NEW
Font size
WorksheetsLatihan soal B SUNDA 9
Total questions: 33
Worksheet time: 1hrs 5mins
Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut .....
Hutbah
Ceramah
Pidato
Pengumuman
Ieu cutatan biantara di handap!
Sim kuring, kalayan asmana réngréngan pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka réngréngan panata calagara anu parantos tihothat, ti ngawitan ngararancang kagiatan dugi ka derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bapa Pangaping OSIS, ogé Bapa sareng Ibu Guru sanésna, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi panuyun sareng pangaping enggoning ngalaksanakeun ieu kagiatan.
Tina cutatan biantara pamapag di luhur katitén yén nu biantara téh nya éta ...
Kapala sakola
Siswa salaku pengurus OSIS
Guru salaku pangaping OSIS
Siswa salaku panata calagara
Upama ditilik tina eusi jeung adeganana, biantara téh diwangun ku bubuka, eusi jeung panutup. Anu ditatan ieu di handap mangrupa hal anu biasa ditepikeun dina bagian bubuka biantara, iwal (Kecuali)...
Salam bubuka
Ngahaturkeun nuhun ka panata calagara
Manjatkeun puji jeung sukur ka Alloh SWT
Ngajéntrékeun tujuan jeung kacindekan biantara
Ieu cutatan biantara di handap!
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta bade miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.
Cutatan biantara di luhur téh mangrupa bagian tina ....
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
Ieu cutatan biantara di handap!
“Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.”
Ungkara di luhur biasana dipaké dina bagian ...
Eusi biantara
Panutup biantara
Bubuka biantara
Salam panutup
Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan.
Ungkara di luhur mangrupa mamanis basa anu maksudna pikeun ...
ménta diperhatikeun kalayan saregep salila biantara
nganuhunkeun ka pamiarsa nu geus ngaregepkeun biantara
ménta dihampura bisi aya ucapan anu teu merenah kadéngéna
nganuhunkeun ka panata calagara nu geus méré waktu pikeun biantara
Tingalikeun naskah di handap ieu!
(1) Nangtukeun jejer/topik biantara.
(2) Nyieun rangkay/kerangka biantara.
(3) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay nu geus disusun
(4) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik.
(5) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan bener tur merenah.
Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta ...
1, 2, 3, 4, 5
1, 4, 2, 3, 5
1, 3, 4, 5, 2
1, 4, 5, 2, 3
Perhatikeun kalimat dihandap!
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Perhatikeun kalimat dihandap!
1) Ngaringkes eusi pidato
2) Ungkara ngahormat
3) Ungkara hampura bisi aya kekecapan anu salah
4) Du’a jeung salam
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…
1-2-3
2-3-5
1-3-4
3-4-5
1. Téhnik biantara téh rupa-rupa. Biantara anu ngagunakeun téks sarta dibaca sakur nu aya dina éta téks, disebut...
Tèhnik ngadadak
Téhnik maca
Téhnik nalar
Tèhnik nyatetkeun inti
Baca ieu sempalan biantara!
“Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.”
Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?
Paturay tineung
Hajat Kawinan
Tujuh belasan
Karang Taruna
Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :
miara kabersihan lingkungan
ngalaksanakeun bakti sosial
milih pergaulan nu sehat
papisah lain hartina megatkeun silaturahmi
Baca ieu sempalan biantara!
”Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….”
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto...
bubuka biantara
eusi biantara
panutup biantara
mamanis biantara
Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…
Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir
Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun
Urang tampil sangakan ka puji ku batur
Urang moal salah macakeun teks biantara
Aya sawatara hal nu kudu diperhatikeun upama urang biantara nya eta…
Sora, lentong, wirahma, nada, paroman jeung pasang peta
Sora, lentong, wirahma, nada, paroman jeung intonasi
Sora, lentong, nada, paroman jeung diksi
Sora, lentong, nada, paroman jeung purwankanti
Di handap ieu nyaeta conto kalimah akrab (loma) atawa akrab anu merenah, nya eta...
“Abdi rek indit ka Bandung isukan”
“Kuring rek indit ka Bandung isukan”
“Kuring rek mios mios ka Bandung isukan”
“Abdi rek angkat ka Bandung isukan”
Di handap ieu nyaeta conto kalimah lemes/Basa hormat keur ka sorangan anu merenah, nya eta...
“Sim kuring bade ngabantun buku ti perpustakaan”
“Sim kuring bade nyandak buku ti perpustakaan”
“Kuring bade ngabantun buku ti perpustakaan”
“kuring bade nyandak buku ti perpustakaan”
Di handap ieu ieu nyaeta conto kalimah leme/Basa hormat keur ka batur anu merenah, nya eta...
A. “Pa guru parantos wangsul ka bumina”
“Pa guru parantos wangsul ka bumina”
“Pa guru parantos mulih ka rorompokna”
“Pa guru parantos mulih ka bumina”
“Pa guru parantos balik ka bumina”
"Abdi mah (hayang) buah anu asak"
Basa hormat ti kata "hayang" kalimat diluhur nya eta...
Palay
Hoyong
ingin
menta
“Bapak (balik) ti Kantor”
Basa hormat ti kata “balik”, kalimat di luhur nya eta…
Mulih
Wangsul
Uwih
Sumping
“Duh, Buku pancen basa Sunda abdi teh gening (poho) teu (kabawa)!”
Basa hormat ti kata “balik”, kalimat di luhur nya eta…
Lali, Kacandak
Hilap, Kacandak
Hilap, Kabantun
Lali, Kabantun
Bacaan!
Kampung Naga teh mangrupa salah sahiji kampong adat di Tatar Sunda, Perenahna di Desa Neglasari, kacamatan Salawu, kabupaten Tasikmalaya. Beda jeung Kampung adat liana. Kampung Naga mah kawilang babari dijugjuna, lantaran tempatna henteu jauh ti jalan gede antara Garut jeung Tasikmalaya.
Teks di gigir nyaritakeun ngenaan kampong adat…
Baduy
Kuta
Ciptagelar
Naga
Kampung Naga babari dijugjugna lantaran...
Lantaran tempatna dina gawir
Lantaran tempatna deukeut jeung puseur dayeuh (pusat kota)
Lantaran tempatna henteu jauh ti jalan gede antara Garut jeung Tasikmalaya
Lantaran tempatna deukeut jeung jalan
Bacaan!
Wangun imah kampong Naga kudu imah panggung, anu dijienna tina kawi jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya anu make kenteng. Teu meunang ditembok deuih, sanajan mampuh oge nyieun imah tembok atawa gedong. Sakabeh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kaler. Teu menang dicet, iwal dikapur atawa dimeni.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur . Wangun imah Kampung Naga umumna mangrupa suhunan…
Jogo Anjing
Julang ngapak
Badak heuay
Parahu kumereb
Bacaan!
Wangun imah kampong Naga kudu imah panggung, anu dijienna tina kawi jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya anu make kenteng. Teu meunang ditembok deuih, sanajan mampuh oge nyieun imah tembok atawa gedong. Sakabeh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kaler. Teu menang dicet, iwal dikapur atawa dimeni.
Wangun imah kampong Naga, hateup imahna teu menang tina…
Injuk
Eurih
Kiray
Kenteng
Bacaan!
Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, seperti wayang golek, dangdut, kendang penca satra kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya oge, asal ulah dijero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nyaeta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap warisan turun temurun ti karuhunna.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur . Kasenian anu meunang ditanggap dikampung Naga nyaeta, iwal (Kecuali) …
Terbang
Wayang golek
Beluk
Rengkong
Bacaan!
Urang Kampung Naga oge pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poe Salasa, Rabu, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurnna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poe Salasa, Rebo jeung Saptu teh mangrupa poean nyepi.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur poe salasa, Rebo, jeung Saptu urang kampong Naga teu meunang…
Nyaritakeun sejarah lemburna jeung karuhunna
Nyaritakeun sajarah jeung karuhun lembur sejen
Nyaritakeun kaayaan jeung kahirupan lemburna
Nyaritakeun kayaan jeung kahirupan lember sejen
Masarakat Kampung Naga percaya ayana jurig cai nu ngageugeuh leuwi, ririwa nu sok ngaganggu tipeuting, atawa kuntilanak nu asalna awéwé nu maotna keur kakandungan, nu sok ngaganggu ka nu rék ngalahirkeun, jeung ayana sawatara tempat nu dianggap sanget.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur, ngeunaan ...
Adat kapercayaan Kampung Naga
Adat budaya Kampung Naga
Adat sosial masarakat Kampung Naga
Adat pacabakan masarakat
Gambar dihandap disebutna suhunan…
Jalopong
Badak Heuay
Julang Ngapak
Capit Gunting
Nami tempat ngubaran anu gering nyaeta…
Asrama
Klinik
Bale Kota
Imah
Tempat anu memelihara ikan tawar di Sungai, nyaeta…
Karamba
Kurung manuk
Pangupon
Paranje
Bapana Amir keur nyieun kandang sapi.Kandang sapi dina istilah arsitéktur disebut…..
Karamba
Pangupon
Karapyak
Langgar
Tanggapan urang kana adat istiadat kampung Naga, saupama urang ngajugjug ka Kampung Naga, nyaéta ….
Keun baé teu patuh ogé kana aturan Kampung Naga, lantaran urang mah lain penduduk kampung Naga
Ngajénan kana adat istiadat urang Kampung Naga, kucara henteu ngarempag kana aturan masarakat Kampung Naga
Ngaganti aturan masarakat Kampung Naga sangkan saluyu jeung aturan kampung-kampung liana
Ngalaksanakeun kawajiban adat saperti masarakat Kampung Naga sok sanajan urang lain pendudukan kampung Naga
