wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

7.1 Paguneman (PH)

Total questions: 28

Worksheet time: 37mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman téh asalna tina kecap gunem, nu hartina nyarita …

a)

sorangan

b)

kasar

c)

silitempas

d)

lemes

2.

Caritaan/obrolan silitempas antara dua urang atawa leuwih disebut ….

a)

gunem

b)

paséa

c)

ngadongéng

d)

cacalawakan

3.

Di handap ieu, sinonim dina kecap “paguneman”, IWAL …

a)

ngobrol

b)

catur

c)

ngawangkong

d)

monolog

4.

Di handap ieu, padika ngobrol jeung batur gunem, IWAL …

a)

diperhatikeun tatakramana

b)

lentong kudu merenah ulah teuteureugeus

c)

pasemon kudu cua baeud teu seuri budi

d)

undak-usuk basa kudu saluyu jeung larapanana

5.

1) lemes

2) loma

3) kasar

4) sléng

nu kaasup undak-usuk basa Sunda dituduhkeun nomer …

a)

1, 2, jeung 3

b)

1 & 3

c)

2 & 4

d)

4

6.

Wajib jeung kudu dibiasakeun nyarita maké basa lemes, diantarana ka …

a)

ustadz, lanceuk, & adi

b)

kolot, guru, & tokoh masarakat

c)

misan, ua, jeung bibi

d)

alo, aki, & pajabat

7.

Basa loma nyaéta basa akrab. Urang biasa nyarita maké basa loma lamun ka …

a)

guru & ibu

b)

lanceuk misan & sato

c)

babaturan saentragan & sahandapeun

d)

nu teu wawuh & inohong masarakat

8.

Kudu keur kaayaan kumaha lamun urang baé nyarita maké basa kasar?

a)

ka sato & ambek

b)

nu teu wawuh

c)

ka saluhureun

d)

ka sahandapeun

9.

Kudu kumaha tatakrama dina leumpang ngaliwatan batur?

a)

nyebut punten

b)

légég, teugeug, jeung tetelenyeng

c)

nyebut punten bari rengkuh

d)

nyebut punten, rengkuh, bari seuri marahmay

10.

nyebut “punten” TEU dilarapkeun dina kaayaan …

a)

ngaliwatan batur nu keur diuk

b)

namu ka imah batur

c)

ngaliwat ka kuburan

d)

barangbeuli ka warung

11.

dongkap ka bumi batur, disunahkeun kedah unjuk “Asslamu alaikum wa rahmatu Llahi wa barakatuhu”. Urang salaku urang Sunda sok dibarengan ku salam nu séjén, nyaéta …

a)

spada

b)

sampurasun

c)

punten

d)

salam leuleupeutan

12.

Dina biantara atanapi acara-acara formal nu séjénna, sok dibuka ku “Asslamu alaikum wa rahmatu Llahi wa barakatuhu”.  Urang salaku urang Sunda sok dibarengan ku salam nu séjén, nyaéta …

a)

spada

b)

sampurasun

c)

punten

d)

salam leuleupeutan

13.

Dihandap ieu, pentingna kasopanan tatakrama basa jeung paripolah, nyaéta …

a)

diajénan ku batur

b)

cingcirining budak ngabudi jeung nyakola

c)

representasi kulawarga jeung lingkunganana

d)

kabéh opsi bener

14.

Batur bakal sopan ka urang lamun urang … ka batur

a)

culangung

b)

teu sopan

c)

tatakrama

d)

teugeug

15.

lamun urang sopan ka batur, urang bakal … ku batur

a)

diajénan

b)

dipikaceuceub

c)

dibales

d)

dicawad

16.

Dina ngobrol gunem catur jeung batur, volumeu sora urang kudu …

a)

haharéwosan

b)

gogorowokan

c)

sinegertengah

d)

salah kabéh

17.

Dina ngobrol gunem catur jeung batur, anca-gancang (témpo) sora urang kudu …

a)

teuteureugeus

b)

sinegertengah

c)

ngayayay

d)

bener kabéh

18.

Dina ngobrol gunem catur jeung batur, paripolah awak kudu …

a)

rengkuh

b)

teugeug

c)

jagreg

d)

culangung

19.

Dina ngobrol gunem catur jeung batur, pasemon kudu …

a)

cua

b)

baeud

c)

éraan

d)

marahmay

20.

Sora nalika keur ngobrol téh ulah haharéwosan komo cocorowokan tapi kudu sineger tengah, padika ngobrol dina palebah …

a)

volumeu

b)

témpo

c)

paripolah

d)

pasemon

21.

anca-gancangna nyarita dina obrolan ulah ngayayay komo teuteureugeus tapi kudu sineger tengah, padika ngobrol dina palebah …

a)

volumeu

b)

témpo

c)

paripolah

d)

pasemon

22.

awak kudu rengkuh ulah teugeug jagreg, padika ngobrol dina palebah …

a)

volumeu

b)

témpo

c)

paripolah

d)

pasemon

23.

Rupa lamun keur ngobrol kudu marahmay ulah cua baeud komo judes, padika ngobrol dina palebah …

a)

volumeu

b)

témpo

c)

paripolah

d)

pasemon

24.

Kumaha réaksi hidep lamun paamprok jeung babaturan di jalan? Jelaskeun!

4 lines
25.

Jieun conto obrolan nga-chat ka guru mapel kalayan maké tatakrama perkawis ulangan susulan margi hidep teu acan ulangan!

4 lines
26.

Jieun conto obrolan ménta hampura ka babaturan kusabab hidep boga salah, tur sebutkeun kasalahan hidep supaya babaturan hidep apal kasalahan hidep! boh dina chat atawa sacara langsung (pilih salahsahiji)!

4 lines
27.

Tuliskeun conto nganuhunkeun ka ibu-rama hidep sabab gedé jasana dina kahirupan hidep!

4 lines
28.

Eusian wawanohan ieu di handap kalayan datapribadi hidep!

Asslamu alaikum wa rahmatu Llahi wa barakatuhu

wilujeng ……. sadaya

seja nepangkeun

wasta pun …

kawit ti …

ayeuna matuh di …

sakola di MTsN 3 Ciamis kelas …

kalangenan simkuring nyaéta …

angen-angen …

4 lines