WorksheetsUTS BASA SUNDA - Kelas 7
Total questions: 25
Worksheet time: 19mins
Nilik tina wacana "Batur Anyar", Wandi kaasup murid nu....
Adigung
Wantéran
Sopan
Wanian
Lamun aya babaturan anyar téh, sakuduna ku urang....
Dipikanyaah
Dicuriga
Dijauhan
Dideukeutan
Wandi ngawanohkeun deui ka kuring sabatur-batur, sabab...
Ngawanohkeunana Di Hareupeun Kelas,
Ngawanohkeunana Sacara Umum Ka Balaréa,
Tadi Waktu Wawanohan Ngarasa Tacan Sugema,
Tadi Mah Kuring Sabatur Batur Teu Merhatikeun Wandi.
........ Wandi salaku murid anyar di éta kelas ngawanohkeun dirina ka babaturanana.
Kudu
Kuduna
Sakuduna
Dikudukeun
Waktu istirahat nu kahiji, Wandi ... babaturanana jajan ka kantin.
Ajak
Ngajak
Ajakan
Diajakan
Waktu istirahat nu kahiji, kuring sabatur-batur teu jajan ka kantin, sabab...
Teu Boga Duit Keur Jajanna
Kantinna Rada Jauh
Ngarasa Warareg Kénéh
Sabab Unggal Poé Ogé Sarapan Heula
Keur istirahat kahiji, Wandi pangheulana ngawanohkeun ka ....
Risyad
Jatmika
Yusuf
Cintya
Tina sabréhan gé ... Wandi mah budak bageur jeung teu loba omong.
Tempo
Ditempo
Katempo
Ditempoan
Kaulinan barudak jaman baheula mah deukeut jeung lingkungan katut ... alam di sabudeureunana.
Kahirupan
Kagiatan
Katangtuan
Kahayang
Ieu di handap hal-hal anu
nangtukeun kaulinan barudak dina jaman baheula, iwal....
Lingkungan Alam
Kahirupan Alam
Usum-Usuman
Tempat Cicing
Jang Maman’ ceurik, sabab
ku indungna teu ... cocoan
sakumaha kahayangna.
Meuli
Dipangmeulikeun
Dibeuli
Meulina
Balik ti sakola, Kondi sabatur-
batur ngahaja rék ... empét-
empétan ka sawah.
Ngulinkeun
Diulinkeun
Arulin
Ulin-Ulinan
Gobag sodor mah asli... kaulinan anu asalna ti wewengkon Jawa Barat.
Sarupa
Mirupa
Mangrupa
Dirupakeun
Kaulinan gobag sodor sarua
ogé jeung galah sodor atawa
sok aya deui anu ... galah
sumber.
Nyebutkeun
Sebut
Nyebut
Disebutkeun
Gobag sodor geus dianggap
salasahiji olahraga tradisional,
... pantes lamun dimekarkeun-
di tingkat nasional.
Matak
Ilahar
Pasti
Sakuduna
Kaulinan congkak, jumlah
pamaénna aya ... urang.
Dua
Opat
Dalapan
Lobaan
Bahasa lian tina istilah dikoclok nyaéta....
Diteunggeul
Diundi
Diacak
Dibabét
Pupujian teh nyaeta salasahiji hasil karya sastra Sunda dina wangun.....?
Puisi (Ugeran)
Wawaran
Pananya
Kantetan
Naon hartosna kecap Puji dina Pupujian ?
Kekecapan atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Rohman.
Kekecapan atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Uninga.
Kekecapan atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Adil.
Kekecapan atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa.
Pupujian nuduhkeun hal-hal anu patali jeung .. ?
Muji ka-Agungan Para Wali Murid
Muji ka-Agungan Gusti Allah SWT
Muji ka-Agungan Para Kiyai
Muji ka-Agungan Para Wali Agama
Titenan hal-hal dihandap :
1. Muji Kaagungan Pangeran
2. Solawat ka Rosululloh
3. Dunga jeung tobat ka Allah
4. Menta sapaat ka Rosululloh
5. Pepeling atawa nasehat ka umat sangkan ibadah jeung milampah amal soleh.
Eta sadayana diluhur mangrupakeun ?
Mangpaat Pupujian
Eusi Pupujian
Fungsi Pupujian
Wangun Pupujian
Naon anu disebut wangun puisi asal Arab anu umumna kantetan opat atawa diwangun ku opat jajar dina sapadana ?
Nadhom
Lagu
Sa'ir
Ugeran
Naon hartosna Pada dina Pupujian ?
Halaman
Jajar
Bait
Judul
Naon istilah sejen tina "Jajar" dina pupujian teh ?
Kecap
Randegan
Bait
Padalisan
Titenan potongan pupujian di handap ieu :
Karasana keur sakarat
Nyerina ....................
Kana ibadah dilewat
Embung ngalakonan salat
Lengkepan bagean anu leungit dina pupujian di luhur..
Salat
Kaliwat-liwat
Ulat-elat
Balebat
