wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Bahasa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 24mins

Name
Class
Date
1.

Tarjamahan nyaéta ...

a)

Hiji kagiatan mindahkeun basa kana basa anu séjén

b)

Hiji karya anu anonius dina wangun basa lancaran

c)

Hiji karya dina wangun tulis

d)

Hiji karya faktual ngeunaan sababarah hal

2.

Saupama urang dék narjamahkeun, aya sababaraha kamampuh anu kudu dipiboga nyaéta...

a)

Interlinéar, Saduran, Gramatikal

b)

Gramatikal, Formal, Dinamis

c)

Gramatikal, Semantik, Dinamis

d)

Gramatikal, Sosiolinguistik, Semantik

3.

Anu disebut kamampuh gramatikal nyaéta...

a)

Kamampuh pikeun narjamahkeun basa anu hésé

b)

Kamampuh pikeun ngolah kalimat sacara luyu jeung bener

c)

Kamampuh dina maham basa dina kahirupan sapopoé di masarakat

d)

Kamampuh ngaguar harti jeung ma'na téks anu rék ditarjamahkeun

4.

Kamampuh Sosiolinguistik mangrupa kamampuh maham basa dina kahirupan sapopoé. Harti tina kecap Sosiolinguistik mangrupa gabungan kecap tina... jeung miboga harti...

a)

Sosialisasi: Musyawarah, Linguistik: Élmu ngeunaan basa

b)

Sosio: Masarakat, Linguistik: Élmu ngeunaan komunikasi

c)

Sosio: Masarakat, Linguistik: Élmu ngeunaan basa

d)

Sosio: Musyawarah, Linguistik: Élmu ngeunaan komunikasi

5.

Buruk-buruk papan jati miboga harti hadé goréng ogé dulur sorangan. Hal ieu bukti yén tarjamahan téh ngagunakeun kamampuh... pikeun maham jeung ngaguar ma'na téks anu dihartikeun

a)

Gramatikal

b)

Semantik

c)

Sosiolinguistik

d)

Interlinéar

6.

Tarjamahan miboga sababaraha jinis, nyaéta...

a)

Interlinéar, Formal, Budaya, Dinamis, Antarbasa, Otomatis

b)

Interlinéar, Formal, Budaya, Saduran, Antarbasa, Otomatis

c)

Interlinéar, Antarbasa, Budaya, Saduran, Dinamis, Otomatis

d)

Interlinéar, Formal, Dinamis, Budaya, Saduran, Otomatis

7.

Gambar didieu mangrupa conto cara narjamahakeun ngaliawatan tarjamahan...

a)

Tarjamahan Faktual

b)

Tarjamahan Interlinéar

c)

Tarjamahan Dinamis

d)

Tarjamahan Formal

8.

Perhatikeun gambar didieu !

Kasohor dina basa Inggris nyaéta...

a)

Familiar

b)

Family

c)

Famous

d)

Fan

9.

Sinonim tina kecap ngaran nyaéta...

a)

Sadayana jawaban bener

b)

Wasta

c)

Nami

d)

Jenengan

10.

“Heueuh-heueuh bueuk: Iya-iya burung Hantu

Tarjamahan di luhur mangrupa tarjamahan...

a)

Interlinéar

b)

Dinamis

c)

Formal

d)

Tarjamahan Parafraseu

11.

Carita heubeul anu ngabogaan unsur fiksi sacara anonius dina wangun basa lancaran disebut...

a)

Dongéng

b)

Carpon

c)

Novél

d)

Roman

12.

Nu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta...

a)

Sumebarna sacara lisan

b)

Teu ngandung ajén atikan

c)

Eusina kasaluruhan ngandung unsur pamohalan

d)

Ukuranana ilaharna pondok

13.

Didieu anu teu kaasup kana struktur carita nyaéta...

a)

Tema

b)

Amanat

c)

Galur

d)

Judul

14.

Dongéng téh nyaéta anonius, hartina ...

a)

Sumebarna sacara lisan

b)

Sumebarna sacara tinulis

c)

Teu kanyahoan saha anu ngarangna

d)

Teu asup akal

15.

Dongéng anu caritana nyaritakeun kahirupan manusa biasa nyaéta

a)

Mité

b)

Parabél

c)

Babad

d)

Sasakala

16.

Pék hidep baca sempalan ieu di handap !

Kuya gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya téh hing baé ceurik bari nempo imahna anu béak ka beuleum. Teu lila, keur kitu ujug-ujug jol baé sakadang monyét kolot anu geus loba huisan. Éta monyét téh ngomong ka kuya. “Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui baé imah mah!”

Dongéng di luhur mangrupa jinis dongéng ...

a)

Fabél

b)

Sasakala

c)

Babad

d)

Parabél

17.

Téma dina dongéng "Munding jeung Oray Totog" nyaéta...

a)

Budak anu ngalawan omongan kolot

b)

Budak anu robah jadi sasatoan

c)

Sasatoan anu bisa ngomong

d)

Budak anu haram kulantaran teu boga bapa

18.

Pék hidep tingali sempalan dongéng ieu !

Putri Kadita indit bari ceurik. Teu nyaho kudu ka mana pilampaheunana. Ampir tujuh poé tujuh peuting lalampahan manéhna nepi di Laut Kidul. Tuluy manéhna ngajleng ka jero laut. Éta cai laut nyageurkeun panyakit Kadita nepi ka antukna mah Kadita jadi pangawasa laut kidul tur meunang jujuluk Nyi Roro Kidul.

Dongéng di luhur kaasup kana dongéng...

a)

Fabél

b)

Mité

c)

Sasakala

d)

Babad

19.

Anu kaasup dongéng sasakala nyaéta...

a)

Munding jeung Oray Totog

b)

Sakadang Kuya jeung Monyét

c)

Prabu Kian Santang

d)

Nyi Roro Kidul

20.

Pék hidep baca sempalan ieu di handap !

Kuya gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya téh hing baé ceurik bari nempo imahna anu béak ka beuleum. Teu lila, keur kitu ujug-ujug jol baé sakadang monyét kolot anu geus loba huisan. Éta monyét téh ngomong ka kuya. “Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui baé imah mah!”

Antonim tina kecap gancang nyaéta

a)

Lila

b)

Geuwat

c)

Buru

d)

Geura