NEW
Font size
Worksheetsdongeng sunda
Total questions: 5
Worksheet time: 3mins
1. Di lamping gunung Mégamendung, teu tebih ti jalan anu ti bogor ka Sindanglaya, aya Situ Hiang, katelahna Talagawarna. Sering pisan bangsa Éropa mah ngahaja sarumping ka dinya, ngaradon sukan-sukan bari ningali kaanéhanana.
Unsur intrisik anu kagambar tina sempalan dongéng di luhur, nyaéta…
Palaku
Téma
Galur
Latar
Amanat
Pieunteungeun jeung picontoeun méh aya dina unggal dongéng. Komo dina dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyét mah. Anu goréng niat, jail, jeung kaniaya diwakilan ku monyét. Sedeng ari nu bageur jeung asak jeujeuhan diwakilan ku kuya.
Sempalan dongéng anu ngawakilan kana gambaran watek kuya nyaéta…
Dina hiji poé sakadang kuya keur néangan kadaharan, tuluy manéhna manggih tangkal cau. Ku sabab teu bisa naék, manéhna ménta tuluy ka sakadang monyét.
Sakadang monyet mesem nénjo kalakukan sakadang kuya. Dina jero haténa mah nyeungseurikeun, bari ngagerentes” dasar kokolot begog"
“Ah uing mah rék nurutan paranti wé, anu biasa dilakukeun ku pa tani rék melak téh anak cauna, moal buahna.” Ceuk Sakadang Kuya sabab dipoyok ku sakdang monyét anu rék melak jantungna.
Sapuk baé sakadang kuya jeung sakadang monyét rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi. Ari binihna rék ngala ti kebon patani, sabab nu bogana keur euweuh.
Sabab teu dibéré cau, sakadang kuya pohara nyeurieunana, ngunek-ngunek hayang males.
1. Titénan ciri-ciri karya sastra di handap!
(1) Mangrupa carita prosa
(2) Mangrupa carita puisi
(3) Ngandung pamohalan
(4) Eusina réalistis
(5) Wangun caritana pondok
(6) Miboga amanat
Anu kaasup ciri dongéng nyaéta…
A. (1)-(2)-(3)
B. (1)-(3)- (6)
C. (2)- (4)- (6)
D. (2)-(3)-(6)
E. (2)- (5)- (6)
1. Kacaritakeun di antara bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, ngaranna Si Candrika. Tapi, dina hiji mangsa Si Candrika téh béda ti sasari. Anu biasana lincah lulumpatan jadi cicingeun. Kabéh bangsa gagak ngarasa héran kana kaayaan Si Candrika, tapi hiji ogé taya nu nyahoeun alesanana.
Unsur dongéng anu nyampak dumasar kana sempalan dongéng di luhur, nyaéta…
A. Tema
B. Palaku
C. Latar
D. Galur
E. Amanat
1. Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila jol aya pangawalna ngabéjaan aya tamu. Kacida reuwasna Dalem Boncél téh. Gancang baé muru ka padaleman, nepungan tamuna. Ari bréh, nyampak aki-aki jeung nini-nini. Kaciri ti lemburna téh. Papakéan kacida basajanna. Awak geus kacida kucelna, sigana lantaran hirup sangsara. Mamawa buntelan butut, teuing naon eusina.
Palaku utama dina éta sempalan dongéng di luhur, nyaéta…
A. Bupati
B. Aki-aki
C. Nini-nini
D. Dalem Boncél
E. Pangawalna
