiatan boga pancén diantarana ...

a)

Méré pamapag

b)

 Ngeusi acara

c)

Muka acara

d)

Ngado’a

8.

Kalimah nu merenah pikeun nutup hiji acara nya éta ...

a)

Mugi baé ieu acara tiasa maparin mangpaat kanggo urang sadayana, sakitu nu kapihatur

b)

Anapon runtuyan acaraanu baris kapidangkeun aya sababaraha rupi

c)

Nembe parantos kadangu ku urang sadaya, kumaha galindengna ayat suci Al-Quran

d)

Dina danget ieu urang sami-sami miéling Isra Mi’raj, kanjeng nabi Muhammad SAW

9.

Pancén utama pangjejer acara, nyaéta ....

a)

Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar

b)

Ngatur anu boga hajat sangkan tartib.

c)

Ngatur pamaén nu rék manggung

d)

ngatur pakéan nu rék minton

10.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana acara resmi diatur ku pangjejer acara, nyaéta ....

a)

Upacara adat di nu hajat

b)

Upacara ngistrénan

c)

Upacara bendéra

d)

acara ulang taun

11.

Tata krama waktu ngajejeran acara, iwal ....

a)

Make pakéan sopan luyu jeung acara

b)

Kudu geulis jeung bisa ngahaleuang

c)

Basa nu dipaké kudu diréka sing merenah

d)

Sora kudu ngoncrang atawa bedas

12.

Ulah sok .... jadi jalma téh, can gé nanaon geus nyebut sieun.

Babasan nu merenah pikeun ngeusikeun éta kalimah nyaéta ....

a)

 Gedé hulu

b)

Leutik burih

c)

Bodo katotoloyoh

d)

laér gado

13.

Bi Imah mah jalmana céréwéd tukang ngomong tapi ari kana rejeki mah teu lebar barangbéré. Paribasa nu merenah pikeun ngagambarkeun éta kalimah nyaéta ...

a)

Pondok jodo panjang baraya

b)

 Murah congcot hambur bacot

c)

Lieuk euweuh tagap taya

d)

ambek nyedek tanaga midek

14.

Budak ayeuna mah kamampuh euweuh kahayangna wé loba, kawas paribasa nu eusina ....

a)

Pondok jodo panjang baraya

b)

Murah congcot hambur bacot

c)

 Lieuk euweuh tagap taya

d)

ambek nyedek tanaga midek

15.

Hirup téh ulah nepi ka .... sagala teu bisa sagala teu apal.

a)

Gedé hulu

b)

Leutik burih

c)

 Bodo katotoloyoh

d)

laér gado

16.

Naon anu ngalantarankeun “kuring” teu tulus indit sakola ...

a)

Nempo nu labuh pauntuy-untuy

b)

Labuh lebah tanjakan

c)

Lantaran usum ngijih

d)

capé leumpang dina pudunan

17.

Saha nu labuh pangtukangna dina pudunan téh ...

a)

Babaturan

b)

Kuring

c)

Diding

d)

Batur

18.

Kajadian anu pikaseurieun dina sempalan carpon di luhur téh nya éta ...

a)

Nempo Si Diding disurungkeun ku babaturan

b)

Nempo nu labuh nguntuy dina pudunan

c)

Nempo babaturan huhujanan

d)

nempo babaturan keur laleumpang dina pudunan

19.

Anu disebut latar dina carpon nyaéta ...

a)

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

b)

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana

c)

Waktu jeung lumangsungna kajadian dina carita

d)

perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

20.

Majalah anu pangheulana ngamuat carpon Sunda dina taun 1920 téh ...

a)

Parahyangan

b)

Manglé

c)

Galura

d)

Giwangkara