NEW
Font size
WorksheetsSISINDIRAN
Total questions: 10
Worksheet time: 15mins
Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna ...
Sisindiran
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Tatarucingan
Sisindiran téh nyaéta karya sastra wangun puisi nu diwangun ku ...
I. cangkang jeung eusi,
II. cangkang jeung eusi kudu nyambung
III. diwengku ku pada (bait) jeung padalisan (baris)
IV. sapada kudu aya opat jajaran
V. unggal padalisan umumna 8 engang (suku kata)
Ciri-ciri sisindiran aya dina ...
II, III, V
I,III, V
II, III, IV
II, IV, V
I, III, IV
Rarakitan mibanda salah sahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap mimiti dina jajaran ...
Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua
Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka 3 eusi
Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi
Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua
Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
Anu kaasup kana papasingan jenis sisindiran diantarana aya paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan. Anu ngabédakeun rarakitan jeung wawangsalan nyaéta ...
Sora engang dina panungtung padalisan kudu sarua
Jumlah padalisanna béda
Ayana mindoan kawit dina jajaran ka 1 jeung 3, 2 jeung 4
Jumlah padalisan cangkang 2 jeung padalisan eusi 2
Eusina mangrupa piwuruk
Téks:
Batur mah jalan ka Dago,
abdi mah rék ka Jatayu.
Batur mah mareunang jodo,
abdi mah teu payu-payu.
Disawang tina wangun jeung sipatna, sisindiran di luhur kaasup kana ...
Rarakitan sésébréd
Paparikan silih asih
Rarakitan silih asih
Paparikan piwuruk
Rarakita piwuruk
Ieu di handap aya wawangsalan:
Bibika tipung tarigu,
ku engkang henteu kaharti
Wangsalna nyaéta ...
Kungkang
Bibika
Tipung
Kaharti
Roti
Wangsalna “simeut”, ari cangkangna nyaéta ...
Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang.
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran.
Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut.
Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing.
Beulit cingir simpay réma
Ulah lali ka sim abdi
Wangsalna nyaéta ...
Tali
Diri
Ali
Kali
Lali
Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa.
Pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mamawa.
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda ...
Wawangsalan
Tatarucingan
Teteguhan
Paparikan
Rarakitan
Kendang gedé pakauman
Dagdigdug rasaning ati
Cik teguh naon wangsalna?
Kendang
Dogdog
Bedug
Kulanter
Kacapi
