wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sisindiran

Total questions: 10

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra nu kaasup puisi ugeran nu tujuanna omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol disebut ...

a)

Novél

b)

Carpon

c)

Warta

d)

Sisindiran

2.

Sisindiran nu kudu sarua mindoan kawit jeung laras wekas nya éta ...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

3.

Watek sisindiran nu eusina banyol sok disebut...

a)

Piwuruk

b)

Silih Asih

c)

Sésébréd

d)

Naséhat

4.

Tengetan sisindiran di handap!

Aya listrik di masigit,

caangna ka mana-mana.

aya istri jangkung alit,

karangan dina pipina

Kaasup kana sisindiran naon conto di luhur?

a)

Wawangsalan

b)

Paparikan

c)

Rarakitan

d)

Sésébréd

5.

Coba teruh naon eusi wawangsalan di handap!

Kendang gedé pakauman

Dag dig dug rasaning ati

a)

Bedug

b)

Kohkol

c)

Péking

d)

Kacapi

6.

Aya lumut dina batu

Aya kuya di muara

          Kedah tumut kana waktu

             Di dunya urang ngumbara

Sisindiran di luhur ngabogaan watek ....

a)

Silih Asih

b)

Piwuruk

c)

Sésébréd

d)

Cinta

7.

Ciri-ciri sisindiran paparikan, sapadana kudu diwangun ku opat padalisan. Sapadalisan aya sabaraha engang?

a)

Tujuh engang

b)

Opat engang

c)

Dalapan engang

d)

Duabelas engang

8.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

  Sing getol neangan 'elmu

Nu guna duna aherat

Dina sisindiran di luhur mana nu kaasup mindoan kawit ...

a)

Sing jeung nu

b)

Mu jeung rat

c)

Jajamu jeung élmu

d)

Urat jeung ahérat

9.

Naon nu dimaksud laras wekas téh?

a)

Kecap mimiti anu sarua

b)

Engang mimiti anu sarua

c)

Kecap panungtung anu sarua

d)

Engang panungtung anu sarua

10.

Coba tengetan ku hidep mana nu kaasup cangkang dina sisindiran di handap!

1. Aya budak mawa casan

2. Ngan hanjakal teu dibeuli

3. Aya budak geulis pisan

4. Ngan hajakal tara mandi

a)

1 & 2

b)

3 & 4

c)

1 & 3

d)

2 & 4