NEW
Font size
WorksheetsLawungan ka 3
Total questions: 5
Worksheet time: 3mins
"Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti… mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa. “ . Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.”
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, waktuanu kagambar téh nyaéta ….
Jam 02.00 sore
Jam 03.00 soré
Jam 04.00 sore
Jam 05.00 sore
Titenan conto-conto dongéng dina tabél ieu di handap!
kolom no. 1 jeung 4
kolom no. 3 jeung 4
kolom no. 2 jeung 5
kolom no. 1 jeung 5
Baca sempalan dongéng ieu di handap!
“Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang.”
Dumasar kana sempalan dongéng diluhur, kecap anu digaris handapan miboga harti ...
Teu boga sasaha
Jalma beunghar
Jalma medit
Teu boga salaki
Baca sempalan dongéng ieu di handap!
Peutingna dua sobat anyar téh sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silih geuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, latar tempat nu kagambara nyaéta ....
di teungah leuweung
di sisi jalan
di tengah sawah
di sisi leuwi
Baca sempalan dongéng ieu di handap!
“Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, "Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan." Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana plukpluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, "Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!" cenah.
Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, nilai moral nu kagambar nyaéta ….
kasarakahan ngabalukarkeun karugian
kanyaah ka sasama manusa
silih tulungan jeung papada jalma
loba pangabisa mawa kabagjaan
