NEW
Font size
WorksheetsPTS KLS 9 SEM 1
Total questions: 40
Worksheet time: 27mins
“Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Salami tilu taun diajar di ieu sakola, tangtos seueur pisan anu bakal janten panineungan anu moal tiasa hilap dugi ka iraha ogé. Bapa-Ibu guruna anu balageur tur amis budi, tulatén pisan ngatik sim kuring sadaya, ku kituna, sim kuring sadaya ngahaturkeun nuhun anu kalintang teu kaukurna..”
Cutatan wacana di luhur, eusina nyaritakeun ….
Acara MOPD
Acara Kenaikan Kelas
Acara Paturay Tineung Kelas IX
Acara Rapat Pertemuan Guru jeung Orang tua
“Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Salami tilu taun diajar di ieu sakola, tangtos seueur pisan anu bakal janten panineungan anu moal tiasa hilap dugi ka iraha ogé. Bapa-Ibu guruna anu balageur tur amis budi, tulatén pisan ngatik sim kuring sadaya, ku kituna, sim kuring sadaya ngahaturkeun nuhun anu kalintang teu kaukurna..”
Sempalan wacana biantara di luhur kaasup bagian …. tina biantara.
Mukadimah
Panutup
Bubuka
Eusi
“Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Salami tilu taun diajar di ieu sakola, tangtos seueur pisan anu bakal janten panineungan anu moal tiasa hilap dugi ka iraha ogé. Bapa-Ibu guruna anu balageur tur amis budi, tulatén pisan ngatik sim kuring sadaya, ku kituna, sim kuring sadaya ngahaturkeun nuhun anu kalintang teu kaukurna..”
Dumasar wacana biantara di luhur, saha anu keur biantara ….
Pembina OSIS
Kepala Sekolah
Wawakil Orang tua
Wawakil Siswa kelas IX
“Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Salami tilu taun diajar di ieu sakola, tangtos seueur pisan anu bakal janten panineungan anu moal tiasa hilap dugi ka iraha ogé. Bapa-Ibu guruna anu balageur tur amis budi, tulatén pisan ngatik sim kuring sadaya, ku kituna, sim kuring sadaya ngahaturkeun nuhun anu kalintang teu kaukurna..”
Kaayaan nu mucul tina cutatan wacana biantara tadi nya éta ….
Sumanget
Leuleus
Sedih
Atoh
Nepikeun biantara téh kudu aya hal-hal nu ditepikeun nu ngandung informasi jeung mangpaat pikeun nu ngaregepkeun. Éta hal kaasup kana padika biantara....
Mundel eusina
Jejerna aktual
Teteg sikepna
Alus témana
Nyarita hareupeun balaréa anu tujuanna pikeun ngagambarkeun atawa méré gambaran kana hal-hal anu keur kajadian di masarakat pangregep disebut biantara ....
arguméntatif
déskriptif
persuatif
rékréatif
Jalma anu ahli biantara disebut ….
Proklamator
Provokator
Kurator
Orator
Saurang calon Kepala Daerah keur ngalakukeun kampanyeu dirina sangkan kapilih dina waktu pamilihan. Biantarana pinuh ku hal-hal nu tungtungna mah nya éta sangkan ngajak pangregep milih dirina dina waktu pamilihan.
Dumasar kana ilustrasi tadi, biantarana kaasup kana biantara ...
arguméntatif
déskriptif
rékréatif
persuatif
“Bapa miwah Ibu kulawargi Néng Téti, pamaksadan sim kuring ngadeg di payun teu aya sanés seja masrahkeun pun anak, Rusman, pamugi ditampi ku kulawargina Néng Téti, ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal.”
Dumasar kana eusina, nu biantara di luhur téh .... na calon pangantén lalaki.
Uwa
Bapa
Mamang
Lanceuk
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum/loba jalma pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
déklamasi
provokasi
diskusi
orasi
Sateuacanna mangga urang munajat ka Gusti Nu Mahasuci. Ku hidayah-Na urang sadaya tiasa patepang wajah, patepung lawung. Dina sa’at ayeuna, sim kuring badé ngadugikeun biantara anu topikna, “Perluna Miara Warisan Karuhun”.
Karuhun urang téh disebutna nini moyang nu ngarundaykeun urang. Dina hirup kumbuhna, karuhun urang ninggalkeun banda budaya saperti seni, tradisi, jeung barang-barang pusaka. Banda budaya téh kudu dipiara tur dipupusti, tapi lain dipigusti. Lamun banda budaya urang diantep, teu dipiroséa, akibatna bakal punah, atawa diaku ku bangsa batur. Pan teu saeutik banda budaya urang nu diaku ku batur saperti batik, seni, atawa naskah kuno.
Dipiarana banda budaya urang téh sangkan tetep aya jeung jaya. Banda budaya Sunda ulah nepi ka “Jati kasilih ku junti”, budaya sorangan kasilih atawa éléh ku budaya batur. Mémang urang kudu maju, tapi kahadé hilap kudu siger tengah. Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah.
Eusi tina sempalan biantara di luhur nyaritakeun ngeunaan ....
Hirup kudu maju
Ngajaga Karuhun
Ngamumulé banda budaya
Banda budaya diaku ku batur
"Sateuacana mangga urang munajat ka Gusti Nu Mahasuci. Ku hidayah-Na urang sadaya tiasa patepang wajah, patepung lawung"
Kalimah di luhur nya éta bagéan....biantara.
Panutup
Pedaran
Bubuka
Eusi
Bapa Ibu anu sami linggih
Sateuacanna mangga urang munajat ka Gusti Nu Mahasuci. Ku hidayah-Na urang sadaya tiasa patepang wajah, patepung lawung. Dina sa’at ayeuna, sim kuring badé ngadugikeun biantara anu topikna, “Perluna Miara Warisan Karuhun”.
Karuhun urang téh disebutna nini moyang nu ngarundaykeun urang. Dina hirup kumbuhna, karuhun urang ninggalkeun banda budaya saperti seni, tradisi, jeung barang-barang pusaka. Banda budaya téh kudu dipiara tur dipupusti, tapi lain dipigusti. Lamun banda budaya urang diantep, teu dipiroséa, akibatna bakal punah, atawa diaku ku bangsa batur. Pan teu saeutik banda budaya urang nu diaku ku batur saperti batik, seni, atawa naskah kuno.
Banda budaya téh teu meunang di ….
piara
pigusti
dipupusti
dimumulé
Bapa Ibu anu sami linggih
Sateuacanna mangga urang munajat ka Gusti Nu Mahasuci. Ku hidayah-Na urang sadaya tiasa patepang wajah, patepung lawung. Dina sa’at ayeuna, sim kuring badé ngadugikeun biantara anu topikna, “Perluna Miara Warisan Karuhun”.
Dina bacaan di luhur aya ungkara “Bapa/Ibu anu sami linggih”, kaasup bagian ….
eusi
bubuka
pedaran
pangbagéa
“Bilih aya kalimah nu teu merenah, pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, jembar hampura anu diteda.”
Cutatan di luhur kaasup bagian ..... biantara.
panutup
bubuka
pedaran
Pangbagéa
Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst.
Kumaha rarasaan jalma anu biantara di luhur ….
bagja campur nalangsa
gumbira jeung bungah
sedih jeung nalangsa
bagja campur sedih
Anu kudu diperhatikeun nalika ngalakukeun biantara nya éta, iwal ….
Geumpeur nalika nyarita
Béntés dina artikulasi
Gerak awak merenah
Tatag sikepna
1. Salam bubuka
2. Eusi
3. Bubuka
4. Salam panutup
5. Panutup
Susunan biantara anu bener nya éta …
1-2-3-5-4
3-1-2-5-4
1-3-5-2-4
3-1-2-4-5
Hal anu aya patalina jeung anca gancangna atawa tarik halonna (kecepatan) nyarita nya éta …
artikulasi
wirahma
pasemon
géstur
Saméméh ngalakukeun biantara, saurang ahli biantara kudu apal heula sistematika panulisan/struktur téks biantara nu bener sangkan biantarana saluyu jeung palnggeran/aturan nu lumaku, sarta engkéna bisa ngaguluyur nalika dibiantarakeun.
Dumasar kana ilustrasi tadi, ieu di handap mana sistematika biantara nu bener ….
Bubuka, salam, eusi, panutup
Salam, nganuhunkeun, do’a
Bubuka, eusi, panutup
Salam, eusi, panutup
Nalika biantara aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun sangkan pangregep bisa kairut (tertarik), saregep ngaregepkeun sarta merhatikeun nu keur biantara. Salasahiiji nu kudu diperhatikeun nya éta dina ékspresi sikep awak waktu nyarita dina biantara.
Saupama diperhatikeun ilustrasi tadi, halnu kudu diperhatikeun nalika biantara nu patali jeung éksprési nya éta ....
sora
lafal
géstur
intonasi
Kepala Dinas Pendidikan Kota Bogor dinten ayeuna muka kagiatan Latihan Dasar Kepemimpinan Siswa (LDKS) SMP sa-Kota Bogor. Nalika anjeunna ngadugikeun pamapag (sambutan), anjeunna muka catetan leutik nu eusina hal-hal penting nu baris didugikeun dina biantarana (pamapagna).
Téhnik biantara nu dilakukeun ku Kepala Dinas Pendidikan Kota Bogor téh dumasar kana ilustrasi tadi nya éta ….
Éktémporan
Impromtu
Mémoritér
Maca naskah
Eusi biantara téh kudu luyu jeung situasi sarta kondisi kiwari nu keur ramé dipadungdengkeun (viral), ulah medar matéri anu éta-éta kénéh.
Kaasup kana padika biantara....
Teteg sikepna
Aktual jejerna
Mundel eusina
Ngandung Wirahma
Dumasar kana kaayaan nalika biantara, biantara téh aya nu sipatna formal jeung non-formal.
Ieu di handap mana conto biantara nu ditepikeun dina acara formal, nya éta....
Biantara pamapag Kepala Sekolah dina acara paturay tineung kelas 9.
Biantara pamapag tatangga nu ngalaksanakeun ibadah haji.
Biantara Aldébaran dina acara ulang taunna.
Biantara pamapag dina acara akékah.
Ieu dihandap kagiatan nyarita dihareupeun jalma loba nu sipatna saarah atawa tanpa ayana komunikasi antara nu nyarita jeung nu ngaregepkeun nya éta ….
Biantara
Ceramah
Hutbah
Pidato
Kaunggulan téhnik biantara
1. meunangkeun perhatian ti pangregep
2. lengkep, sistematis, taya nu kaliwat
3. bisa bébas nalika biantara
4. babari ngawasa jejer
5. Lancar dina nepikeun inti/maksud
Dumasar tabél di luhur, kalemahan tina téhnik/métodeu biantara ku cara maca naskah dituduhkeun ku nomer ….
1, 3, 5
1, 2, 4
2, 3, 4
2, 4, 5
Kaunggulan
Ngalatih daya inget
Saupama poho kana naon nu bakal diucapkeun, bakal katempo teugeug/teu siap
Kalemahan
Bisa meunangkeun perhatian ti pangregep
Saupama naon anu diapalkeun méngpar/kaluar tina “jalur” caritana, bisa ngabingungkeun
Impromtu
Mémoritér
Maca naskah
Ékstémporan
Padika biantara nu hadé sok disingget jadi TAMAN maksudna nya éta ….
Teteg nyaritana, Alus tempatna, Maknana loba, Alus basana, Ngandung amanat
Tatag sikepna, Aktual basana, Mundel eusina, Aktual jejerna, Ngandung naséhat
Tatag nyaritana, Aktual jejerna, Mundel eusina, Alus basana, Ngandung wirahma
Teteg sikepna, Alus gesturna, Makna basana, Aktual témana, Ngandung omongan
Ieu di handap, kalimah nu luyu jeung pamakéan tatakrama basa (undak-usuk basa) nu bener nya éta ....
Ibu keur indit ka pasar sorangan.
Bapa nuju diuk nyalira di tepas payun.
"Dulur kuring téh aya opat." ceuk Iroh ka Ican.
"Artos kuring tinggal lima rébu deui euy." ceuk Adul ka Ading.
“Itu …. Kuring mah nu di lebak, nu di tonggoh mah nu lanceuk.” ceuk Gata ka Embul.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
bumi
imah
gubug
rorompok
“Wilujeng …. ka para uleman nu tos sami linggih di ieu patempatan.”
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
mulih
sumping
datang
dongkap
Ieu di handap, kalimah nu luyu jeung pamakéan tatakrama basa nu bener nya éta, iwal ....
Abdi mah sok resep tulas-tulis téh.
Téh Nami nuju maca buku di téras payun.
Kuring mah lapar, da can dahar ti isuk téh.
Kang Ahza nuju angkat ka Bandung heula.
Ieu di handap, kalimah nu luyu jeung pamakéan tatakrama basa (undak-usuk basa) nu bener nya éta ....
“Pangantén lalakina urang Leuwiliang cenah.” ceuk Lintang ka Sabda.
“Pun anak téh nu cikal pameget nu bungsu istri.” ceuk Pa Galuh.
“Istri nya tuang putra téh? Wilujeng nya.” ceuk Bu Lala.
“Adi kuring sadayana pameget.” Ceuk Gusfar ka Panca.
“Kamari téh carogéna Bu Sukma …, teu damang diabetes saurna.”
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
maot
pupus
tilar dunya
ngantunkeun
“Geuning tos …. Ayeuna mah Aswa téh, asa kamari diaais kénéh.”
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
alit
gedé
leutik
ageung
Ieu di handap, kalimah nu luyu jeung pamakéan tatakrama basa (undak-usuk basa) nu bener nya éta ....
"Bapa ogé kedah ngahampura ka abdi nya." ceuk Bu Lina.
Hapunten nya, kuring nyeurikan adi manéh", ceuk Darso ka Icih.
"Kuring geus ngahapunten manéh ayeuna mah." ceuk Lisa ka Lusi.
“Hampura nya, tadi kuring heureuyna kaleupasan teuing." ceuk Izul ka Ujang.
"Abdi mah moal .... ayeuna, badé .... heula Rini." ceuk Enong ka Bu Tati.
Kecap-kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta ....
balik - ngantosan
uih - nganti-nganti
wangsul - ngantosan
wangsul - ngadagoan
“Nu nganggo sarung motif macan …. mah, sanés tu nganggo gamis.” ceuk Gentra ka Ustadzah Olah.
Kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta ....
pun bapa
pun rama
tuang bapa
tuang rama
“Ka sakola mah ulah maké …. modél pénsil atuh, komo cutbray mah.”
Kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta ....
acuk
calana
sarung
lancingan
1. "Abdi mah hoyong .... margi tos mules pisan, tadi neda sambel lada pisan."
2. "Kuring téh ti tadi nahan hayang .... geus teu kuat, manéh meni lila di caina."
3. "Upami Bapa badé .... mah, mangga wé ka pengker."
Kecap-kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta ....
ngising – kabeuratan – miceun
miceun – ngising – kabeuratan
kabeuratan – miceun – ngising
miceun – kabeuratan – ngising
