NEW
Font size
WorksheetsUH BIANTARA
Total questions: 20
Worksheet time: 17mins
Kagiatan nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikrun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur the disebutna….
Biantara
Wawaran
Deklamasi
Dramatisasi
Baca sempalan biantara ieu di handap
Mangga urang sami-sami muji sukur ka Nu Maha Agumg, Alloh SWT. Solawat miwah salam mugi langgeng ngocor ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Nabi tuladan utama, pamungkas utusan, mugi wae urang kabagean lelebaranana.
Sempalan biantara di luhur the kaasup kana bagean tina…
Inti
Eusi
Bubuka
Panutup
Jalma anu ahli dina nepikeun biantara disebutna….
Deklamator
Koruptor
kreator
Orator
Bagean tina biantara anu eusina nepikeun maksud atawa informasi disebut….
bubuka
panutup
eusi biantara
pangjejer biantara
Eusi biantara téh kudu saluyu jeung....
kaweruh anu dicangking
kahayang sorangan
kamajuan jaman
materi acarana
Anu kaasup kana bagian bubuka biantara nya éta ….
Rupina mung sakitu biantara nu tiasa didugikeun, mudah-mudahan aya hikmah, guna sareng mangpaatna
sakitu nu kapihatur. Nagahaturkeun nuhun kana perhatosanana, neda sihapunten tina naon rupi kalepatan sinareng kakirangan.
Syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka Alloh SWT anu Maha Kawasa anu parantos maparin nikmat sinareng rahmat-Na ka urang sadayana.
Sateuacan mungkas ieu biantara simkuring umajak ka sadayana anu sami hadir,hayu urang sami-sami ngadu’a, mugia urang sadaya aya dina rido Alloh Swt.
(1) Nangtukeun topik biantara
(2) Nyieun rangkay/kerangka biantara
(3) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik nu rék dibahas
(4) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay /kerangka karangan nu geus disusun
(5) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan merhatikeun pilihan kecap, tanda
baca, jeung basa nu bener tur merenah
Léngkah-léngkah dina nyusun naskah biantara nya éta ….
1 - 2- 3 - 4 - 5
1 - 3- 2- 4 - 5
1 - 5- 3 - 2 - 4
1 - 3 - 5 - 2 - 4
Anu eusina di mimitian ku ngucapkeun salam tuluy ku manjatkeun puji syukur ka Allah SWT, jeung ngedalkeun solawat ka Kangjeng Nabi S.A.W. kalimah nu kitu teh kaasup …
eusi biantara
bubuka biantara
panutup biantara
pamungkas biantara
metoda biantara teh aya opat rupa nyeta Metoda impromtu, memoriter, manuscrip jeung ekstemporan.
cing pek tuduhkeun ku hidep mana anu dimaksud metoda manuscrip !
nyarita/biantara langsung tanpa nyiapkeun teks
biantara anu di talar(diapalkeun) luyu jeung teks biantara
biantara anu ngagunakeun teks dina prak-prakanana
biantara kalawan mawa catetan hal-hal anu rek ditepikeun
Nyarita/Biantara anu cara nepikeunana ditalar (diapalkeun) luyu jeung teks biantara disebut....
Metoda Impromtu
Metoda Memoriter
Metoda Manuscrip
Metoda ekstemporan
jalma anu dina ngalaksanakeun biantarana sacara langsung tanpa nyiapkeun teks/naskah disebut....
Metoda Impromtu
Metoda manucsrip
Metoda Memoriter
Metoda ekstemporan
dihandap ieu kaasup kana hal-hal anu kudu diperhatikeun nalika biantara, iwal....
kudu make baju alus
wirahma
pasemon (mimik muka)
pasang peta (gestur
Biantara anu sifatna pikeun mere pangaweruh (pengetahuan) wawasan ka masarakat umum ngeunaan hal-hal anu aya hubungan jeung atikan (pendidikan) kaasup kana biantara .....
Informatif
Persuasif jeung instruktif
Edukatif
Enterteinment
Biantara anu sifatna ngajak sarta mere arahan atawa parentah ngeunaan hal-hal anu aya hubunganana keur kapentingan umum, kaasup kana biantara .....
Informatif
Persuasif jeung Instruktif
Edukatif
Enterteinment
saninten buah saninten
saninten di parapatan
hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan
ungkara kalimah diluhur kaasup kana....
Babasan
Paribasa.
sisindiran
Kecap pangantet.
Wargi sakola anu dipikacinta,
Kabersihan téh hal anu kacida pentingna. Upama sakola urang beresih, moal ukur ngajadikeun betah diajar, tapi ogé ngajauhkeun tina rupa-rupa panyakit. Ku kituna, urang sadaya wajib ngajaga kabersihan sakola, saperti henteu miceun runtah sabarangan, beberesih kelas, jeung ngajaga kaéndahan lingkungan.
Naon maksud utama tina téks biantara di luhur?
Ngajak murid rajin diajar
Ngajak ngajaga kabersihan sakola
Ngahaturkeun nuhun ka guru
Ngajak babaturan pikeun beresih di imah
Wargi sakola anu dipikacinta,
Kabersihan téh hal anu kacida pentingna. Upama sakola urang beresih, moal ukur ngajadikeun betah diajar, tapi ogé ngajauhkeun tina rupa-rupa panyakit. Ku kituna, urang sadaya wajib ngajaga kabersihan sakola, saperti henteu miceun runtah sabarangan, beberesih kelas, jeung ngajaga kaéndahan lingkungan.
Ku kituna, hayu urang babarengan ngalarapkeun kabersihan sapopoé. Mugia ku kituna sakola urang jadi tempat anu merenah pikeun diajar jeung ngahontal cita-cita.
Eusi atawa awak biantara di luhur ngajelaskeun ngeunaan...
Kaéndahan lingkungan
Cara ngajaga kabersihan sakola
Hatur nuhun ka Gusti
Salam pamungkas
Ku kituna, hayu urang babarengan ngalarapkeun kabersihan sapopoé. Mugia ku kituna sakola urang jadi tempat anu merenah pikeun diajar jeung ngahontal cita-cita.
Kecap ajakan anu aya dina téks biantara téh nyaeta...
Betah
Ku kituna
Hayu
Mugia
Ku kituna, hayu urang babarengan ngalarapkeun kabersihan sapopoé. Mugia ku kituna sakola urang jadi tempat anu merenah pikeun diajar jeung ngahontal cita-cita.
Kecap pangharepan anu aya dina téks biantara téh nyaeta...
mugia
hayu
betah
ku kituna
wanda biantara anu eusina nyebarkeun informasi pikeun mangaruhan atawa ngapromosikeun atawa ngayakinkeun pemilih disebut....
ceramah
sambutan
up grading
propaganda
