wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS GANJIL KELAS XI

Total questions: 20

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebutna …

a)

Ceramah

     

b)

Khutbah

c)

Biantara

d)

Kampanye

e)

Sawala

2.

Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. Jalma anu ahli dina biantara disebutna …

a)

Curator

b)

Moderator

c)

Kolektor

d)

Koruptor

e)

Orator

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam …

a)

Religious

   

b)

Agiator

c)

Konvérsasi

d)

Akurasi

e)

Didaktik

4.

Ieu di handap eusi bagéan bubuka tina biantara, nyaéta nepikeun …

a)

Ucapan hatur nuhun

   

b)

Muji sukur ka Gusti Alloh Swt

c)

Ucapan dunga

d)

Ucapan ménta dihampura

e)

Salam pangwilujeng

5.

Pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, katitén tina ngaran …

a)

Patempatan

b)

Jalma

c)

Kadaharan

d)

Inuman

e)

Kaulinan

6.

Kacapangan leuweung dibukbak hirup bakal balangsak ngandung harti …

a)

Ari leuweung téh tempat kakaian anu ngahasilkeun hawa beresih

b)

Ari leuweung téh tempat sasatoan anu hirup bébas teu dikungkung ku  manusa

c)

Lamun leuweung dibukbak, masarakat bakal béakeun kai keur ngawangun imah

d)

Lamun leuweung dibukbak, sato-sato leuweung daratang ka lembur

e)

Ulah ngabukbak leuweung lantaran di leuweung loba kakaian anu jadi sumber cai

7.

Basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebutna basa …

a)

     Wewengkon

b)

Daérah

c)

Indung

d)

Nasional

e)

Sélér bangsa

8.

Dina tiap tanggal 21 Pébruari dipiéling …

a)

Poé basa daérah tingkat nasional

  

b)

Poe basa indung internasional

c)

Poé basa nasional internasional

d)

Poé basa daérah internasional

e)

Poé basa pergaulan internasional

9.

Ieu di handap kecap-kecap sipat anu boga harti lalawanan langsung, iwal …

a)

Jangkung >< pendek

b)

Gendut >< begang

c)

Panjang >< pondok

d)

Luhur >< handap

e)

Buleud >< pasagi

10.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna …

a)

Sisindiran  

b)

Rarakitan

c)

Paparikan

d)

Wawangsalan

e)

Tatarucingan

11.

Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap mimiti dina jajaran …

a)

     Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

   

b)

Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua

e)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

12.

Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta padeukeutna sora dina jajaran …

a)

Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

 

b)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi

c)

Ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4

d)

Ka-2 jeung jajaran ka-3

e)

Ka-1 jeung jajaran ka-3

13.

Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta …

a)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

Piwuruk, sésébréd, silihasih

c)

Cangkang, eusi, wangsal

d)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

14.

Teks :

Mawa peti dina sundung,

Dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

Kabisa teu beurat mawa.

Sisindiran di luhur kaasup kana wanda …

a)

   Wawangsalan

  

b)

Tatarucingan

c)

Teteguhan

d)

Paparikan

e)

Rarakitan

15.

Teks :

Pikasureun dijarumat,

Jarumna harga sasénan.

Saluhureun kudu hormat,

…………………………

Ungkara nu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nyaéta …

a)

Sasama kudu ajénan

b)

Hubungan dihargaan

c)

Sahandapeun diajenan

d)

Kulawarga kudu ajénan

e)

Dulur baraya agéhan

16.

Ieu di handap aya wawangsalan :

Bibika tipung tarigu,

Ku engkang henteu kaharti

Wangsalna, nyaéta …

a)

Kungkang

b)

Bibika

c)

Tipung

d)

Kaharti

e)

Roti

17.

Teks :

Saé nu jadi kapal,

………………….

Diasupkeun ka sakola,

Banda nu leuwih ti harta.

Ungkara nu merenah keur ngeusian jajaran kadua, nyaéta …

a)

  Urang nu jadi siswa

b)

Ménak nu ka Purwakarta

c)

Banda Acéh di Sumatra

d)

Selat Sunda Jawa-Sumatra

e)

Wakilna mah saha waé

18.

Kalimah ieu di handap anu ngandung kecap rajékan dwiréka, nyaéta …

a)

Hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah

b)

Dangdaunan aroyag katebak angina

c)

Buah di pipir imah téh plak-plik-pluk raragragan

d)

Manehna poe kamari bulak-balik Bandung-Jakarta

e)

Guru-guru karumpul di lapang Gasibu

19.

Wangsalna “simeut”, ari cangkangna nyaéta …

a)

Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut

      

b)

Teu beunang disupa dulang,teu beunang di bébébjokeun

c)

Teu beunang dirangkong kolong,teu beunang dipikahayang

d)

Kembang bodas buah bunder,ngaheruk nya pipikiran

e)

Maung tutul saba kasur,diri teu ngareunah cicing

20.

Ieu di handap henteu kaasup kecap nu dirarangkenan tengah –al, nyaeta …

a)

   Lalucu

b)

Lalulus

c)

Lalogor

d)

Baleunghar

e)

Balantik