Worksheetspupujian new
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Pék baca téks ieu di handap pikeun ngajawab patalékan!
Dupi sadayana cai
nu sok dianggé susuci
éta aya tujuh rupi
walungan anu kahiji
Cai laut kaduana
cai sumur katiluna
cai ibun kaopatna
cai és nu kalimana
Cai nyusu kagenepna
cai hujan katujuhna
éta cai sadayana
sah dianggo susucina
Sabada dititénan wangun jeung eusina, wacana di luhur téh mangrupa....
sisindiran
Guguritan
pupujian
kakawihan
Pék baca téks ieu di handap pikeun ngajawab patalékan!
Dupi sadayana cai
nu sok dianggé susuci
éta aya tujuh rupi
walungan anu kahiji\
Cai laut kaduana
cai sumur katiluna
cai ibun kaopatna
cai és nu kalimana
Cai nyusu kagenepna
cai hujan katujuhna
éta cai sadayana
sah dianggo susucina
Dumasar kana eusi téksna, wacana di luhur téh kaasup....
muja jeung du’a ka Alloh
pangajaran agama
papatah atawa pépéling
sholawat ka Kangjeng Nabi
Pupujian téh lain karya asli sastra Sunda tapi mangrupa karya sastra Sunda pangaruh tina sastra deungeun anu asalna ti.....
Arab
Eropa
Melayu
Jawa
Seni midangkeun atawa ngahaleuangkeun pupujian disebut...
nadoman
kakawihan
beluk
sawéran
Dumasar kana eusina, pupujian dipasing-pasing jadi sababaraha bagian. Ieu di handap nu mangrupa conto anu eusina sholawat ka nabi, nyaéta ...
Dumasar kana eusina, pupujian dipasing-pasing jadi sababaraha bagian. Ieu di handap nu mangrupa conto anu eusina du’a jeung tobat ka Alloh nyaéta ....
Pék baca téks ieu di handap pikeun ngajawab patalékan!
Ĕling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Dumasat kana eusi téksna, wacana di luhur téh kaasup....
muja jeung du’a ka Alloh
pangajaran agama
papatah atawa pépéling
sholawat ka Kangjeng Nabi
Pupujian téh sumebarna di lingkungan kaagamaan, kayaning sakola agama, di masjid samemeh solat, jrrd, anu eusina ngajak milampah kahadéan luyu jeung syariat agama Islam. Nilik kana eusina éta pupujian téh méré pituduh ka urang sangkan ...
suhud dina ibadah ka Alloh
sakur jalma unggal beurang kudu ibadah
ngudag hal-hal anu sipatna duniawi
mun éling téh keur paéh wungkul
Saperti asal kecapna, pupujian téh wangunna syair, tara maké guguritan (dangding) atawa sisindiran anu ditulis dina wangun puisi. Ampir sarua jeung wangun sajak. Nu ngabedakeun pupujian jeung wangun sajak bébas téh nyaéta ....
Pupujian mah sajak tungtungna bébas.
Pupujian mah mibanda sajak tungtung a-b-a-b.
Pupujian mah mibanda sajak tungtung a-a-a-a.
Pupujian mah teu miboga sajak tungtung.
Pék baca sempalan pupujian ieu di handap pikeun ngajawab patalékan!
Aduh Gusti abdi sanes ahli surga
Namung henteu kiat nandangan naraka
Mugi Gusti kersa maparinan tobat
Ngahapunten kana dosa anu lepat
Pupujian di luhur diwangun ku….
1 padalisan
4 pada
10 engang unggal padalisanna
Guru lagu a-a-b-b
