NEW
Font size
WorksheetsKuis Pangalaman Pribadi
Total questions: 5
Worksheet time: 3mins
Pék baca sempalan carpon ieu di handap keur ngajawab soal nomer 1!
………………………………………………………………………………………………………………
Wasta abdi, Hastian. Pangresep atanapi hobi abdi kaétang seueur, kantenan apan abdi mah kasebat urang lembur, jadi resep ameng rupi-rupi kaulinan urang lembur wé, sapertos medar langlayangan, ngadu kaléci, panggal, gatrik, jajangkungan sareng barén.
1. Dumasar sempalan téks pangalaman pribadi di luhur, nu kaasup kaulinan urang lembur, iwal
a. Panggal
b. Gatrik
c. Langlayangan
d. Game dina hp
Pék baca sempalan téks pangalaman pribadi ieu di handap keur ngajawab soal nomer 2!
………………………………………………………………………………………………………………
Ari peré sakola sok kanjat dua iangan ngurek téh, isuk-isuk jeung burit, bubuhan seueur pasawahan di lembur abdi mah, laléndo seueur belutan.
1. Dumasar sempalan téks pangalaman pribadi di luhur, sawah nu alus keur ngurek téh nya éta sawah anu …
a. Garing
b. Léndo
c. Tandus
d. uduh
Pék baca sempalan téks pangalaman pribadi ieu di handap keur ngajawab soal nomer 3!
“Pa, naon béntenna piknik sareng karyasiwata?”ceuk Janglar ka Pa Maman. “Béda…aya bédana. Piknik mah tujuanana sakadar pikeun sukan-sukan, botram, atawa ngadon hiburan wungkul. Ari karyawisata mah tujuanana pikeun nambahan pangaweruh, tangtu baé bari sakalian sukan-sukan atawa hiburan,”waler Pa Maman”.
1. Dumasar sempalan téks pangalaman pribadi di luhur, nu disebut karyawisata téh nya éta …
a. Ulin bareng
b. Pikeun sukan-sukan
c. Pikeun nambah pangaweruh
d. Pikeun gaul
Pék baca sempalan teks pangalaman pribadi ieu di handap keur ngajawab soal nomer 4!
…………………………………………………………………………………………………………….
“Sumuhun, naha henteu kalangkung cocog upami ka Peneropongan Bosscha….musieum ceuk Tisna.
“ih, ngahaja milih ka Pangandaran téh, kahiji, jarakna deukeut. Lamun dijalanna lancer, ti Tasik ka Pangandaran mah dua jam satengah ogé tepi. Jadi, di ditu urag leuwih loba waktu…pangpangna mah moal cape teuing di jalan deuih. Atuh kaduana, obyék wisata Pangandaran mah kaitung lengkep sarta loba hubunganana jeung pangajaran. Géografi upamana, engké hidep baris dibéré pancén ku bapa pikeun nalungtik guha alam. Pangajaran basa Sunda, saur Pa Udin maranéh baris dibéré pancén pikeun nalungtik basa dialék Pangandaran. Pon nya kitu deui pelajaran-pelajaran séjénna.
1. Dumasar sempalan téks pangalaman pribadi di luhur, kunaon loba nu milih ulin ka Pangandaran?
a. Obyék wisata Pangandaran kaitung lengkep sarta loba hubunganana jeung pangajaran
b. Obyék wisata Pangandaran jarakna jauh
c. Obyék wisata Pangandaran jalanna alus
d. Obyék wisata Pangandaran lautna alus
Pék baca pedaran ieu di handap!
Pangalaman téh nya éta sagala rupa anu kaalaman kuhiji jalama. Aya anu pangalaman sapopoé, nya éta pangalaman anu biasa dilakukeun atawa karandapan unggal poé, aya deui pangalaman anu dianggap luar biasa, nya éta pangalaman anu tara biasa dilakukeun atawa karandapan unggal poé. Pangalaman luar bias amah bias jadi ngan ukur karandapan sakali dina Saumur hirup.
1. Dumasar pedaran di luhur, hal anu penting dina wangenan pangalaman pribadi nyaéta….
a. Méh sarua jeung laporan
b. Sagala rupa nu kaalaman ku hiji jalma
c. Pangaweruh hiji jalma
d. Kabiasaan hiji jalma
