wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASA SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Istilah carita pondok atawa sok disingget carpon téh karya sastra sampeuran. Disebut sampeuran téh lantaran ....

a)

Pangaruh ti sastra Eropah

b)

Geus aya ti baheula

c)

Kakara aya sabada merdéka

d)

Pangaruh ti Sastra Amérika

e)

Sumebarna tinulis

2.

Dina carita pangarang téh miboga kreteg nu hayang ditepikeun ka nu maca. éta hal téh biasana sok disebut ....

a)

Téma

b)

Alur

c)

Latar

d)

Puseur Sawangan

e)

Palaku

3.

Salian ti sumebar sacara tinulis, carpon ogé miboga ciri ....

a)

Anonim

b)

Unsurna réalis atawa enya-enya bisa kajadian

c)

Faktual

d)

Galurna ngarancabang

e)

Tokohna réa

4.

Alur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih sinambung, nepi ka ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Umumna alur téh dibagi kana tilu jenis, di antarana nya éta ....

a)

Konfliks

b)

Klimaks

c)

Antiklimaks

d)

Maju

e)

Alur Waktu

5.

Carpon jeung dongéng téh béda. Salah sahiji unsur pangbéda antara carpon jeung dongéng téh nyaéta ....

a)

Dongéng mah aya pangarangna, ari carpon mah euweuh

b)

Dongéng mah réalis, ari carpon pamohalan

c)

Carpon mah réalis, Dongéng mah pamohalan

d)

Dongéng mah leuwih panjang batan carpon

e)

Carpon mah palakuna réa, dongéng mah palakuna saeutik

6.

Carpon munggaran anu ditulis dina sastra Sunda téh judulna ....

a)

"Dogdog Pangréwong"

b)

"Hibat"

c)

"Hujan Munggaran"

d)

"Néangan"

e)

"Dongéng énténg ti Pasantrén"

7.

Kumpulan Carita Pondok anu munggaran téh judulna Dogdog Pangréwong. éta buku téh dikarang ku ....

a)

Ayat Rohaédi

b)

Tjaraka

c)

R.A.F

d)

G.S

e)

Tini Kartini

8.

Dina palaku aya nu sok miboga watek protagonis, nyaéta watek tokoh ....

a)

Bageur

b)

Galak

c)

Sedih

d)

Gumbira

e)

Sagala bisa

9.

Dina hiji karya sastra wangun prosa atawa carita, aya nu sok disebut puseur sawangan, sasaruaan hartina dina basa indonésia nyaéta ....

a)

Palaku

b)

Amanat

c)

Téma

d)

Sudut Pandang

e)

Judul

10.

Posisi pangarang nempatkeun manéhna dina carita ku cara jadi palaku nu sagala apal kaasup kana sudut pandang jalma ka ....

a)

2

b)

4

c)

3

d)

1

e)

5