WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS 7
Total questions: 30
Worksheet time: 56mins
1. Carita rekaan anu kesan pamohalan (teu kaharti ku akal) tur ukurana parondok nyarta ...
A. Carpon
B.Fabel
C. Mite
D. Dongeng
2. Carita rékaan nu rélatif panjang dina wangun prosa sarta miboga alur, carita, jeung karakter anu kompéks nyaeta disebut ...
A. Prosa
B. Fabel
C. Legenda
D. Novel
3. Novel nu nyaritakeun cinta asmara palaku utama, nyaeta disebut ...
A. Novel jiwa
B. Novel sajarah
C.Novel silih asih
D.Novel dewasa
4. “Pak Maman tos lami pupus” dina kalimah eta, pupus ngabogaan harti ...
A.Meninggal
B.Berangkat
C.Pergi
D. Menikah
5.Anu kaasup carita sasakala ,dihandap ieu iwal……
a. Situ bagendit
b. Talaga warna
c. Maung panjalu
d. Sakadang peucang
6.Omongan dua jalma atawa lewih bari silih tempal nyaéta...........
a. Paguneman
b. Caritaaan
c. ngabandungan
d. Ngajenan
7.Kalimah ieu di handap tatakrama basa nu merenah nyaeta ....
a.Abdi mah parantos tuang
b. Pa Angga wangsul ti payun
c. Terang henteu kamari aya supa
d. Pa Usman nembe sumping ti Jakarta
8. Pungsi bewara atawa wawaran teh diantarana pikeun ...
a.Nepikeun niat hade kalayan sopan
b. nepikeun informasi ka balarea
c. nepikeun kahayang ka batur
d. mangaruhan babaturan deukeut
9.Jumlah aksara vokal dina basa sunda aya ….
a. 5
b. 4
c.7
d. 8
10.Istilah dina basa Indonesia nu mibanda harti sarua jeung kecap wawaran teh nyaeta......
a. Berita
b. presenter
c. Pengumuman
d. Reporter
11. Naek turunna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut..
a.Lentong
b. volume
c. lafal
d. Rengkak
12.Ieu dihandap conto kalimah anu ngagunakeun gaya basa mijalma, nyaéta...
a. pa, punten abdi bade ka pengker
b. béntang ting kariceup di langit
c. pun biang parantos ngantunkeun
d.langlayangan téh ngapung ka luhur
13.Conto-conto kecap sifat aya dina bagian....
a. pinter, buku, maca
b. geulis, galak, motor
c. kotor, soméah, cageur
d. guru, dokter, ustad
14.Ieu di handap conto kecap anu patali jeung sora sasatoan, nyaéta...
a. cula, tanduk
b. jajangkar, pelung
c.ngagaur,kongkorongok
d. ngagerem, pamatil
15.Ieu di handap mangrupa aksara vokal dina basa sunda, nyaeta...
a. a,i,u, é,o,e,eu
b. a, i,u, é,o,e,ue
c. a,i,u, é,oe,e,eu
d. a,i,u, é,o,eo,eu
16.Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar …….
a. data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
b. data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
c. kanyataan di lapangan atawa anu karasa kurang
d. naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
17.Ieu di handap conto kecap anu geus dirarangkénan tengah -in- nyaéta..
a. pinter
b. sinatria
c. bintang
d.pamingpin
18. “Buku anu beureum éta sarua siga anu abdi”
Dina kalimah diluhur anu kaasup kecap pangantet kecap.....
a. buku
b. sarua
c. siga
d. anu
Dimas : “Sampurasun !”
Leo : “.....”
Dimas : “Rék kamana euy, meni rurusuhan kitu?”
Leo : “Ieu Dim, rék euli uyah di titah ku Ema.”
Dimas : “Ari sugan téh rék ka mana.”
Leo : “Yu dim ah, Bisi Ema nungguan euy.”
Dimas : “....
19. paguneman di luhur teh ngagunakeun basa ……
a.Kasar
b. Hormat
c. Lemes
d.Loma
Dimas : “Sampurasun !”
Leo : “.....”
Dimas : “Rék kamana euy, meni rurusuhan kitu?”
Leo : “Ieu Dim, rék euli uyah di titah ku Ema.”
Dimas : “Ari sugan téh rék ka mana.”
Leo : “Yu dim ah, Bisi Ema nungguan euy.”
Dimas : “....”
20. Kecap atawa kalimah anu pantes pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaéta...
a. Euy, Ka mana
b. Mangga, Rampés
c. Rampés, Enya atuh
d. Rampéa, Ka mana
Basa poe mingggu ,kuring ulin kakebon binatang,inditna sakulawarga ,da adi-adi kuring oge harayangen milu. barungaheun pisan katenjona adi-adi teh, mamah sasadiaan timbel dipurakna engke lamun geus cape kukurilingan nempoan sasatoan. Daharna cenah sok ngariung handapeun tangkal kai.Kuring atoh we nu aya nya bias ulin,nya bakal dahar rewog.Wah kacipta resepna!
21. Saha nu nyaritakeun pangalaman diluhur…………
a. Mamah
b. Pangarang
c. Kuring
d. Adi-adi
Basa poe mingggu ,kuring ulin kakebon binatang,inditna sakulawarga ,da adi-adi kuring oge harayangen milu. barungaheun pisan katenjona adi-adi teh, mamah sasadiaan timbel dipurakna engke lamun geus cape kukurilingan nempoan sasatoan. Daharna cenah sok ngariung handapeun tangkal kai.Kuring atoh we nu aya nya bias ulin,nya bakal dahar rewog.Wah kacipta resepna!
22. Tempat Kajadian pangalamanana nyaéta .......
a. Kebon binatang
b. Imah
c. Sakola
d. Kanti
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Dina raraga ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03 RW. 05 Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna dinten Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10.00 enjing dugi ka lekasan. Tempatna di Tajug Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos kasumpinganana.
Sakitu wawaran ti sim kuring, hatur nuhun kana sagala perhatosanana!
Hatur nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Kuningan, 20 Januari 2012
Ketua RT 02 Komplek Kabumen
23. Jejer/Tema dina wawaran diluhur, nyaéta...
a.Miéling Maulid Nabi Muhammad SAW
b.Sepitan massal gratis
c.Kasumpingannana
d. Acara ketua RT
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Dina raraga ngalaksanakeun pangeling ngeling Maulid Nabi Muhammad SAW. Warga RT. 03 RW. 05 Cijalim Pasapen Kuningan bade ngayakeun sepitan masal gratis. Anu waktosna dinten Rebo kaping 2 mei 2012 ngawitan ti tabuh 10.00 enjing dugi ka lekasan. Tempatna di Tajug Baiturahman. Kumargi kitu Bapa/ Ibu/ Saderek diantos kasumpinganana.
Sakitu wawaran ti sim kuring, hatur nuhun kana sagala perhatosanana!
Hatur nuhun Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Kuningan, 20 Januari 2012
Ketua RT 02 Komplek Kabumen
24. Nu ngadamel wawaran dilur téh nyaéta..
a. Ketua RT 02
b. Bapa/ Ibu saderek
c. Sekertaris
d. anu disepitan
25. Mana nu kaasup kana rajékan dwimurni ?
a. rurat-rérét
b. gegebug
c. tulas-tulis
d. mobil-mobil
26. Naon anu dimaksud dongeng teh ?
27. Naon anu dimaksud novel teh ?
28. Sebutkeun 4 unsur dongéng
29. Jieun kalimah tina kecap “calik, tuang, mangkat, ameng, ibak” ( masing-masing 1 kalimah )
30. Sinopsis nyaeta ...
