Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Bahasa Sunda kelas 8

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Bandung Lémbang

Puseur kaéndahan

Diriung ku gunung-gunung

Gunung sasakala sunda

Sunda jaya nu baheula.

Pasualan poko anu dicaritakeun dina rumpaka kawih “bandung Lémbang” diluhur nyaéta .....

a)

Bandung lémbang téh éndah

b)

di bandung lembang loba gunung

c)

di Bandung lembang aya gunung sasakala

d)

di Bandung aya gunung sunda jaya

2.

Bandung lembang teh sok jadi .....

a)

Patempatan  

b)

Pamiangan

c)

pangjugjugan

d)

Pangirut

3.

Dina kalimah "Puseur kaendahan" puseur hartina .....

a)

tengah

b)

palebah 

c)

sisi

d)

gigir

4.

KARANTAGAN PAHLAWAN

           

Teu honcéwang

Sumoréang

Tékadna pahlawan bangsa

Cadu mudur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur tégang pati

Taya basa ménta pamulang tarima

Iklas rido keur korban mérdéka

Rumpaka kawih karantagan Pahlawan nyaritakeun .....

a)

pahlawan anu perlaya (gugur)

b)

tekad pahlawan ngabela bangsa

c)

pahlawan anu ka sohor

d)

para pahlawan nu hayangeun perang

5.

Pahlawan bajoang keur .....

a)

laki rabi 

b)

lemah cai 

c)

menta pamulang

d)

tanda jasa

6.

Unsur-unsur intrinsik kawih nyaeta, iwal (kecuali) .....

a)

Tema 

b)

Rasa

c)

Wiletan

d)

Pada

7.

Bedana Kawih jeung tembang nyaeta .....

a)

Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nyaeta aturan pupuh

b)

Tembang mah lalaguanan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami

c)

Kawih mah tradisional tembang mah modern

d)

kawih mah make sinden, tembang mah meunang ku saha wae

8.

Warta téh nyaéta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka .....

a)

Balarea  

b)

Pribadi

c)

Kelompok

d)

Keluarga

9.

Éta katerangan atawa béja bisa disebut warta upama .....

a)

ditulis ku wartawan

b)

aya dina rohang media

c)

dikirim ka media

d)

dibaca ku balarea

10.

Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .....

a)

Anu dianggap penting pikeun urang

b)

Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang

c)

Anu dianggap penting pikeun pamimpin

d)

Anu dianggap penting pikeun sarerea

11.

Rarangken tukang –na anu ngandung harti “waktu” nyaeta ….?

a)

tujuhna

b)

bapakna

c)

indungna

d)

sawahna

12.

Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?

Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola

Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah the Nin ?

Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina.

Naha Yuni teu ngiringan kitu ?

Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak

Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?

Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi

a)

Bu Eli

b)

Bu Susi

c)

Bu Ari

d)

Bu Tuti

13.

“Lanceukna mah geulis ..... Adina mah biasa wae”   

a)

nyaeta  

b)

jeung 

c)

tapi

d)

sarta

14.

“..... make sapatu, manehna ..... lumpat ka lapangan”

a)

ari ..... piraku .....

b)

sanggeus ..... tuluy .....

c)

boro-boro ..... oge .....

d)

lain ..... tapi .....

15.

"..... lalaki ..... awewe, euweuh bedana"

a)

   boh ..... boh .....

b)

rek ..... lain .....

c)

sanggeus ..... tuluy .....

d)

ari ..... piraku .....

16.

Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..

a)

Kecap-kecap pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih…..

b)

Nyanyi lagu-lagu kawih ku cara babarengan

c)

Nyusun rumpaka maké patokan pupuh

d)

Nyanyi lagu-lagu kawih ku saurang

17.

“Sim kuring kirang panuju kana pendapat saderak!” Kecap serepan dina kalimah diluhur aya dina kecap...

a)

Pendapat

b)

Kirang

c)

Simkuring

d)

Saderék

18.

Tilu kaparigelan jurnalistik nyaeta....

a)

pinter ngabandungan, pinter cumarita, fisikna sehat lahir bathin

b)

mangpirang data

c)

data akurat

d)

sosialisasi

19.

Struktur warta teh kabagi tilu bagean, nyaeta ….

a)

Tema (theme), headline, lead.

b)

Judul (headline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta

c)

Judul (headline), tema, jeung bubuka.

d)

Bubuka, isi, penutup, jeung riset dokumentasi

20.

Nu disebut Wawancara pikeun neangan warta dumasar kanyataan jeung fakta teh, nyaeta ….

a)

Nitenan hiji kajadian atawa kaayaan, Naon nu katempo, karasa, kadenge, atawa kalaman dina hiji kajadian  atawa kaayaan nu di anggap luar biasa.

b)

Ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya.

c)

Ngawawancara hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa anu dianggap apal kana perkara anu rek di wartakeun ku urang

d)

Jalma nu diwawancara ku urang keur kapentingan warta

21.

Nu kaasup bagean pikeun ngumpulkeun fakta nyaeta kucara….

a)

Paninten/ Observasi, Wawancara, Riset media/ dokumen

b)

Media citak jeung Media Elektonik

c)

Headline,Intro, Tubuh warta

d)

Sumber Warta, Jurnalis, Narasumber

22.

Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio....

a)

Nataharkeun heula naskah keur siaran,ulah nyigeung SARA

b)

Paham kana eusi naskah

c)

Maké basa anu étis (sopan, bener, tur merenah)

d)

Maké baju anu alus tur seras

23.

Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta....

a)

Bisa maca naskah warta

b)

Alus peta jeung dangdanan (mun dina TV)

c)

Marahmay (mun dina radio)

d)

Keuna dina cara diuk jeung maké mik

24.

Prakna nulis warta nyaeta...

a)

5W+1H

b)

1H+3H

c)

3W+2H

d)

6W

25.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya....

a)

naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

naon, kunaon, saha, ku saha, mana, di mana