wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

FORMATIF BAHASA SUNDA

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Regepkeun wacana di handap ieu!

Hemat energi teh maksudna ngagunakeun energi saperluna. Nu biasa digunakeun sapopoe diantarana listrik, cai, jeung bahan bakar minyak. Mareuman lampu nu teu diperlukeun pikeun nyaangan, sarta mareuman tipi upama teu dilalajoan, maksudna sangkan hemat kana listrik. Nutup keran cai sabada digunakeun, maksudna sangkan hemat kana cai. Leuwih mindeng leumpang atawa make sapedah waktu indit-inditan maksudna sangkan hemat bahan bakar minyak.

Soal no.1-5 dumasar wacana di luhur

Cara ngahemat energi listrik nyaeta …

a)

ngahurungkeun lampu di tengah poe

b)

tipi teu dipareman

c)

lamun teu di pake komputer kudu dipareman

2.

Dihandap ieu anu kaasup hemat cai, nyaeta …

a)

muka jandela ti batan make kipas angin

b)

tipi dipareuman upama tos teu di lalajoan

c)

unggal tos make cai keran kudu ditutup

3.

Leumpang atawa make sapedah kaasup hemat energi, nyaeta …

a)

listrik

b)

cai

c)

bahan bakar minyak

4.

Anu dimaksud hemat energi, nyaeta …

a)

ngagunakeun energi terus-terusan

b)

ngahambur-hambur energi

c)

ngagunakeun energi saperluna

5.

Energi anu teu digunakeun sapopoe, nyaeta …

a)

biogas

b)

bahan bakar minyak

c)

cai

6.

Di handap ieu anu kaasup hemat energi, nyaeta …

a)

masang kipas angin bari muka jandela

b)

unggal indit ka mamana tara daek leumpang

c)

kaluar ti jamban mareuman lampu

7.

Dihandap ieu anu kaasup hambur energi, nyaeta …

a)

mareuman cai sabada digunakeun

b)

nyabut steker tina stop kontak

c)

maen game dina hape bari nongton tipi

8.

Perhatoskeun kalimah di handap ieu!

Lamun teu dipake, komputer kudu  ___________

Kalimah anu tepat kanggo ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta ….

a)

dianteupkeun

b)

ditutup

c)

dipareuman

9.

Perhatoskeun kalimah di handap ieu!

Motor mah kudu make  ___________

Kalimah anu tepat kanggo ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta ….

a)

bensin

b)

minyak

c)

cai

10.

Perhatoskeun kalimah di handap ieu!

Unggal tos make cai, keran kudu ____________

      Kalimah anu tepat kanggo ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta ….

a)

ditutup

b)

dibuka

c)

dianteupkeun

11.

Puisi anu eusina muji ka Nu Agung, doa, pepeling anu dumasar kana ajaran  agama Islam, disebut …

a)

kakawihan

b)

pupujian

c)

kaulinan

12.

Regeupkeun penggalan pupujian di handap ieu!

Kanjeng Nabi

Nabi urang sadayana

Kangjeng Nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

Arab kures nya bangsana

Ibuna Siti Aminah

Ramana Sayid Abdullah

Dibabarkeunna di Mekah

Wengi senen taun Gajah

Ramana Nabi Muhammad SAW, nyaeta …

a)

Sayid Abdullah

b)

Abu Tholib

c)

Abu bakar As Shidiq

13.

Regeupkeun penggalan pupujian di handap ieu!

Rabi'ul awal sasihna

Tanggal kadua belasna

April bulan masehina

Tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan taunna

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambihna

Sareng sahiji punjulna

Nabi Muhammad SAW dibabarkeunna disasih , nyaeta …

a)

Rabiul Akhir

b)

Rabiul Awal

c)

Ramadhan

14.

Regeupkeun penggalan pupujian di handap ieu!

Kanjeng Nabi

Nabi urang sadayana

Kangjeng Nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

Arab kures nya bangsana

Ibuna Siti Aminah

Ramana Sayid Abdullah

Dibabarkeunna di Mekah

Wengi senen taun Gajah

Tempat dibabarkeunna Nabi Muhammad SAW, nyaeta …

a)

di Madinah

b)

di Mekah

c)

di Mesir

15.

Tempat anu biasana dipake kangge ngawihkeun pupujian, nyaeta …

a)

di masjid

b)

di jalan

c)

di pasar

16.

Regeupkeun penggalan pupujian di handap ieu!

Nabi urang sadayana

Kangjeng Nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

Arab kures nya bangsana

Ibuna Siti Aminah

Ramana Sayid Abdullah

Dibabarkeunna di Mekah

Wengi senen taun Gajah

No. 16-20 dumasar kana pupujian di luhur!

Regepkeun pupujian dihandap ieu!

Nabi urang sadayana,___________

Tuluyan tina pupujian diluhur nyaeta …

a)

Muhammad Jenenganana

b)

Kangjeng Nabi anu Mulya

c)

Arab kuresnya bangsana

17.

Regepkeun pupujian dihandap ieu!

       Muhammad jenenganana, _______ kuresnya bangsana

       Tuluyan tina pupujian diluhur nyaeta …

a)

arab

b)

mekah

c)

madinah

18.

Regepkeun pupujian dihandap ieu!

      Ibuna __________, Ramana Sayid Abdullah

       Tuluyan tina pupujian diluhur nyaeta …

a)

Siti Aminah

b)

Siti Aisyah

c)

Siti Fatimah

19.

Regepkeun pupujian dihandap ieu!

      Dibabarkeunna di _______, wengi senen taun gajah

       Tuluyan tina pupujian diluhur nyaeta …

a)

madinah

b)

mekah

c)

arab

20.

Regepkeun pupujian dihandap ieu!

       Kangjeng Nabi anu mulya, __________

       Tuluyan tina pupujian diluhur nyaeta …

a)

Muhammad jenenganana

b)

Nabi urang sadayana

c)

arab kuresnya bangsana