WorksheetsEVALUASI MATERI RESENSI PERTEMUAN 2
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Ieu di handap anu teu kaasup kana struktur résénsi nyaéta....
Nuliskeun idéntitas karya
Medar ngeunaan eusi karya
Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran karya
Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang
Medar ngeunaan Mangpaat karya
Eusi tina éta gambar téh mangrupa bagian tina struktur résénsi pilem, nyaéta....
Judul Film
Téma Film
Idéntitas Film
Pendahuluan Film
Bubuka Film
Pilem Soekarno saeutik lobana geus hasil ngasongkeun perkara anyar dina kamekaran pilem Indonesia. Geura wé, latar carita diwewegan ku properti anu nyurup kana kasang tukang taun 40-an, kayaning mobil antik, motor antik, wangunan imah, tug nepi ka dangdanan tokoh-tokohna. Kitu deui najan basa nu dipaké ku tokoh-tokohna dina basa Indonesia, tapi katitén aya usaha anu daria pikeun ngasupkeun kosa kecap anu dipake dina taun 40-an. Malah dina sawatara adegan direumbeuy ku basa Jawa, Walanda, jeung Jepang. Teu wudu bisa ngawewegan kana karakter tokoh-tokohna
Cutatan téks résénsi di luhur kaasup kana struktur résénsi....
Idéntitas Film
Bubuka Film
Kaunggulan Film
Kahéngkéran Film
Sinopsis Film
Tapi najan kitu, sakumaha pilem-pilem Indonesia séjénna, pilem Soekarno masih ngasongkeun galur carita anu gampang diteguh atawa babari kabadé ku nu lalajo. Asa jauh kéneh jeung galur anu meulit tur ngarancabang kawas dina pilem-pilem Hollywood. Kitu deui tokoh Soekarno, loba digambarkeun ngemu kabingung (gloomy). Katurug-turug éfék cahaya pilem anu kalolobanana poék lantaran ngaluyukeun kana latar taun 40-an, kesan Soekarno ngemu kabingung leuwih katara.
Cutatan téks di luhur kaasup kana struktur résénsi....
Idéntitas Film
Bubuka Film
Kaunggulan Film
Kahéngkéran Film
Sinopsis Film
Sacara umum, pilem Soekarno katiten digarap kalayan daria. Lian ti geus nembongkeun katapis sutradara Hanung Bramantyo, oge sacara teu langsung geus hasil nepikeun ajén-inajén kasajarahan bangsa Indontgsia ka barudak rumajangaliwatan media pilem. Di sagédéngeun kitu, bawirasa népakeun sikep nasionalisme ka barudak rumaja di jaman kiwari, leuwih keuna maké media pilem tinimbang ngajejelan buku-buku Sajarah anu kandelna kabina-bina.
Cutatan di luhur kaasup kana struktur résénsi....
Indéntitas Film
Kaunggulan Film
Kahéngkéran Film
Sinopsis Film
Panutup Film
Persib geus jadi ikon Jawa Barat, kitu di antarana nu kaunggel dina bab “Pesona Maung Bandung” téh. Iklim méngbalna alus. Maénna hadé. Kitu deui fanatismeu bobotohna nu luar biasa. Éta pisan nu jadi garansi pikeun norobos ka hambalan nasional. Keur para pamaén, asup ka Persib téh kasempetan gedé pikeun ngamekarkeun karir di dunya méngbal.
Cutatan résénsi di luhur nyaritakeun....
Pérsib jadi ikon Jawa Barat
Pérsib éléh tanding
Pérsib jadi juara nasional
Asup ka Pérsib téh jadi ajang pamér
Pérsib méngbalna alus
Persib geus jadi ikon Jawa Barat, kitu di antarana nu kaunggel dina bab “Pesona Maung Bandung” téh. Iklim méngbalna alus. Maénna hadé. Kitu deui fanatismeu bobotohna nu luar biasa. Éta pisan nu jadi garansi pikeun norobos ka hambalan nasional. Keur para pamaén, asup ka Persib téh kasempetan gedé pikeun ngamekarkeun karir di dunya méngbal.
Tina cutatan résénsi di luhur mana nu nuduhkeun kecap serepan...
Maung
Fanatismeu
Méngbal
Kaunggel
Norobos
Lantaran BIVB mah teu lana, pucunghul wéh dua kleup méngbal lianna, Persatuan Sepak Bola Indonesia Bandung (PSIB) jeung National Voetbal Bond (NVB). Nya dina 14 Maret 1933, ieu dua kleup méngbal téh ngahiji dina beungkeutan Persib. Nu kapeto jadi pupuhuna, Anwar St.Pamoenftjak.
Tina cutatan téks résénsi di luhur kecap mana nu nuduhkeun kecap serepan...
Lana
Pucunghul
Kleup
Beungkeutan
Pupuhuna
Harita mah Persib sok bangénan waé. Éta wé salila ilubiung dina Kompetisi Perserikatan, Persib kungsi nyandang juara opat kali, taun 1961, 1986, 1990, jeung 1995. Kungsi lima kali runner-up, taun 1950, 1959, 1966, 1983, jeung 1985.
Kitu deui basa asup kana kompetisi éra semiprofesional, Persib masih némbongkeun “sihungna”. Malah sok najan ngandelkeun pamaén pribumi, Persib hasil jadi pinunjul dina Liga Indonesia (LI) 1 (1994-1995).
Tina cutatan téks résénsi di luhur, kecap mana nu nuduhkeun kecap serepan....
Harita jeung bangénan
ilubiung jeung pribumi
Némbongkeun jeung Kungsi
Runner-up jeung pribumi
Pinunjul jeung Runner-up
Dumasar kana sinopsis dina website resmi pilem Soekarno, dina lalakon pilem “Soekarno: Indonesia Merdeka!” dicaritakeun yén saméméhna mah ngaran Soekarno téh Kusno. Awakna begang jeung ririwit. Ku bapana, ngaran Kusno téh diganti jadi Soekarno. Dina umur 24 taun, Soekarno bisa ngageunjleungkeun podium ku ngagorowok: Kita Harus Merdeka Sekarang!
Dumasar kana cutatan téks résénsi di luhur kapanggih kecap serepan nyaéta....
Begang
Ririwit
Website
Ngaran
Ngagorowok
