wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

US - Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

1. Sumber energi teh rupa-rupa, aya nu disadiakeun ku alam, aya anu kudu diolah heula. Bensin, solar, minyak tanah, batu bara jeung sakur energi lianna anu asalna ti jero taneuh hiji waktu bakal beak. Ku sabab kitu urang kudu hemat energi ulah dihambur-hambur. Salah sahiji cara pikeun ngahemat energi ...

a)

A. gunakeun listrik saperluna

b)

B. make cai sasukana

c)

C. kamana-mana naek kendaraan

d)

D. ngadurukan runtah plastik

2.

2. Eusi paguneman nyaeta...

a)

A. Deni ngajak ngaos ka Ujang

b)

B. Deni bade wawartos ka Mamah

c)

C. Ujang ngajak ngaos ka Deni

d)

D. Ujang bade ngantosan Deni

3.

3. Nu jadi topik dina biantara nyaeta...

a)

A. bahaya ngaroko

b)

B. lingkungan anu kurang beresih

c)

C. masalah kasehatan masarakat

d)

D. pola hirup anu kurang sehat

4.

4. Kecap nu cocog keur ngalengkepan paguneman nyaeta...

a)

A. iraha

b)

B. naha

c)

C. saha

d)

D. kamana

5.

5. Di handap ieu ngarupakeun Parafrase tina sajak “Kota Sumedang” ...

a)

A. Kota Sumedang asri tempat kalahiran abdi

b)

B. Kota Sumedang tempat kalahiran abdi kiwari jadi kota pendidikan jeung budaya

c)

C. Kota Sumedang anu asri, abdi resep jadi urang Sumedang

d)

D. Kota Sumedang anu asri tempat kalahiran abdi. Kiwari katelah kota pendidikan jeung budaya. Abdi reueus tur resep jadi urang Sumedang.

6.

6. Baheula mah sasatoan teh masih keneh liar hirup di leuweung. Sabangsaning maung, macan, oray, monyet , badak, gajah, jeung rea-rea deui. Kiwari eta sasatoan teh geus langka lantaran diboro ku jalma nu teu tanggung jawab . Aya nu dijual ka luar nagri, dijadikeun hiasan, aya oge nu dipake ubar. Pikeun ngajaga supaya sasatoan eta teu punah, pamarentah nyieun leuweung husus anu dilindungi. Eta leuweung ngarana...

a)

A. Kebon Binatang

b)

B. Suaka Alam

c)

C. Suaka Margasatwa

d)

D. Wisata Alam

7.

7. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan biantara di luhur nyaeta...

a)

A. cageur

b)

B. gering

c)

C. jagjag

d)

D. sehat

8.

8. Poe Senen, isuk keneh Ani geus kasampak di kelas. Manehna pangsuhudna, tur boga pancen ngabsen. Ani ngahuleng meni anteng, manehna keur mikiran leungitna buku absen. Hargana teu sapira tapi gede gunana pikeun nyatet hadir henteuna murid. Kajadian anu kaalaman ku Ani ...

a)

A. pikaseurieun

b)

B. pikalucueun

c)

C. pikasediheun

d)

D. pikakeuheuleun

9.

9. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan sajak di luhur nyaeta...

a)

A. kurang

b)

B. hayang

c)

C. guyang

d)

D. nguyang

10.

10. Di Indonesia tumuwuh rupa-rupa seler bangsa, basa, jeung budaya anu beda-beda, tapi gumulung jadi hiji, nyaeta bangsa Indonesia. Eta sababna bangsa Indonesia ngabogaan motto “Bhineka tunggal Ika”, anu hartina...

a)

A. Bangsa Indonesia teh boga rupa-rupa seler bangsa

b)

B. Nagara Indonesia boga rebuan pulo

c)

C. Nagara Indonesia sarua jeung Nusantara

d)

D. Najan rineka tur bineka, tapi tetep hiji, nyaeta Indonesia

11.

11. Paguneman teh nyaritakeun ngeunaan...

a)

A. Atin sareng Udin bade kursus jaipongan di bumi Bu Nani

b)

B. Udin hoyong ngiringan kursus jaipongan di bumi Bu Nani

c)

C. Atin sareng rerencanganana sok kursus jaipongan di bumi Bu Nani

d)

D. Udin sareng Atin bade ka bumi Bu Nani

12.

12. Enjing-enjing Pa Septiawan tos angkat ka sakola. Anjeuna unggal dinten ngawulang di sakola dasar. Sakola tempat didamelna kaleresan caket ti bumina . Murid-muridna seueur. Sadayana hormat ka anjeuna. Padamelan Pa Septiawan nyaeta...

a)

A. dosen

b)

B. guru

c)

C. penjaga

d)

D. tukang dagang

13.

13. Dina kahirupan masarakat Sunda aya rupa-rupa kadaharan anu has, lantaran teu kapanggih di tempat sejen. Aya nu disebut kalua jeruk, kalua gedang, jeung kalua suuk. Salian ti dahareun aya oge ... has Sunda saperti bajigur jeung bandrek. Kadaharan eta aya nu diolah sorangan aya oge anu diolah di industri rumah. Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan bacaan di luhur nyaeta...

a)

A. dahareun

b)

B. inuman

c)

C. kadaharan

d)

D. kainuman

14.

14. Kaulinan barudak teh rea pisan. Diantaranan aya kaulinan anu merlukeun pakakas. Dijieuna tina kai, panjangna kira-kira 40 cm, lebarna 15 cm, luhurna make logak sababaraha hiji pahareup-hareup. Unggal logak dieusian ku kewuk atawa siki salak, jste. Lobana tujuh siki. Cara ulina piligenti, tepi ka kewukna beak arasup kana logak indung. Kaulinan ieu merlukeun dua urang pikeun ngamaenkeunana.Kaulinan barudak eta ngarana ...

a)

A. congklak

b)

B. dam-daman

c)

C. encrak

d)

D. engkle

15.

15. Eusi tina paguneman nyaeta...

a)

A. Kenging jajan tapi ulah tambarakan

b)

B. Teu kenging jajan katuangan anu kakebulan atawa kaeunteupan laleur

c)

C. Katuangan nu ngandung penyedap rasa tiasa ngabahayakeun usus

d)

D. Urang kedah ngajaga kasehatan, teu kenging jajan tambarakan sareng nuang katuangan anu ngandung penyedap rasa

16.

16. Anu kaasup pangalaman sedih dihandap nyaeta ....

a)

A. dibere hadiah

b)

B. naek kelas

c)

C. leungit buku

d)

D. jadi juara

17.

17. .... sababna musibah banjir jeung longsor di daerah Citengah teh?

a)

A. Saha

b)

B. Naon

c)

C. Sabaraha

d)

D. Kumaha

18.

18. Anu kaasup conto kadaharan sehat diantarana nu ngandung ....

a)

A. zat nu dibutuhkeun ku awak

b)

B. soda

c)

C. alkohok

d)

D. boraks

19.

19. Raden Oto Iskandar Dinata .... di Bandung, sedengkeun pupusna mah di Tangerang.

a)

A. Makamna

b)

B. Bumina

c)

C. Kantorna

d)

D. Dibabarkeuna

20.

20. Lamun kaampuh tehnologi jeung agama bisa kacangking ku generasi ngora, tangtuna wae urang bakal bisa ngeusian kahirupan ku hal-hal anu gede mangfaatna. Maksud tina teks diluhur kaitan jeung .... globalisasi.

a)

A. tujuan

b)

B. harti

c)

C. Kagunaan

d)

D. kudu saimbang ngagunakeun hasil

21.

21. Conto hasil globalisasi di widang transportasi nyaeta ...

a)

A. Handphone

b)

B. Saldo

c)

C. Kareta api listrik

d)

D. Radio

22.

22. Imeutan gambar ieu! Pikeun ngajawab nomor 22, 23, jeung 24. Profesi nurutkeun gambar nyaȇta ...

a)

A. Guru

b)

B. Dokter

c)

C. Patani

d)

D. Wartawan

23.

23. Kalimah anu cocog ditujukeun ka profesi dumasar gambar nyaȇta ...

a)

A. Naon margina pangangguran beuki ningkat, pa?

b)

B. Kumaha carana pikeun nyegah tȇpana panyakit alatan virus corona tȇh, dok?

c)

C. Sabaraha jumlahna pamaȇn futsal tȇh?

d)

D. Iraha datangna jamaah ti Mekah tȇh?

24.

24. Dumasar kana gambar, samẻmẻh wawancara dilaksanakeun, alusna kudu nyieun heula kalimah pananya nu aya kaitanna jeung hal ...

a)

A. kamajuan pausahaan

b)

B. jumlah mundingna

c)

C. kasȇhatan

d)

d. kabangkrutan

25.

25. Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea disebut ....

a)

A. Kuliah

b)

B. Ceramah

c)

C. Biantara

d)

D. Ngobrol

26.

26. Saperti biasa, beres sasarap Popi sadudulur ngabarandungan berita tina televisi. Harita disiarkeun aya berita tanah urug di Cililin. Cililin teh perenahna kiduleun Bandung. Tempatna dikuriling ku pasir anu gundul lantaran tatangkalana ditaluaran wae. Moal salah barang datang hujan gede, tanahna urug,tuluy ngubur imah urang dinya. Nurutkeun bacaan anu ngalantarankeun musibah tanah urug di Cililin teh nyaeta...

a)

A. pasir anu gundul

b)

B. tatangkalan nu hejo

c)

C. walungana endah

d)

D. gunung anu gede

27.

27. Dina jaman kiwari, urang kudu mikaweruh tehnologi nu aya di sabudeureun urang. Dihandap mangrupa sinonim kecap mikaweruh, iwal ...

a)

A. nyaho

b)

B. uninga

c)

C. terang

d)

D. poho

28.

28. Masalah anu datang marengan tehnologi teh diantarana wae, sipat individual beuki tumuwuh, ari sipat...jeung sabilulungan beuli ngurangan. Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta...

a)

A. gotong royong

b)

B. tata krama

c)

C. sopan santun

d)

D. kurung batok

29.

29. HP kaasup kana sabagian teknologi, informasi, jeung komunikasi. Ku ayana HP dunya anu sakitu legana teh karasa jadi heureut. Kiwari mah tempat anu jauh jadi deukeut, tapi sabalikna anu deukeut oge bisa jadi jauh. HP minangka produk tehnologi, geus jadi kabutuh hirup manusa sapopoe. Dina jaman kiwari urang moal bisa leupas tina pangaruh tehnologi. Tema bacaan di luhur nyaeta...

a)

A. pangaruh transportasi

b)

B. pangaruh tehnologi

c)

C. pangaruh babaturan

d)

D. pangaruh informasi

30.

30. Kang Ikin nuju nongton wayang golek dina televisi. Wayang golek nuju...ku Kang ikin dina televisi

a)

A. tongton

b)

B. katongtong

c)

C. ditongton

d)

D. tongtonan

31.

31. Dina pergaulan sapopoe urang kudu ... sangkan loba babaturan

a)

A. akur

b)

B. acuh

c)

C. pahare-hare

d)

D. pasea

32.

32. Mangsa dunya taya wates wangena disebut...

a)

A. imigrasi

b)

B. globalisasi

c)

C. komunikasi

d)

D. erosi

33.

33. dihandap ieu sifat-sifat Rd. Dewi Sartika anu perlu ku urang dijadikeun suri tauladan , iwal ...

a)

A. pantang mundur, ,

b)

B. gede sumanget

c)

C. teuneung ludeung

d)

D. epes meer

34.

34. Lantaran kawanina ngalawan pamarentah Hindia Walanda, R.Oto Iskandardinata kawentar kenging jujuluk...

a)

A. Si Jalak Harupat

b)

B. Si Jalak Bali

c)

C. Si Beo

d)

D. Si Heulang Mangprang

35.

35. Teks paguneman di luhur eusina ngeunaan...

a)

A. cara melak supa merang

b)

B. cara panen pare

c)

C. cara panen supa merang

d)

D. cara melak sapu merang

36.

36. Kecap anu ditulisna condong ngandung harti...

a)

A. loba musuh

b)

B. loba batur

c)

C. loba duit

d)

D. loba kaera

37.

37. Kecap pikeun ngalengkepan kalimah dina teks paguneman di luhur nyaeta...

a)

A. sakola

b)

B. bapa

c)

C. bumi

d)

D. damel

38.

38. Basa pere sakola, Deden piknik jeung Bapana ka Yogya. Ti Jakarta make kapal udara. Teu lila ngan ukur lima puluh menit geus tepi ka Yogya. Di candi Prambanan Deden gawena tataekan kana candi. Nu pangdipikaresepna teh patung Nandi, nyaeta patung munding. Naon nu kaalaman ku Deden ngarupakeun kajadian anu...

a)

A. pikasediheun

b)

B. pikaheraneun

c)

C. pikamelangeun

d)

D. pikabungaheun

39.

39. ... aya kajadian cai caah teh? Kecap pananya nu luyu nyaeta....

a)

A. Dimana

b)

B. Kamana

c)

C. Sabaraha

d)

D. Kumaha

40.

40. Eusi guguritan di luhur teh urang kudu...

a)

A. kerja bakti

b)

B. silih parebut

c)

C. silih rojong

d)

D. silih suntrung