WorksheetsPTS SUSULAN BASA SUNDA
Total questions: 25
Worksheet time: 50mins
Dongéng téh ngaran salahsahiji golongan carita, dina wangun…
puisi
lancaran
mantra
narasi
pamohalan
Pék baca dongéng di handap!
Gunung Tampomas
Ka caritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
…
Dongéng di luhur kaasup kana dongéng…
Sagé
Fabél
Parabél
Sasakala
Mite
“Wayahna Ema kudu nanyaan ka Putri Raja anu tujuh, anu mana baé anu kersa ditikah ku kuring,” ceuk si Hideung.
“Teu hayang nyaho, pokona kudu aya salahsahiji Putri Raja nu daék ditikah!” ceuk si Hideung bari jebras-jebris.
Tina sempalan di luhur, bisa dicindekkeun yén watek si Hideung nyaéta…
sabar
sadrah tumarima
wijaksana
maksakeun kahayanng
nyaah ka indung
Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manéhna ngarumpul ngariung di hareup maung nu keur gegerungan téa.
Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil maung nu keur gegerungan.
Tina sempalan di luhur, bisa dicindekkeun yén dongéng di luhur kaasup…
parabél
mite
sasakala
fabél
sagé
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Tina sempalan di luhur, bisa dicindekkeun yén latar tempat tina dongéng di luhur nyaéta…
di sawah
di gunung
di lembur
di kota
di laut
Jaman baheula, dihiji lembur aya kulawarga patani anu hirupna ayem tengtrem. Éta kulawarga téh ngabogaan budak orok kénéh. Dina hiji poé, éta panati téh manggihan anak maung anu ditinggalkeun paéh ku indungna. Anak maung téh dirorok jeung dipikayaah ku kulawarga patani téh sarta dingaranan “Si Loréng”.
Si Loréng ngarasa kahutangan budi ku patani téh, matak manéhna nurut jeung taat ka kulawarga patani. Malah lamun dititah nungguan anak patani manéhna sok nurut sarta satia nungguanana.
Saperti biasa, pamajikan patani nganteuran ka sawah. Orokna ditungguan ku si Loréng, da teu dibawa ka sawah. Tepi ka sawah, dibagéakeun ku salakina, terus gura giru hanjat ka saung sarta am dahar mani pogot pisan. Eureuleu teurab.
…
Saha waé palaku nu disebutkeun dina dongéng di luhur?
patani, pamajikan patani, anak patani, loréng
patani, loréng, peucang, anak patani, pamajikan patani
patani, pamajikan patani, indung patani, anak patani
patani, loréng, kuya, anak patani, pamajikan patani
patani, pamajikan patani, tatangga, si kabayan
- Masyitoh
- Pa Endang
- Néng Yaya
- Tatangga
- Pa RT
Upama dina unsur dongéng, data di luhur kaasup kana…
galur
téma
latar tempat
palaku
watek
- Tujuh putri raja anu dikantunkeun pupus ku ibu ramana hirup di karaton.
- Genep putri teu nyaaheun ka adina nu bungsu sabab teu bisa baranggawé jeung goréng patut lantaran papanasan waé.
- Aya budak hideung anak pulung ti hiji randa, sagala bisa sagala daék baranggawé.
- Budak hideung ngarasa geus sawawa miwarang indungna nanyaan ka salasahiji putri raja pikeun ditikah ku manéhna
- Putri raja ti nu cikal nepi ka pangais bungsu teu hayangeun ditikah ku budak hideung, kabéhanana narolak sabab ceuk pangrasana teu pantes salaku putri kawin ka rahayat biasa.
Upama dina unsure dongéng, data di luhur kaasup kana...
galur
latar tempat
latar suasana
watek
palaku
Ieu di handap mangrupa hal nu perlu diperhatikeun dina ngadongéng, iwal…
paham kana eusi dongéng
mimik atawa gerak awak kudu éksprésif
kekecapan nu didongéngkeun kudu sarua pisan jeung naskah
paham galur dongéng
percaya diri
Nyi Putri ngadeg bari nulak cangkéng ngagorowok, “Kami kudu kawin ka anak pulung cacah, hideung deuih? Ké lanan, kami éling kénéh,” tuluy nunjuk ka luar mani bentik-bentik curukna, omongna, “Ka ditu geura balik, manéh ulah ka dieu-dieu deui!”
Tina sempalan di luhur, watek Nyi Putri nyaéta…
sadrah tumarima
gedé hulu
hampang birit
nyaah
wijaksana
Aria Kancana digentos ku putrana nu cikal, Sanghiang Téko (Dalem Cilangkung). Panjalu saterusna dipingpin ku seuweu-siwi Dalem Cilangkung, kayaning Aria Kadali, Radén Marta Badadahin, Radén Marta Baya, Radén Aria Nati Baya, Dalem Sumalah, Aria Sacanata, Radén Wira Baya, Radén Wira Dipa, Radén Wira Praja, Cakranagara jeung saterusna.
Sempalan di luhur nyaritakeun runtuyan pamingpin Panjalu. Tina sempalan di luhur, katitén yén pamingpin sanggeus Aria Kadali nyaéta…
Radén Marta Baya
Radén Wira Praja
Radén Marta Badadahin
Radén Aria Nati Baya
Aria Sacanata
Tina dongéng Moro Uncal nu kungsi dibaca ku hidep, dimana waé latar tempat dina éta dongéng?
lembur jeung leuweung
sawah jeung leuweung
imah kabayan jeung leuweung
kebon jeung leuweung
balong jeung leuweung
Ibu : Néng badé kamana?
Widy : Badé ka payun bu, … heula sampo ka warung ceu Santi.
Ibu : Ibu nitip atuh nya!
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan titik-titik di luhur nyaéta…
Meuli
Néang
Ménta
Nginjeum
Mésér
Di handap ieu nu kagolong kana kalimah Basa Sunda lemes nyaéta…
Teu sudi urang mah
Poé ayeuna aya kacilakaan
Kakara pisan kamari si éta datang
Meni teu boga kaéra jelema téh
Punten, abdi badé ngiring ngalangkung
Siswa : (Ngacung) Bu, punten badé ijin ka … badé kahampangan.
Guru : Mangga.
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…
Tukang
Payun
Pengker
Hareup
Dinya
Kecap nu pantes pikeun ngeusian tabél nu ditandaan konéng nyaéta…
Lami
Gaduh
Dongkap
Hartos
Abot
Ieu di handap mangrupa kalimah paréntah, iwal…
Punten pangnyandakkeun pulpén!
Cing tutupan pantona!
Sampurasun!
Pangnyeratkeun dina papan tulis!
Cik sebutan naon waé!
Awéwé nu ngahaleuang sabari dipirig ku instrumén tradisional rupaning gamelan disebutna…
Sindén
Nayaga
Goong
Pamayang
Badaya
Upama hidep rék nawarkeun kadaharan ka kolot, kumaha nyanggemna?
Rék dahar ayeuna?
Ibu badé tuang?
Yu urang dahar heula
Mening emam heula yap
Bisi rék dahar mah sok wé!
Gambar di luhur mangrupa salahsahiji waditra tradisional Sunda nu sok dipaké pikeun mirig kawih. Éta waditra disebut…
Kendang
Karinding
Rebab
Kenong
Kacapi
Angkat ngagandeuang
Bangun taya …(21)…
Nganggo … dilamban
… Priangan
… kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan …
Mojang Priangan
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih nu ditandaan nomor 21 di luhur nyaéta…
Sinjang
Diraksukan
Mojang
Karingrang
Sederhana
Angkat ngagandeuang
Bangun taya …
Nganggo …(22)… dilamban
… Priangan
… kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan …
Mojang Priangan
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih nu ditandaan nomor 22 di luhur nyaéta…
Sinjang
Diraksukan
Mojang
Karingrang
Sederhana
Angkat ngagandeuang
Bangun taya …
Nganggo … dilamban
…(23)… Priangan
… kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan …
Mojang Priangan
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih nu ditandaan nomor 23 di luhur nyaéta…
Mojang
Karingrang
Diraksukan
Sederhana
Sinjang
Angkat ngagandeuang
Bangun taya …
Nganggo … dilamban
… Priangan
…(24)… kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan …
Mojang Priangan
Sinjang
Mojang
Diraksukan
Sederhana
Karingrang
Angkat ngagandeuang
Bangun taya …
Nganggo … dilamban
… Priangan
… kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan …(25)…
Mojang Priangan
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih nu ditandaan nomor 25 di luhur nyaéta…
Diraksukan
Mojang
Sederhana
Karingrang
Sinjang
