wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quis Materi Pedaran Kelas XII

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebut ...

a)

budaya

b)

tali paranti

c)

adat

d)

tradisi

e)

kabudayaan

2.

Karangan atawa wacana anu eusina medar/ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana hiji hal dumasar  kana fakta fakta nu kapanggih disebut...

a)

karangan pedaran

b)

karangan narasi

c)

karangan fiksi

d)

karangan deskripsi

e)

karangan argumentasi

3.

Karangan pedaran sok disebut karangan bahasan atawa karangan ...

a)

eksposisi

b)

narasi

c)

deskripsi

d)

argumentasi

e)

persuasi

4.

Aya sababaraha rupa tehnik nu dipake dina nulis karangan pedaran, iwal ti ...

a)

tehnik identifikasi

b)

tehnik klasifikasi

c)

tehnik definisi

d)

tehnik ilustrasi

e)

tehnik klarifikasi

5.

Tehnik nulis pedaran nu ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung mere wangenan kana eta perkara atawa barang disebut...

a)

tehnik definisi

b)

tehnik proses

c)

tehnik ilustrasi

d)

tehnik klasifikasi

e)

tehnik identifikasi

6.

Ngaran tarian tina gambar digigir nya eta ...

a)

Tari Jaipong

b)

Tari Jamparing Apsari

c)

Tari Buyung

d)

Tari Pwah Aci

e)

Tari Puragabaya Gebang

7.

Dina puncak acara kagiatan seren taun aya kagiatan nutuan pare sangkan jadi beas. Alat nu digunakeun pikeun nutuan pare nya eta ...

a)

cowet jeung mutu

b)

lisung jeung halu

c)

sendok jeung garpu

d)

gondewa jeung jamparing

e)

aseupan jeung seeng

8.

Puncak acara Seren taun di Desa Cigugur Kuningan dilaksanakeun dina...

a)

18 Rayagung

b)

19 Rayagung

c)

20 Rayagung

d)

21 Rayagung

e)

22 Rayagung

9.

Tehnik nulis karangan ku cara ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara atawa barang disebut ...

a)

tehnik identifikasi

b)

tehnik klasifikasi

c)

tehnik definisi

d)

tehnik ilustrasi

e)

tehnik proses

10.

Kecap seren miboga harti ...

a)

nyerahkeun

b)

ngebrehkeun

c)

ngajentrekeun

d)

nyebutkeun

e)

ngalaksanakeun

11.

Sababaraha kasenian nu dipintonkeun dina acara Seren Taun, iwal ...

a)

Angklung Buncis

b)

Tari Jamparing Apsari

c)

Rampak Kendang

d)

Reog

e)

Pencak silat

12.

Lian ti Kuningan, wewengkon nu sok ngayakeun Seren Taun nyaeta...

a)

Sukabumi

b)

Cianjur

c)

Garut

d)

Tasikmalaya

e)

Majalengka

13.

Anu jadi objek utama dina upacara seren taun nyaeta ...

a)

Tokoh masarakat adat

b)

Masarakat adat

c)

Pare

d)

Cai

e)

Tarian

14.

Ieu di handap mangrupa acara anu dilaksanakeun dina puncak acara Seren Taun di Kabupaten Kuningan, iwal ti ...

a)

Tari Buyung

b)

Angklung Buncis

c)

Ngajayak

d)

Tari Jamparing Apsari

e)

Pesta Dadung

15.

Carita rakyat anu eusina nyaritakeun ngeunaan asal usul pare nyaeta ...

a)

Lutung Kasarung

b)

Nyi Pohaci

c)

Timun Emas

d)

Prabu Siliwangi

e)

Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana

16.

Newak bakakak mangrupa salahsahiji tradisi Sunda dina acara ...

a)

Nyunatan

b)

Kakandungan

c)

Nikahan

d)

Papatenan

e)

masarakat umum

17.

Tradisi pesta laut sok dilakukeun ku masarakat Sunda di daerah, iwal ti ...

a)

Pangandaran

b)

Sukabumi

c)

Garut

d)

Tasikmalaya

e)

Sumedang

18.

Alesan ngabahas topik pedaran sok ditulis dina bagian ...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Manggalasastra

e)

Sampiran

19.

Ieu di handap mangrupa hal anu aya dina bagian eusi pedaran, iwal ti ...

a)

Wujud jeung wangun objek

b)

Gunana objek

c)

Wanda atawa tipe objek

d)

Cara nyieun objek

e)

Saran-saran

20.

Karangan pedaran anu geus dimuat dina majalah atawa koran disebut ...

a)

Warta

b)

Artikel

c)

Biantara

d)

Bewara

e)

Iklan