wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

EVALUASI WAWANCARA

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Tengetan bagian-bagian tina kagiatan wawancara ieu di handap!

(1)Ngawanohkeun identitas diri ka narasumber.

(2)Amitan ka narasumber ku cara sasadu jeung nganuhunkeun.

(3)Neangan jejer anu rek diwawancarakeun.

(4)Nepikeun pananya anu patali jeung jejer wawancara.

(5)Nepikeun tujuan wawancara.

Kagiatan anu ilaharna ditepikeun dina bagian bubuka wawancara dituduhkeun ku nomer....

a)

1 jeung 3

b)

1 jeung 5

c)

2 jeung 4

d)

2 jeung 5

e)

3 jeung 4

2.

Kagiatan anu kudu dilakukeun dina bagian eusi wawancara nyaéta....

a)

ngarahkeun naon-naon anu rek didiskusikeun sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara

b)

nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan jeung mere tanggapan

c)

kagiatan nyindekkeun jeung nutup wawancara

d)

nyieun laporan dina wangun paguneman jeung narasi

e)

ngagunakeun tatakrama basa make ragam basa loma.

3.

Baca téks wawancara ieu di handap!

Murid: “Bapak hatur nuhun kanggo waleranana. Hapunteun bilih  ngaganggu waktos bapa.”

Pa Guru: “Muhun. Teu sawios. Mugia waleran ti bapa aya mangpaatna kanggo hidep.”

Téks wawancara di luhur kaasup kana bagian....

a)

bubuka

b)

alopon

c)

manggalasastra

d)

panutup

e)

eusi

4.

Baca téks wawancara di handap!

A: “Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?”

B: “Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.”

Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan ....

a)

pamaén senior

b)

bobotoh jeung pamaén senior

c)

kontribusi bobotoh nalika pamaén keur tanding

d)

Viking sok ngabring ngadukung Persib

e)

pamaén senior nu wawuh ka bobotoh

5.

Lian ti lagu anu dua tadi, dina album anu panganyarna téh Rita ge ngahaleuangkeun lagu séjénna beunang nyanggi Ubun Kubarsah, nyaéta lagu “Paris Romantis” jeung “Bulan di Priangan.” “Neda pidu’ana, mugi-mugi taun ieu kénéh éta album tiasa réngsé,” ceuk Rita.

Laporan narasi hasil wawancara di luhur maké ragam basa....

a)

kasar

b)

loma

c)

lemes

d)

kasar jeung loma

e)

loma jeung lemes

6.

Prosés rubahna basa loma kana basa lemes anu ku cara gaganti kecap aya dituduhkeun ku kecap....

a)

Indit-mios

b)

Laju-lajeng

c)

Wani-wantun

d)

Beda-benten

e)

Bukti-buktos

7.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana prosés rubahna basa loma kana basa lemes anu ku cara ngarobah engang panungtung jadi -nten dituduhkeun ku kecap....

a)

punten

b)

sonten

c)

benten

d)

percanten

e)

badanten

8.

Kecap bawa jadi bantun kaasup kana prosés rubahna basa....

a)

gaganti kecap

b)

jadi –os

c)

jadi –nten

d)

jadi –ntun

e)

jadi –jeng

9.

Komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan anu geus ditangtukeun samemehna disebut ....

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

warta

d)

sawala

e)

biantara

10.

Tengetan kagiatan ieu di handap!

(1) Nangtukeun téma.

(2) Nangtukeun narasumber.

(3) Nyusun daptar pananya.

(4) Ngalaksanakeun wawancara.

(5) Nyusun laporan wawancara.

Hal anu dilakukeun dina kagiatan tatahar dituduhkeun ku nomer....

a)

(1), (2) jeung (3)

b)

(1), (3) jeung (5)

c)

(2), (3) jeung (4)

d)

(2), (3) jeung (5)

e)

(3), (4) jeung (5)