wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan PTS Sunda Kelas 3

Total questions: 25

Worksheet time: 34mins

Name
Class
Date
1.

Sasatoan dina gambar, kaasup sasatoan anu sok ....

a)

Diingu

b)

Dikencarkeun

c)

Ditewak

d)

Dipiceun

2.

Ucing salah sahiji sasatoan anu sok diingu.

Hartina diingu nyaeta ....

a)

Dipencit

b)

Dikukut

c)

Dijual

d)

Dikurungan

3.

Salah sahiji cara mikanyaah sasatoan nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
4.

Urang kudu ... ka papada makhluk

damelan Pangeran.

a)

nyaah

b)

ngantep

c)

miceun

5.

Lamun urang ngurus tatangkalan jeung sasatoan, urang bakal ....

a)

meunang kasusah

b)

meunang mangfaatna

c)

meunang elmu

6.

Urang kudu nyaah ka papada makhluk

damelan Pangeran

ka sakur anu kumelip

eta tanda manusa ahlakna mulya

mikanyaah sasatoan pek diurus

katut tatangkalan

engke bakal males budi

mere hasil jeung mangfaat keur urang

Pupuh naon anu aya di luhur ?

a)

Kinanti

b)

Dangdangdulang

c)

Sinom

d)

Pucung

7.

Basa pere sakola, Ratna diajak piknik ka Kawah Putih ku bibina. Atuh mani atoh Ratna téh diajak piknik ka Kawah Putih. Basa di Kawah Putih, Ratna ningali kawahna warna bodas teras taneuh sareng batuna gé warna bodas. Matak narik ati nu piknik kadinya.

Saha wae anu piknik KA Kawah Putih teh?

a)

Ratna

b)

Bibi Ratna

c)

Ratna jeung bibina

d)

Sadayana jawaban salah

8.

Mengbal Huhujanan

Tisna : “Tulus kamari mengbal the, Gung!”

Agung : “Nya tulus atuh, Naha Tisna teu Miluan?”

Tisna ; “Apan hujan. Jaba ka lapangna rada jauh”.

Budi : “Puguh resep ari mengbal bari huhujan teh.”

Naon eusi paguneman di luhur?

a)

Tisna teu tulus mengenal sabab hujan

b)

Agung teu ngiluan mengenal sabab hujan

c)

Budi resep mengbal bari huhujanan

9.

Di handap ieu ciri-ciri manusia nu akhlakna mulya, kajaba ....

a)

miceun runtah dimana wae

b)

miara tatangkalan

c)

ngabersihan lingkungan

10.

Shali : "Kamari abdi dipasihan kelinci"

Shalihah : ....

Shali : "Ti mang Ade, Raina pun Rama"

Pananya anu sasuai jeung jawaban Shaliha ka Shali nyaeta ....

a)

Naon anu dipasihkeun teh?

b)

Saha anu dipasihan kelenci?

c)

Ku saha Shaliha dipasihan kelenci?

d)

Ti Saha eta kelenci teh?

11.

Kalimah anu dumasar kana gambar nyaeta ....

a)

Andi jeung babaturana mersihan lapangan bola

b)

Andi jeung kelauragana mersihan sakola

c)

Andi jeung keluarganya keur miara tatangkalan

12.

Contoh kecap anu disusun ku 3 engang nyaeta ....

a)

hujan

b)

pupuh

c)

miara

d)

sato

13.

Kecap "tatangkalan" disusun ku ... engang

a)

4

b)

3

c)

2

d)

1

14.

Mana nu kaasup makhluk damelan Pangeran?

a)

rorobotan

b)

mobil

c)

imah

d)

sasatoan

15.

Lamun papanggih jeung babaturan urang kudu silih ....

a)

nanya

b)

pananya

c)

tanya

d)

patanya

16.

Pagawean jelema anu cicingna di desa lolobana jadi ....

a)

tani

b)

patani

c)

tatani

17.

Gilang jalan-jalan di sabudeureun kebon binatang.

Harti ti kecap "sabudeureun" nyaeta ....

a)

sakuliling

b)

ngaran tempat

c)

kukulilingan

d)

cicing teu kamana-mana

18.

Pangalaman bungah atawa sedih sok matak nineung.

Harti kecap nineung nyaeta ...

a)

nineung

b)

hese pohona

c)

babari pohona

d)

pohoan

19.

Sasatoan anu sok diingu baru diarah cai susuna nyaeta ....

a)

kelenci

b)

sapi

c)

hayam

d)

kuya

20.

Sasatoan anu sok diingu baru diarah dagingna nyaeta ....

a)

kuda

b)

ucing

c)

domba

d)

manuk

21.

Mun pare mimiti dipelak di sawah, disebutnya ....

a)

tandur

b)

tuhur

c)

tutugan

22.

Sawah henteu meunang ..., caina kudu diatur.

a)

cunduk

b)

tuhur

c)

gunung

d)

beuneur

23.

Aris bogaeun kelenci sajodo, pamere ti Mang Ruhimat.

Saha nu boga kelenci teh?

a)

Mang Ruhimat

b)

Aris

24.

Susun kecap dihandap ieu jadi kalimah anu bener!

sasatoan-Mikanyaah-bukti urang-ka Pangeran-syukur

4 lines
25.

Pek jieun kalimah dumasar kana gambar!

4 lines