wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal

Total questions: 15

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Carpon kaasup kana prosa fiksi sarta mangrupa karangan ciciptan. Harti tina karanan ciciptan téh nya éta ....

a)

karangan anu saenyana

b)

kajadian anu diréka

c)

kajadian pamohalan

d)

kajadian anu saluyu jeung fakta

2.

Carpon mangrupa karya sastra dina wangun ....

a)

ugeran

b)

puisi

c)

lancaran

d)

drama

3.

Karangan basa lancaran anu eusina ngaguar, medar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubuk leutikna, disebut ....

a)

artikel

b)

narasi

c)

rangkuman

d)

deskripsi

4.

Ikuk nu kakara ka luar ti tajug, samar polah.

Harti kecap samar polah dina kalimah di luhur miboga harti ....

a)

teu puguh papakéanna

b)

teu puguh laku

c)

teu puguh rarasaan

d)

teu puguh cumarita

5.

Ikuk nu kakara ka luar ti tajug, samar polah. Leungeun katuhuna disumputkeun ka tukang, bari pokna, "Eu... henteu. Taeun, Tis... lohor heula...," omongna geumpeur.

Latar tempat dina sempalan carita pondok di luhur nya eta ....

a)

tajug

b)

lembur

c)

sakola

d)

jalan

6.

Tisna jeung Cécép kawas nu sungkan rék balik téh. Leumpangna antaré bari meusmeus ngalieuk ka tukang. Ngalieukan Pa Jaja. Tapi Pa Jaja teu témbong deui. Duka terus ka mana.

Palaku utama dina sempalan carita pondok di luhur nya éta ....

a)

Cécép jeung Tisna

b)

Tisna jeung Pa Jaja

c)

Cécép jeung Pa Jaja

d)

Cécép jeung Ikuk

7.

Ngamaénkeun bebegig Sukamantri, mémang mikabutuh tanaga anu tohaga. Pék baé bayangkeun. Kudu nyunyuhun bebegig anu beuratna nepi ka 60 kilo, bari awak dibulen ku kakaban injuk. Jaba kudu ragag-rigig deuih.

Pikiran utama tina paragraf di luhur nya éta ....

a)

bebegig sukamantri beuratna nepi ka 60 kilo

b)

bebegig sukamantri sok di pake ngangkat jelema

c)

ngamaenkeun bebegig sukamantri mikabutuh tanaga anu tohaga

d)

ngamaenkeun bebegig sukamantri hese pisan

8.

Bédana carpon jeung dongéng nyaéta ....

a)

carpon teu ngandung unsur pamohalan

b)

teu boga unsur intrinsik

c)

teu boga téma

d)

teu boga amanat

9.

"Hirup téh kudu jujur sarta ulah beunang dibibita ku kauntungan tina ladang teu jujur"

Éta kalimah kaasup kana ....

a)

tema

b)

amanat

c)

galur

d)

latar

10.

Dina carpon aya nu di sebut unsur intrinsik jeung ekstrinsik. Nu kaasup kana unsur intrinsik nya eta ....

a)

téma, galur, setting jeung pangarang

b)

téma, pangarang, latar jeung tokoh

c)

téma, tokoh, penerbit, jeung amanat

d)

téma, tokoh, latar, jeung amanat

11.

Nu ditataan ku panata acara dina bubuka nya éta....

a)

anu ngahadiran kana éta acara

b)

runtuyan kagiatan panata calagara

c)

runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan

d)

réngréngan panata calagara

12.

Salian ti MC, anu pancénna ngatur jeung nuyun acara téh nya éta....

a)

panumbu catur (moderator)

b)

pamilon

c)

girang serat

d)

pangjejer

13.

Parawargi sadaya, alhamdulillah, sadaya runtuyan acara parangtos kahaturkeun kalawan lulus banglus.

Kalimah di luhur kaasup kana ....

a)

bubuka acara

b)

eusi acara

c)

nutup acara

d)

pangwilujeng kanu hadir

14.

Salajengna sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa miwah Ibu kalih hadirin sadayana anu parantos kersa rurumpaheun kana ieu acara, nya eta acara Paturay Tineung ka parasiswa anu parantos lulus ti ieu sakola.

Kalimah di luhur kaasup kana ....

a)

pangwilujeng ka nu haladir

b)

salam bubuka

c)

eusi acara

d)

panuhun ka panata calagara

15.

Panata acara kudu apal kana sagemblengna acara nu rék dilaksanakeun, ku sabab ....

a)

panata acara miboga pancén pikeun ngatur acara

b)

panata acara mangrupa panata calagara

c)

panata acara nyaho saha-sahana nu aya dina éta acara

d)

panata acara mangrupa pupuhu calagara