wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Carita Pantun

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

….

Ludak-lédok diboréhan,

Lan teu wuni boboréh,

Dipulasan kéler nahun,

Nu geulis ngadadak goréng,

Hideung batan wadah teuleum,

Bangbang awak batan gagak.,

Ngan sorotna henteu leungit.

……

Strukur nu luyu jeung téks di luhur nyaéta

a)

Rajah

b)

Déskripsi

c)

Narasi

d)

Dialog

2.

……..

Kacarita patih dua sakembaran, Patih Purawesi, Patih Puragading, séjéna ka pasamoan, bawana hayam sahiji, patepung di alun-alun jeung Ciung Wanara

……..

Maksud téks di luhur téh....

a)

saduk-saduk ka nu Maha Kawasa

b)

mangkatna carita nu nyambung kana carita séjén

c)

gunem catur sorangan

d)

ngagambarkeun paripolah tokoh

3.

……..

Tuluy ngimpi kagungan bébébné, sarupa jeung sundan Ambu, ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana lutung kasarung, Kasarung ku sadulur, kasamping ku barayana.

………

Dumasar téks di luhur, nu ngalantarankeun Guru Minda salin jenengan jadi lutung sabab....

a)

ngimpi Sunan Ambu anu jadi bébénéna

b)

neuteup jero pinuh ku napsu ka nu jadi indung

c)

boga raksukan nu mirip jeung lutung

d)

kasarung ku sadulur

4.

…………

Torojol aya satria gagah, leuwih kasép jeung gadang batan Indrajaya, nyampeukeun sarta ngaku kabogor purbasari. Éta satria téh taya lain Lutung Kasarung anu geus salin rupa deui jadi Guru Minda. Nénjo kaayaan kitu Indrajaya panas der gelut. Indrajaya éléh jajaten ku si éta satria gagah téa. Ahirna Purbasari jeneng jadi raja di nagara Pasir Batang nu girang nu mangrupa nagara asalna.

Sabada hidep maca sempalan di luhur, cindekna éta carita pantun kaasup kana Galur....

a)

Leunjeuran

b)

Salancar

c)

Carangan

d)

Simpay

5.

Bul kukus mendung ka manggung

Ka manggung neda papayung

Ka déwatan neda suka

Ka pohasi neda suci

Kuring rék diajar ngidung

Nya ngidung carita pantun

Ngahudang carita wayang

Nyilokakeun nyukscruk laku

………..

Sempalan carita pantun sok dihaleuangkeun nalika dipidangkeun ku juru pantun,  éta sempalan kaasup kana struktur carita pantun bagian….

a)

Déskripsi

b)

Rajah

c)

Dialog

d)

Narasi

6.

Udin ulin ka lembur akina di Bandung. Hiji mangsa peuting-peuting leuleumpangan teu sangaja nguping sora jentréng kacapi. Beuki dieu beuki ka kuping aya jelema keur nyarita bari dipirig ku kacapi. Anjeuna keur siga manca mantra pikeun saduk-saduk ka nu maha kawasa.

Dumasar pangalaman Udin, struktur nu luyu jeung kaayaan harita nu keur dipidangkeun nyaéta....

a)

Leunjeuran

b)

Rajah

c)

Galur

d)

Narasi

7.

Udin cicing dijuru buran ngupingkeun Ki Juru pantun midang. Sakapeung ngarasa anéh gening aya nu dihaleuangkeun aya ogé anu dibaca biasa.

Nilik kana struktur carita pantun, bagian nu sok dihaleuangkeun nyaéta

a)

Déskripsi

b)

Dialog

c)

Monolog

d)

Eksplorasi

8.

Beuki peuting udin beuki sumanget ngaregepkeun carita pantun. Aya rasa kapanasaran sabab aya nu nyebutkeun "sok resep nganti-ngati déskripsi dina caritana nya".

Maksud déskripsi dina carita pantun nyaéta...

a)

ngawanohkeun hiji tokoh

b)

nyaritakeun hiji nagara

c)

ngagambarkeun paripolah tokoh

d)

metaan kaayaan hiji nagara

9.

Hiji mangsa marboah kapapancénan ku guru pikeun nganalisis rajah dina carita pantun. Ahirna anjeuna meunangkeun sababaraha ciri-ciri nu ku maha ari rajah.

Ciri-ciri nu dibeunangkeun ku Marboah nyaéta

a)

eusina ngagambarkeun hiji tokoh

b)

sok dihaleuangkeun

c)

eusina saduk-saduk ka nu Maha Kawasa

d)

loba kekecapan arkaik

10.

Indung Marboah rék nanggap carita pantun pikeun acara hajatan. Marboah nganti-nganti carita nu dipidangkeun ku Juru Pantun.

Saupama acara nyarita pantun rék dikawitan, biasana carita pantun mah dikawitan ku....

a)

nyarita langsung

b)

macakeun rajah bari dipirig ku kacapi

c)

nembang pupuh heula

d)

macakeun heula susunan carita